Bewarajabar.com — Buah asak, rasana amis haseum tur seungit. Didahar tengah poe, atawa mun bulan puasa didahar sanggeus buka, matak seger kana awak. Boh didahar langsung daging buahna, boh di-“juice” heula dicampur es batu. Ari buah ngora, rasana haseum-gahar. Biasana didahar sanggeus dirujak bebek atawa dirujak petis.
Buah, asli tutuwuhan Indonesia. Jenisna aya tilu; Mangifera indica (dermayu, aromanis, cengkir, golek, jsb), Mangifera odorata (kaweni, pauh, jsb) jeung Mangifera foetida (limus, jsb).
Dumasar panalungtikan, buah loba ngandung gizi. Diantarana, 100 gram buah golek ngandung: kalori 63 kal, protein 0,5 gram, lemak 0,2 gram, hidrat karbon 16,7 gram, kalsium 0,14 gram, fosfor 0,1 gram, besi 0,007 gram, vitamin A 3715 IU, vitamin B 0,0008 gram, vitamin C 0,3 gram.
Ngadahar buah alus pisan pikeun ngajaga kasehatan. Nu nyeri panon, panon beureum, lamur atawa bareuh, kudu sering ngadahar buah golek. Nu keuna kasakit darah tinggi, alusna sering ngadahar buah aromanis. Nu kurang darah (hemoblin), usahakeun sering ngadahar buah dermayu. Sedeng nu hayang awakna langsing, sing sering wae ngadahar buah limus.
Buah tumuwuh di dataran rendah nepi ka tanah nu jangkungna 500 meter tina beungeut laut. Leuwih alus dipelak di daerah nu curah hujanna jarang. Mun dipelak di daerah nu loba hujan, rasa buahna haseum pisan.
Melak buah bisa sikina, ku cara okulasi atawa cangkokan. Umur 5 taun buah geus bisa dipanen. Panen munggaran biasana ngahasilkeun buah kurang-leuwih 200 siki satangkalna. Sanggeus umur 25 taun bisa ngahasilkeun buah nepi ka 1.000 siki sakali panen.