Nu Patojaiyah

0
131 views

Dua taun ka tukang, kuring wawuh hiji awéwé tengah tuwuh. Manéhna boga kasakit nu méhméhan nelasan pati. Sabeulah awakna lumpuh. Teu wawuh kana sabeulahna deui. Ku kituna inyana geus pamohalan baranggawé sabihara sabihari. Nunggeulis sapopoéna téh, tuna-waca, haré-haré ka sabudeureunana, sakabéh hirupna geus dipasrahkeun ka Mantenna. Inyana percaya ka Mantenna. Ceuk inyana mah pamohalan bisa cageur, ngan kukituna keur saréréa matak jadi catur. Pikeun sakabéhna téh keur inyana mah jadi ageman yén Gusti nu mahakawasa, Pangéran murbéhing alam mikacinta inyana kitu ayana.

Dina hiji poé aya nu nalingakeun inyana. Lalaki ngora. (Manéhna nganyahokeun, ogé apal yén éta awéwé téh bakal tilar dunya, tapi teu jadi kahariwang ngeunaan ngumahakeun padungdengna éta pamikiran.) Manéhna ngarasa kabéngbat ku kaayaan éta awéwé. Inyana apaleun. Éta téh jadi hiji nu teu katata teu kaduga ti anggalna. Inyana kacida hayang balaka ngeunaan sagala rupa kasakitna: taya deui pamuntangan, jeung nu puguh mah hiji-hijina pikeun pakeun kahareupeun deuih. Naha inyana ngarasa bosen? Tangtu waé henteu. Euweuh nu cumarita. Inyana keur nyempod, siga gogog. Leuwih hade deui lamun seug sakalian. Inyana mending leuwih gancang telasan pati tibatan nyusahkeun batur.

Sorana geus dipadungdengkeun, miyuni diwawar-wawarkeun. Lalaki ngora mikaharti. Sok sanajan, ceuk pikirna mah nyusahkeun nu lian batan tilar dunya. Nu kabuktian ukur hiji: inyana yakin moal jadi beban pikeun nu saha baé. Jeung tangtu waé manéhna cumarita ka éta awéwé—lantaran manéhna kungsi ningali tasbéh: “anjeun boga kénéh Pangéran.” Enyaan. Ngan, éta awéwé boga kénéh karerepet nu banget. Lamun seug inyana leuwih lila ngadunga, anteb nyérangkeun gurat na témbok, budakna heug cumarita: “Tuh, nuju ngadunga deui!” “Nanahaon urusan anjeun?” nu cacad bakal nimbalan. “Lain urusan kuring, ngan sok sanajan kitu geus aya na pipikiran kuring. Mangka inyana moal rék cumarita deui, reureuh heula anan, ngadelék ka budakna.

Lalaki ngora ku daria ngareungeukeun sagala rupa nu dicaritakeun ku inyana, kanyeri nu ahéng nu ngarandakah jeroning dadana. Tuluy éta awéwé: “bakal nyahoeun mun geus kolot. Bakal karasaeun ku urat genggerongna.”

Karasa pisan éta awéwé téh geus lubar kana sagalana kajaba Pangéran, geus teu naon naon ku naon naon, geus teu mikabutuh sarwa bubutuh, ku gampilna ngayakinkeun sagala hal taya deui nu lineuwih kajaba rasa mikanyaah, nu tungtungna naon baé nu karandapan dipulangkeun deui ka Pangéran murbéhing alam. Ngan lamun seug bisa megar siga oray mah, pangawasa Pangéran téh teu loyog jeung kahayang kumna manusa.

Maranéhna diuk nnyanghareupan méja. Lalaki ngora diondang masamoan. Inyana mah teu barangdahar, tapi ku héséna deuh nileman éta peuting téh. Inyana cicing béh juru, cindeluk tukangeun lalaki ngora nu keur ngareungeukeun omonganana. Jeung kulantaran inyana appal yén keur disérangkeun, inyana teu bisa pisan barangdahar. Sok sanajan kitu, dahar dina éta peuting lekasan ogé. Maranéhna tuluy ka bioskop. Aya pilem lucu di dinya dina minggu éta. Katanggar yén lalaki ngora gumbira, teu bari mikiran saha nu aya satukangeunana.

(hanca)

*) Ieu seratan téh dibasa-sundakeun ku Pun Acép tina éséi Irony nu aya dina buku Lirycal and Critical Essays yasana Albert Camus. Kulantaran éta éséi téh kawilang rada panjang, ieu seratan beunang narjamah tina éta éséi, kabagi jadi sababaraha bagéan: ku kituna, sababaraha édisi bakal nyambungkeun ieu seratan. Kapihatur, mugia janten élmu nu mangpaat pikeun urang saréréa sarta jadi jalan pikeun leuwih mikaharti hirup tur kahirupan nu keur dilakonan

Tinggalkan Balasan