Karawang, Bewarajabar.com — Taun 1418 Syekh Quro ngadegkeun mushola sakaligus pasantren nu kiwari jadi Masjid Agung di Jalan Alun-alun Kelurahan Karawang Kulon Kecamatan Karawang Barat, nu kungsi jadi puseur Kabupaten Karawang nalika awal ngadeg.
Di ieu mushola Syekh Quro nyebarkeun agama Islam ka warga Karawang jeung sabudeureunna. Beja kagiatan Syekh Quro sumebar kamana-mana sarta nepi ka Prabu Angga Cegah nu kungsi nyaram Syekh Quro nyebarkeun Agama Islam di Palabuan Muarajati, Cirebon.
Sang Prabu ngirim utusan nu dipingpin ku putra mahkota nyaeta Raden Pamanah Rasa pikeun nutup Pasantren Syekh Quro. Tapi, waktu Raden Pamanah Rasa anjog ka pasantren, anjeunna kataji ku sora Nyi Subanglarang, salah saurang santri, nu maos Al-Quran. Ahirna Raden Pamanah Rasa teu tulus nutup pasantren, tuluy mulang deui ka Cirebon.
Raden Pamanah Rasa datang deui ka Pasantren Syekh Quro bari ngalamar Nyi Subanglarang. Lamaran ditarima kalawan sarat mas kawinnna mangrupa “Bentang Saketi” simbol tasbeh nu aya di Mekah.
Raden Pamanah Rasa nyanggupan. Jatuk rami dilaksanakeun di mushola nu satuluyna diwangun jadi Masjid Agung. Syekh Quro nu jadi panghuluna. Saterusna Raden Pamanah Rasa diistrenan jadi Raja Pajajaran kalayan gelar Prabu Siliwangi.
Tina jatuk ramina Prabu Siliwangi jeung Nyi Subanglarang lahir Raden Walang Sungsang, Nyi Rara Santang jeung Raden Beuki Santang. Mangsa rumaja, Raden Walang Sungsang jeung Nyi Rara Santang ninggalkeun karaton Pajajaran pikeun neuleuman agama Islam ti ajengan Syeh Dzatul Kahfi di Cirebon.
Raden Beuki Santang jadi mubalig sarta nyebarkeun agama Islam di wewengkon Garut. Raden Walang Sungsang jeung Nyi Rara Santang munggah haji ka tanah suci Mekah. Mulih ti Mekah Raden Walang Sungsang mingpin pamarentahan Nagri Caruban Cegah (Cirebon) kalayan gelar Pangeran Cakrabuana.

Nyi Rara Santang henteu ngiring mulih. Nalika di Mekah anjeunna nikah ka Sultan Mesir, Syarif Abdillah. Nyi Rara Santang ganti ngaran jadi Syarifah Muda’im. Aranjeunna mibanda dua putra, Syarif Hidayatullah jeung Syarif Nurullah.
Nalika Sultan Syarif Abdillah wafat, kalungguhan sultan turun ka putrana nyaeta Syarif Nurullah. Putra nu saurang deui, Syarif Hidayatullah sanggeus neuleuman elmu agama di Mekah jeung di Bagdad, anjeunna miang ka nagri Caruban atawa Cirebon niatna jadi mubalig.
Taun 1475 Syarif Hidayatullah jeung ibuna balayar ka Cirebon. Di Cirebon aranjeuuna dipapag ku Pangeran Cakrabuana atawa Cakraningkrat anu katelah Walangsungsang nyaeta uana Syarif Hidayatullah.
Saterusna Syarif Hidayatullah dipercaya ngaganti Pangeran Cakrabuana pikeun mingpin Cirebon kalawan gelar Susuhunan atawa Sunan. Diistrenanna Syarif Hidayatullah jadi pamingpin Cirebon meunang pangrojong ti Raden Fatah, pamingpin pasantren sarta Sunan Bintoro, putra Raja Majapahit Brawijaya V, anu jadi sultan di Karajaan Demak.
Dina raraga pangwangunan Masjid Agung Demak, Sunan Cirebon atawa Syarif Hidayatullah diondang pikeun netepkeun kawijaksanaan ngeunaan sumebarna agama Islam di Pulo Jawa. Sidang para sunan nu dipiwanoh “Wali Songo” netepkeun yen Syarif Hidayatullah dipilih jadi pupuhu “Wali Songo” kalayan gelar Sunan Gunung Jati.
Jadi, pupuhu “Wali Songo” nu kawentar Sunan Gunung Jati mangrupa turunan murid Syekh Quro. Anjeuna putra Nyi Rara Santang atawa putu Nyi Subanglarang murid Syekh Quro di mushola nu kiwari jadi Masjid Agung Karawang.
Masjid Agung Karawang “direnovasi” (dihadean) ku Bupati Karawang Adipati Singaperbangsa nu jeneng taun 1633 nepi ka 1677`. Deukeut masjid diwangun alun-alun kalawan dipelakan dua tangkal caringin kenca-katuhueunna. Oge diwangun pendopo kabupaten, kantor kaamanan jeung tempat tahanan. Wangunan masjid nu “direnovasi” dipapantes disalayukeun jeung wangunan kantor kabupaten nu anyar diwangun.
Karawang harita mangrupa bawahan Sultan Agung anu tekadna ngahijikeun karajaan-karajaan di Pulo Jawa jeung sabudeureunna. Karawang mangrupa benteng pertahanan ngalawan Kompeni di Batavia sarta mangrupa leuit oge puseur logistic. Ampir salila 44 taun Adipati Singaperbangsa ngamangpaatkeun masjid Agung minangka tempat ibadah sarta tempat mere sumanget masarakat dina mancen tugasna sewang-sewangan. (Sunta Atmaja)