Karawang, Bewarajabar.com — Talaga Cihanjuang di Tutugan Kutatandingan Kampung Sumurbatu Desa Kutanegara Kecamatan Ciampel, Karawang, bihari tempat panampungan cai, cadangan cai pikeun sawah di lebakeunna. Kiwari eta talaga fungsina robah balukar kaayaan leuweung Kutatandingan nu robah, tatangkalan di ieu leuweung lahan Perhutani teh sabagian gede “dirambah”, ditaluaran ku warga.
Ayeuna, tapel wates antara leuweung Kutatandingan jeung pilemburan dipimilik ku PT. Pindo Deli Pulp and Paper Mill, dipelakan tatangkalan bahan keretas.Tangkal jeungjing jeung ekaliptus geus jarangkung, tangkal akasia mangium keur dibinihkeun, sabagian dikeureuyeuh dipelakkeun.
Pabinihan akasia mangium pernahna di sisi Talaga Cihanjuang lebakeun Pos Keamanan Perkebunan, di antara tangkal-tangkal jeungjing nu geus jarangkung. Peuntaseun talaga, tangkal ekaliptus oge geus jarangkung, rajeg mapaes endahna talaga.
Kebon kayu nu legana 350 hekare teh mangrupa hutan lindung tur jadi paru-paru kota nu pernahna teu jauh ti Kawasan Industri Surycipta, Kawasan Industri Mitra Karawang, jeung kawasan industri sejenna.