Jumat, Oktober 30, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Kutapohaci Bagian ti Kutatandingan Karawang

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
11 Januari 2021
in Warta Sunda
0
Kutapohaci Bagian ti Kutatandingan Karawang

Situ Kalimati di Kampung Waringin Desa Kutapohaci. (Poto: Sunta Atmaja)

Share on FacebookShare on Twitter

Karawang, Bewarajabar.com — Bihari  Karawang kaasup Karajaan Sumedanglarang. Sedengkeun Sumedanglarang bagian ti Karajaan Mataram. Taun 1624 Sultan Agung, Raja Mataram, ngutus Aria Wirasaba dibarengan ku 1000 prajurit pikeun ngabebaskeun Karawang ti Karajaan Banten sarta nyiapkeun  logistic ku cara ngabangun gudang-gudang beas.

Diutus ku Sultan Agung pikeun mereskeun sagala urusan di Karawang, Aria Wirasaba  dibantuan ku pasukanna ngadegkeun 3 desa di Karawang, nyaeta, Desa Parakansapi, Desa Adiarsa jeung Desa Waringinpitu.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Desa Parakansapi nyaeta  hiji desa nu kiwari pernahna di tapel-wates Karawang jeung Purwakarta  nu harita mah kaereh ka Kecamatan Pangkalan Karawang, tuluy robah jadi kaereh ka Kabupaten Purwakarta sarta kakerem cai nalika dibangun Bendungan Ir. H. Juanda Jatiluhur.

Desa Adiarsa nyaeta wewengkon nu kiwari jadi Kecamatan Karawang Barat. Ngaran Adiarsa kiwari dipake ngaran Kelurahan Adiarsa Barat jeung Kelurahan Adiarsa Timur. Puseur Desa Adiarsa bihari nyaeta nu kiwari sabudeureun Alun-alun Kelurahan Karawang Kulon sarta jadi peuseur kota nalika Karawang awal ngadeg.

Desa Waringinpitu, nyaeta desa nu kiwari jadi Desa Telukjambe sarta robah jadi Kecamatan Telukjambe tur mekar jadi 3 kecamatan, nyaeta: Kecamatan Telukjambe Barat, Kecamatan Telukjambe Timur jeung Kecamatan Ciampel.

Puseur Desa Waringinpitu nyaeta nu kiwari Jadi Desa Kutapohaci Kecamatan Ciampel. Cirina, diantarana, di Desa Kutapohaci aya ngaran kampung nu mirip ngaran Waringinpitu nyaeta Kampung Waringin nu sarua jeung ngaran Kutapohaci nalika awal ngadeg lembur tina bagian leuweung Kutatandingan.   

Kutapohaci  mangsa mimiti ngadeg mangrupa hiji dusun sisi leuweung. Harita ngaranna Dusun Waringin, dipingpin ku Kepala Dusun nu katelah Ki Mantri Asan. nu  jeneng salila 20 taun (1898-1918).

Mangsa pamarentahan Kepala Dusun nu kadua, Saman, nu jeneng salila 5 taun (1918-1923), Dusun Waringin robah jadi Dusun Parakanterus, nu saterusna robah tina dusun jadi desa, nyaeta Desa Parakanterus.

Nurutkeun para tokoh di eta desa, ngaran  Parakanterus henteu ngandung harti, henteu ngagambarkeun kaayaan eta desa. Kukituna sanggeus para tokoh baradami, ngaran Parakanterus dirobah jadi Kutapohaci.

Kutapohaci gabungan tina kecap “kuta” nu hartina benteng jeung “pohaci” nu  hartina dewi pare. Kutapohaci ngagambarkeun wewengkon pasawahan nu subur nu baheulana bagian ti Kutatandingan tur jadi benteng pertahanan pasukan Mataram dina perang ngalawan  musuh.

Kusabab wilayahna lega teuing, taun 1979 Desa Kutapohaci dimekarkeun jadi dua desa, Desa Kutapohaci jeung Desa Kutamekar. Taun 1982, dimekarkeun deui jadi tilu  desa, Desa Kutapohaci, Desa Kutamekar jeung Desa Kutanegara.

Desa Kutapohaci tanahna napel wates jeung saluran irigasi Kalimalang (Tarum Barat). Jadi, tanah sawah di ieu desa pangnampeuna ka saluran irigasi. Cai nu dikamalirkeun ngaliwatan bendungan sekunder jeung tertier lumangsung kalawan lancar.

