Karawang, Bewarajabar.com — Citarum nu ngocor ti bendungan pikeun nyaian sawah-sawah di Karawang, Bekasi, Subang jeung sabudeureunna, ngaliwatan galian atawa walungan jieunan disebut saluran irigasi. Di Karawang, saluran irigasi utama ti bendungan Cibeker Curug Klari, nu ngocor ngulon ngaranna Tarum Barat, nu gocor ngetan ngaranna Tarum Timur. Tapi, lolobana jalma nyebutna walungan Kalimalang.
Hilireun bendungan Cibeker, di desa Walahar, Klari, Citarum dibendung deui di bendungan Parisdo (kiwari leuwih dipiwanoh bendungan Walahar). Beh kalerna, aya bendungan deui nu ngabagi cai ngetan jeung ngulon. Nu ngetan ngaranna Tarum Utara Timur, nu ngulon ngaranna Tarum Utara Barat.
Saluran irigasi gede, Tarum Barat, Tarum Timur, Tarum Utara Barat jeung Tarum Utara Timur ku sabagian gede urang Karawang disebut ragasi. Saluran irigasi sedeng model saluran irigasi sekunder jeung wahangan alami umumna disebut walungan. Saluran irigasi leutik model saluran irigasi tertier jeung wahangan leutik disebut susukan.
Ragasi, umumna dipake mandi jeung ngala cai. Ngala cai di ragasi maksudna ngakutan cai ku ember keur kaperluan kukumbah, masak, jsb, pikeun warga nu imahna deukeut ragasi. Istilah ngala cai sejenna, nyaeta ngocorkeun cai ti susukan ka sawah. Jaman beh dituan aya istilah “parebut cai”, nyaeta parebut ngocorkeun cai ti saluran tertier ka sawah ku cara nyieun bendungan sorangan. Kajadianna, kungsi aya nu parebut cai nepi ka silihkadek sagala.