Jumat, Oktober 30, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Karawang Puseur Budaya jeung Wisata

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
11 Januari 2021
in Warta Sunda
0
Karawang Puseur Budaya jeung Wisata

Obyek Wana Wisata Curug Cigeuntis di Gunung Sanggabuana.

Share on FacebookShare on Twitter

Karawang, Bewarajabar.com — Kabupaten Karawang salah sahiji kabupaten di Jawa Barat nu beunghar ku hasil bumi sarta beunghar ku budaya jeung wisata. Di sakuliah tatar Karawang sawah ngaplak ngahasilkeun  gabah nu ngaleuya. Di beulah kaler aya  laut nu ngahasilkeun lauk jeung sajabana katut basisir  nu mangrupa tempat wisata nu teu bisa dianggap enteng. Beulah kidul, Gunung Sanggabuana jeung anak-anak gunungna, lian ti mibanda hasil bumi jeung kabeungharan sajarah oge mibanda tempat wisata nu teu saeutik.

Panalungtikan sajarah dumasar kapanggihna arkeologis di sawatara tempat di Karawang mangrupa bukti yen ti abad kadua wewengkon Karawang geus aya nu nyicingan tur ngagem budaya nu leuwih maju. Komplek Percandian Batujaya mangrupa salah sahiji bukti yen sabudeureun abad kaopat Karawang geus jadi puseur budaya. Seni arsitektur, seni pahat, seni tulis, jeung “fashion” geus sumebar di Karawang.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Sawatara titinggal sajarah nuduhkeun yen di jaman baheula di Karawang geus aya sawatara palabuan nu didatangan ku para padagang Cina, Portugis jeung padagang sejenna di nusantara. Geus ti beh ditu keneh memeh Karawang kaasup bagian ti Mataram sarta dijadikeun puseur logistik waktu nyerang ka Batavia, warga Karawang geus mikawanoh cara tatanen. Hal ieu dibuktikeun ku ayana huut dina campuran bata nu aya di Komplek Percandian Batujaya. Di Karawang tatar kidul oge kapanggih wewengkon sawah purba nu nepi ka kiwari digarap ku masarakat.

Kabeungharan budaya Karawang oge katiten dina basa nu digunakeun sapopoe ku masarakat Karawang. Aya tilu basa nu dipake ku masarakat Karawang, nyaeta,  basa Sunda wewengkon Karawang, basa “Jawa” (basa Cirebon wewengkon Karawang) jeung basa Melayu Betawi wewengkon Karawang.

Basa  Sunda wewengkon Karawang nyaeta basa  nu umum dipake ku warga Karawang. Basa “Jawa” (basa Cirebon wewengkon Karawang) nyaeta  basa nu dipake ku warga Karawang tatar kaler-wetan,  utamana ku warga nu nganjrek di Kecamatan Cilamaya Wetan jeung sabudeureunna. Basa Melayu Betawi wewengkon Karawang nyaeta basa nu dipake ku warga Karawang tatar kaler-kulon, utamana ku warga nu nganjrek di Kecamatan Batujaya jeung sabudeureunna.

Ku kituna teu aneh lamun ayeuna Karawang mekar jadi puseur seni jeung budaya, leuit pare nasional sarta puseur industri panggedena di Indonesia. Karawang dina panggung sajarah nasional geus bukti yen cikal bakal sumanget kamerdekaan Negara Kesatuan Republik Indonesia disatujuan di Karawang. Ngibarkeun bandera Merah Putih nu mimiti tanggal 16 Agustus 1945 dilaksanakeun di Rengasdengklok Karawang, bumi pangkal perjuangan.

Tags: #basasundaartikel basa sundabahasasundaBasa Sundaberita basa sundabudayasundacarita basa sundakatasundaMancanagarangabewarakeunngamumulenyundaorangsundapapatahsundaparibasa sundaparibasasundapelajaran basa sundaquotessundasajaksajak basa sundaSate EntogsenisundaSundasundabagjasundabuhunsundanesesunta atmajaurangsundaWarta Sundawarta sunda online
SendShare197Tweet123
Previous Post

Kutapohaci Bagian ti Kutatandingan Karawang

Next Post

Di Rengasdengklok Karawang Bandera Merah Putih Ngelebet 16 Agustus 1945

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Next Post
Di Rengasdengklok Karawang Bandera Merah Putih Ngelebet 16 Agustus 1945

Di Rengasdengklok Karawang Bandera Merah Putih Ngelebet 16 Agustus 1945

Basisir Cibendo di Tatar Kaler Karawang

Basisir Cibendo di Tatar Kaler Karawang

Pameuntasan Situ Cipule

Pameuntasan Situ Cipule

Leave Comment

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026

BRI RO Bandung Targetkan 500 Lelang, Capaian Hampir Rp200 Miliar

7 Oktober 2026

Hari Kopi Sedunia, TOP Coffee Bagikan 10.000 Gelas Kopi Gratis di 4 Kota

6 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Dampingi Petani Cianjur, Alpukat yang Ditanam Lima Tahun Mulai Dipanen

6 Oktober 2026

Lendeng N D’Gank Tanam 250 Pohon di Kamojang, Bidik 3.000 Pohon di Jabar

5 Oktober 2026
Prev Next
No Content Available
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.