Karawang, Bewarajabar.com — Supaya pangajaran basa Sunda lumangsung lancar tur gampang nerapna ka siswa, pembelajaran basa Sunda kudu dibantu ku media, minimal guru jeung siswa mibanda buku basa Sunda.
Ceuk Ketua PKBM (Pusat Kegiatan Belajar Masyarakat) Al-Fazrin, Ruhyat Kurniawan, nalika ditepungan di Sekretariat Al-Fazrin, di Dusun Karangmulya Desa Lemahmulya Kecamatan Majalaya, Karawang.
Salila ieu sakola rata-rata henteu boga buku paket basa Sunda pikeun bacaeun siswa. Balukarna siswa teu boga media pikeun latihan basa Sunda boh di sakola boh di imah. Media nu aya, model buku, koran, jeung majalah lolobana ku basa Indonesia. Acara TV lolobana ku basa Indonesia.
Ahirna, latihan basa Sunda teh ukur ladang ngobrol jeung babaturannna, nu basa Sundana lolobana kurang merenah. Komo barudak ngora di Karawang, lian ti basa dialekna kentel, oge intonasina beda jeung urang Priangan.
Ku kituna, alusna Pamarentah Daerah ngabantu sakola-sakola pikeun ngalancarkeun pembelajaran basa Sunda ku cara ngirim buku-buku basa Sunda sajumlah siswa ka sakola-sakola di sakuliah Jawa Barat.
Lian ti eta, kudu diusahakeun sangkan barudak resep tur reueus ka budaya sorangan kaasup budaya ngagunakeun basa. Ngawanohkeun seni Sunda bisa kaasup salah sahiji tarekah pikeun ngaronjatkeun kareueus barudak kana budaya Sunda. Ku kituna, PKBM Al-Fazrin mindeng ngalatih tur mintonkeun seni Sunda nu aya di Karawang, diantarana, mintonkeun seni jaipongan. Kitu ceuk Ruhyat Kurniawan.