Bandung, bewarajabar.com — PGRI Kota Bandung nandeskeun tetep daria tur fokus dina saratus poe masa baktina dina nyusun kalengkepan organisasi sakumaha amanat AD/ART organisasi sarta nyusun program kerja. Agenda kalengkepan organisasi saterusna nyaeta ngistrenan APKS (Asosasi Profesi & Keahlian Sejenis).
”Aya kurang leuwih 35.000 Guru di Kota Bandung, ti mimiti tingkat PAUD, TK, SD, SMP jeung SMA. Tapi nu jadi anggota, ngan sabaraha persenna. Tangtuna kuring miharep ka para Guru pikeun sagancangna jadi Anggota PGRI Kota Bandung. Sabab PGRI nyaeta ‘Rumah Para Guru’,” ceuk Ketua PGRI Kota Bandung Cucu Saputra disajeroning Rapat Kerja PGRI Kota Bandung Periode 2020–2025 sarta ngistrenan POKJA jeung Penyusunan Program, di Sari Ater Kamboti Hotel & Convention, Jalan Lemah Neundeut, Bandung, Salasa, (8/12/2020) nu kaliwat.
Cucu mastikeun, para pangurus kalayan tandes siap ngalaksanakeun program-programna. Disagedengeun kitu. Disagedengeun kitu, Cucu ngahaturkeun nuhun tur apresiasi ka sakumna pangurus harian, bidang, pokja, pangurus cabang, pangurus ranting sarta sakumna anggota PGRI sa Kota Bandung nu geus mere atensi, dedikasi, loyalitas, sarta rojongan ka PGRI Kota Bandung.
”PGRI Kota Bandung salawasna narekahan ngawangun hubungan nu ngamerdekakeun, kolektif, equal tur egaliter,” ceuk Cucu, sabari nambahkeun yen para peserta nu hadir ngawengku guru SD, SMP sarta perwakilan ti SMA jeung SMK.
Cucu nu ngajabat oge Sekretaris Dinas Pendidikan Kota Bandung ngajentrekeun, program kerja PGRI Kota Bandung sumberna tina visi, misi, sarta program nu geus disosialisasikeun samemeh konfrensi kota.
”Program kerja salaku amanat konfrensi kota sarta aspirasi nu dijaring ngaliwatan Google Form. Eta hal dilaksanakeun sangkan program kerja nu dijieun sifatna komprehensif, simultan, terstruktur, teratur, terukur, mertahankeun ritme sarta ngamangpaatken momentum kalayan tepat,” tandes Cucu.
Disagedengeun kitu, ceuk Cucu, Bidang jeung Pokja sarta pangurus cabang jeung ranting dihensokkeun pikeun ngainterpretasikeun, ngainternalisasikeun, sarta ngaaplikasikeun visi, misi, tur Sapta Mahayuning Guru dina program nu direncanakeun boh pikeun program rutin, jangka pendek, jangka menengah jeung jangka panjang. Nu dina proses nyusunna bisa koordinasi/konsultasi jeung badan otonom.
”Tumali jeung rekruitmen kaanggotaan ieu sifatna urgen dipiharep sagancangna disiapkeun aplikasi rekruitmen anggota jeung nyieun web pikeun media komunikasi. Leungitkeun mental block ku visualisasi tur afirmasi. Penting oge ngajadikeun visi, misi, tur Program Sapta Mahayuning Guru jadi milik PGRI sa Kota Bandung,” tandes Cucu.