Sabtu, Oktober 31, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Hanapi Guru Tari Jaipong di Karawang

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
28 Oktober 2020
in Warta Sunda
0
Hanapi Guru Tari Jaipong di Karawang
Share on FacebookShare on Twitter

Karawang, bewarajabar.com — Hanapi warga Kampung Gokgik Desa Lemahmulya Kecamatan Majalaya Kabupaten Karawang geus 36 taun tumetep tur jadi guru tari jaipong di ieu ‘kampung seniman”. Jarang nu nyaho yen inyana lain asli urang dieu. Loba nu nyangka  inyana urang Sunda, padahal urang Jawa nu micinta tur neuleuman seni Sunda, hususna seni jaipong jeung topeng banjet.

Seler Jawa nu ahli seni ketoprak teh nincak sawawa milu jeung mamangna di asrama Brimob Jakarta. Di Jakarta inyana lalajo pintonan ketuk tilu nu kadieunakeun robah jadi seni kiliningan jaipong ti Karawang. Kataji hayang neuleuman ieu seni, taun 1976 Hanapi miang ka Bandung diajar rupa-rupa tari Sunda.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Taun 1981,  mulang ti Bandung Hanapi ngagabung ka Sanggar Tari Jaipong Dewi Rengganis di Jakarta, jadi guru tari. Taun 1982 pindah ka Bekasi, jadi guru tari di Sanggar Tari  Jaipong Tumaritis.

 Taun 1984 pindah ka Karawang  jadi guru tari di Perguruan Seni Sunda Puspita Ligar pingpinan Ma Ileung (guru sinden) jeung Bah Ending (guru nayaga) nepi ka aranjeunna tilar dunya taun 1995.

Para seniman jaipong nu kawentar, diantarana, H. Suwanda (juru kendang) jeung Hj. Ijah Hadijah (juru sinden) nu dipake mangtaun-taun ku Jugala Grup Bandung, diajar di Puspita Ligar. Para seniman topeng oge, diantarana, Ali Saban, Askin jeung Bi Ijem, diajar di Puspita Ligar.

Awalna Puspita Ligar (nu ngadeg memeh taun 1976)  ngan ngajarkeun nyinden, nopeng  (maen topeng) jeung nabeuh gamelan. Saprak Hanapi pindah ka Karawang, ditambahan ku ngajarkeun tari jaipong.

Taun 1985 Hanapi ngajodo jeung sinden Karawang, Wastirah, warga Kampung Gokgik Desa Lemahmulya (harita kaasup ka Kec. Klari), boga anak dua, Lia jeung Yanti. Kersaning Nu Maha Kawasa, Wastirah tilar dunya mangsa si bungsu, Yanti, leutik keneh. Ayeuna si bungsu geus rumah tangga.

Salila jadi guru tari,  Hanapi kungsi jadi juara tari jaipong katagori pelatih, ngawakilan sanggar tarina, diantarana: taun 1982 di Taman Impian Jaya Ancol Jakarta, ngawakilan Sanggar Tari Dewi Rengganis, taun 1984 di Taman Mini Indonesia Indah Jakarta ngawakilan Sanggar Tari Tumaritis, taun 1987 di Komplek DPRD Karawang, ngawakilan Perguruan Seni Sunda Puspita Ligar.

Saprak Puspita Ligar bubar Hanapi ngadegkeun Sanggar Tari Tumaritis Karawang. Mangsa beurang inyana jadi guru tari.  Hanapi oge  milu nopeng di grup Topeng Banjet Daya Asmara pingpinan Ali Saban, jadi “panjak” (pamaen topeng). Ali Saban Tilar dunya, ngadeg Daya Sari pingpinan Askin (mantan panjak Daya Asmara) jeung Dewi Asmara pingpinan Bi Ijem (adi Ali Saban). Mangsa peuting Hanapi milu maen di ieu dua grup.

Kiwari Hanapi tara  nopeng. Para tokoh topeng nu kungsi diiluanana geus taya di kieuna. Sanggar tarina “bangkrut” saprak istrina, Wastirah tilar dunya. Katambah, kursus-kursus tari jaipong modern ngaradeg, ngelehkeun tempat “kursusna”.

Tapi, Hanapi tetep sumanget merjuangkeun seni  jaipong tur ngeureuyeuh ngalatih tari jaipong, seni budaya Karawang nu kiwari, ceuk buku, ceuk majalah, ceuk koran, ceuk internet milik Bandung.

Hanapi ngalatih tari jaipong di imahna nu kacida waluratna di Kampung Gokgik Desa Lemahmulya, di imah nu lantena taneuh, nu oge tempat nganjrekna. Nu diajarna, mun bareto mah lolobana calon sinden (penari jaipong), ayeuna mah lolobana barudak sakola. Ramena teh, waktu can aya virus corona, mangsa tereh acara kenaikan kelas jeung perpisahan kelas ahir.

Harepanana, boga tempat latihan jaipong nu layak, mun bisa mah nu modern cara batur. Ari elmu jaiponganana mah geus nyampak, inyana bisa ngareka tari jaipong asli nu mimiti medal di Karawang “dimodernkeun.”

Tags: artikel basa sundaBasa Sundabudaya sundaguru jaiponghanapirebo nyundasunta atmajaWarta Sunda
SendShare200Tweet125
Previous Post

Wagub Jabar Lepas Penyaluran Bansos Jabar Tahap Tiga di KBB

Next Post

Rumah Pohon jeung Semok di Cikahuripan, Tegalwaru, Karawang

RelatedPosts

Ummi Oded Dorong Perda OPSM Jawa Barat Segera Disahkan, 80 Ormas Deklarasikan Dukungan
Regional

Ummi Oded Dorong Perda OPSM Jawa Barat Segera Disahkan, 80 Ormas Deklarasikan Dukungan

28 Juni 2026
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Next Post
Rumah Pohon jeung Semok di Cikahuripan, Tegalwaru, Karawang

Rumah Pohon jeung Semok di Cikahuripan, Tegalwaru, Karawang

Topeng Banjet “Mekar Munggaran” Turunan Topeng “Baskom”

Topeng Banjet “Mekar Munggaran” Turunan Topeng “Baskom”

Seni Calung “Dadaksakala” Ngamumule Basa Sunda

Seni Calung “Dadaksakala” Ngamumule Basa Sunda

Leave Comment

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026
Prev Next
BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya
Regional

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

by Admin 001
30 Oktober 2026
0

BAZNAS Jabar dan BAZNAS Tasikmalaya resmikan fasilitas air bersih di Karangnunggal melalui program sedekah dan pipanisasi bagi warga desa.

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026
PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026
e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.