Lian ti eta, Desa Kutapohaci dikurilingan ku Citarum induk. Beulah wetan jeung beulah kaler desa, walungan Citarum nyadiakeun cai nu teu eureun-eureun ngocor tur bisa dipake nyaian sawah ku cara disedot make kompa cai. Ku kituna patani nu nyawah di ieu desa bisa nyawah dua kali atawa tilu kali dina sataun, bisa oge nyawah terus-terusan sapanjang taun.

Wilayah Desa Kutapohaci legana 423,598 ha, ngawengku tanah darat 123,615 ha, tanah sawah 299,983 ha. Tapel watesna, beulah kaler napel wates jeung tanah Pengairan (peutaseunna Desa Kiarapayung jeung Desa Walahar Kec. Klari), beulah wetan napel wates jeung Citarum (peuntaseunna Desa Cimahi jeung Sumurkondang Kec. Klari), beulah kidul napel wates jeung Desa Mulyasari jeung Desa Kutanegara, beulah kulon napel wates jeung Desa Kutamekar.

Desa Kutapohaci ngawengku dua dusun, 8 RW, nyaeta : RW 01 Kampung Parakanterus, RW 02 Kampung Parakanterus, RW 03 Kampung Kedungwaru, RW 04 Kampung Kebonkalapa, RW 05 Kampung Krajan, RW 06 Kampung Karees, RW 07 Kampung Cikonju, RW 08 Kampung Waringin.

Kampung Waringin salah sahiji kampung di  Desa Kutapohaci nu sarua jeung ngaran Desa Kutapohaci nalika awal ngadeg. Ieu kampung mangrupa tapel-wates Desa Kutapohaci  jeung Desa Walahar Kecamatan Klari. Tapel-watesna kiwari nyaeta lebah tangkal randu gede nu gedena leuwih gede tibatan beuteung munding. Bihari, memeh bendungan Walahar dibangun taun 1918 sarta mimiti dipake taun 1925,  ieu tapel-wates mangrupa walungan Citarum.

Sanggeus dibangun bendungan Walahar kalereun Citarum, tempat nu ayeuna urut Citarum disaeur jadi tanah darat, sabagian mangrupa jalan,  nyaeta lebah tangkal randu gede tea. Beulah wetanna, digali diala keusikna robah jadi situ nu kiwari sok aya nu nyebut “Situ Walahar” pedah deukeut bendungan Walahar, aya oge nu nyebut “Situ Kalimati” pedah tadina urut walungan nu geus “mati” (teu dipake).

“Situ Kalimati” sabagian kaereh ka Kampung Waringin Desa Kutapohaci, sabagian kaereh ka Kampung Walahar Desa Walahar. “Situ Kalimati”, lian ti dipake miara lauk dina jaring apung ku warga sabudeureunna, oge mangrupa salah sahiji “destinasi” (tujuan) objek wisata di Karawang.

Desa Kutapohaci salah sahiji desa di Kecamatan Ciampel Kabupaten Karawang nu pernahna teu jauh ti Kawasan Industri Suryacipta, Kawasan Industri Mitra Karawang (KIM), jeung puseur kota industri sejenna nu baheulana mangrupa tutugan leuweung Kutatandingan.

Tags: #basasundaartikel basa sundabahasasundaBasa Sundaberita basa sundabudayasundacarita basa sundakatasundaMancanagarangabewarakeunngamumulenyundaorangsundapapatahsundaparibasa sundaparibasasundapelajaran basa sundaquotessundasajaksajak basa sundaSate EntogsenisundaSundasundabagjasundabuhunsundanesesunta atmajaurangsundaWarta Sundawarta sunda online
SendShare198Tweet124
Previous Post

Jaga Lembur Hadir Membantu Pemerintah Tangani Pandemi Covid-19

Next Post

Karawang Puseur Budaya jeung Wisata

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Next Post
Karawang Puseur Budaya jeung Wisata

Karawang Puseur Budaya jeung Wisata

Di Rengasdengklok Karawang Bandera Merah Putih Ngelebet 16 Agustus 1945

Di Rengasdengklok Karawang Bandera Merah Putih Ngelebet 16 Agustus 1945

Basisir Cibendo di Tatar Kaler Karawang

Basisir Cibendo di Tatar Kaler Karawang

Leave Comment

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026

BRI RO Bandung Targetkan 500 Lelang, Capaian Hampir Rp200 Miliar

7 Oktober 2026

Hari Kopi Sedunia, TOP Coffee Bagikan 10.000 Gelas Kopi Gratis di 4 Kota

6 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Dampingi Petani Cianjur, Alpukat yang Ditanam Lima Tahun Mulai Dipanen

6 Oktober 2026

Lendeng N D’Gank Tanam 250 Pohon di Kamojang, Bidik 3.000 Pohon di Jabar

5 Oktober 2026
Prev Next
No Content Available
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.