Teu kaerong ti samemehna, ieu Tabloid Bewara Jabar bisa ngalalakon dibuana Sunda umurna geus nyorang dalapan taun.
Da enya atuh teu kaerong, alatan dina pajamanan kiwari, dina mangsa jatidiri urang Sunda gagaleongan katebak angin paneka katut urang Sunda nu meh sabagean gede geus leungiteun tatapakan titincakan nu sabenerna jadi urang Sunda, Sunda pituin. Pituin dina harti, boh dina prilaku, budaya jeung basa indung. Geus teu bisa dipungkir deui, yen urang kana ngarawat basana nu titen tulaten. Pan nyarita ku basa sunda oge jiga nu era atawa teu nyakola.
Nilik kana eta kabeh kanyataan, Alhamdulillah Tabloid Bewara Jabar tagen bisa medal nyorang dina umur 8 taun, nyorang nepungan sekeseler Sunda satatar Sunda alias Jawa Barat.
Bewara Jabar dibaca dimana-mana teu kolot teu budak. Bewara Jabar dipikabutuh ku Gubernur nepi ka tukang Bajigur ku dulur-dulur nu dilembur ku baraya nu di kota.
Tabloid Bewara Jabar barang gubrag ka alam Sunda dingaranan Koran Sunda Giwangkarya. Mimiti medal bulan Oktober 2011 nu diterbitkeun ku CV. AM JAYA kiwari geus jadi PT. DARMA DELIMA MEDIA. Jadi upama panginditanana dina taun 2011, nya kiwari teh umurna geus dalapan taun. Dina umur dalapan taun, upama di budak mah sumedeng loba momones tur pikalucueun.
Tapi dina umur sakitu teh, tangtu bae ulah leupas tina pangaping pangjaring tinu ngasuhna. Atuh dina hal ieu, umur Bewara Jabar nincak ka 8 taun tangtu bae merlukeun geten tulaten dina ngarawatna. Ulah nepi ka berewit loba panyakit angot nepi ka pondok umurna. Hal ieu tangtu bae kudu aya katulatenan para ais pangampih katut masarakat Sunda nu nyaah kana basa jeung budaya Sunda.
Upama nyukcruk galur ti mimiti, saha atuh nu boga pokal hayang nerbiteun kalawarta basa sunda, anu ceuk ijiran, kawilang beuratna di alam kiwari mah, angot ieu mangrupa mass media nu make basa Sunda tur udagana bisnis.
Nurutkeun cukcrukan asal muasalna mah, harita teh aya dua lalaki nu boga pangaresep kana dunya pers (kawartawanan). Eta anu duaan teh diantarana, Maman Suherman SG, jeung Adar Mahdar MAT.
Diantara nu duaan, Maman Suherman jeung Adar Mahdar MAT boga pangalaman usaha dina widang bisnis mass media. Alatanana, eta nu duaan teh milu icikibung jadi ais pangampih koran Sunda Giwangkara, arinyana ngetrukeun tanaga, pikiran, katut pangaweruhna. Arinyana hasil hasil nepi koran Giwangkara nyampiung ka awun-awun.
Oplahna 27.000 eksemplar. Estu luar biasa keur koran basa Sunda mah. Nu sakitu punjulna teh nya tangtu bae keur Giwangkara boga napas nu panjang bisa mayeng kaluarna jeung bisa nyumponan karaharjaan hirup para karyawanna.
Ku ayana paneka jaman anu rupa-rupa wangunan babakuna dina sektor ekonomi anu luput nu tumiba kana bisnis bidang penerbitan mass media. Antukna Giwangkara ngarandapan bancang pakewuh nepi oplahna nyirorot.
Pamustungan eta koran sunda teh seuseut seuat, dina kaayaan ekonomi gagaleongan teu puguh ajegna ngalantarankeun nu disebut kalawarta basa Sunda ting koleab anu muncunghul deui. mun di tektek hiji-hiji loba pisan kalawarta basa sunda geus taya dikieuna, tapi alhamdulillah koran Giwangkara nu meunang sawarata lila tilem, kiwari dina waktu nu moal lila geus di rarancang rek medal deui maturan Bewara Jabar.
Tah ieu lalaki nu duaan teh Maman, Adar dibarengan ku nekad, boga kahayang nu ngaberung, hayang boga media basa Sunda dina wanda nu anyar tur bisa ngigelan kahayang jeung pangabeuki nu macana kalawan teu leupas tina suluk tatar sunda “Rempug Jukung Sauyunan”ngahaja nepungan nu ngaran Dadan Supriatna urang Banjaran jadi teu aneh mun disebutkeun Pendiri Bewara Jabar teh tiluan .
Nu nulis kungsi ngolongan kanu duaan. Naha teu usaha dina widang sejen. Pan nyaho usaha nerbitkeun miceunan duit katut cape hate cape gawe. Tapi dasar eta nu duaan teh jiwa persna geus ngadarah ngadaging, nu asalna tiluan ngan nu ngaran Dadan samemeh tugas ka luar kota nitipkeun sangkan ieu mass media ulah nepi ka leungit ti Jawa Barat. Ana jawabana teh nyaah kana basa Sunda najan nepi ka mana oge moal nepi ka leungit jeung awal ahir dimana nu ngaran Dadan Supriatna mun geus rengse tugas geus pasti milu icikibung deui kari nungguan rengsena tugas kitu pokna.
Mun euweuh bacaan Sunda meureun urang sunda teh leungit jati dirina “. Samalah ceuk ieu dua pingpinan mah Maman Suherman jeung Adar Mahdar, dibarengan ku Ki. H. Dr. Dharmasetiawan Natapradja dina obrolanana cenah-cenah yakin Bewara Jabar bisa ngahontal naek. Amin !!!.
Ku ayana rasa optimis tina boga pokal nerbitkeun ieu Bewara Jabar tangtu bae dipikaharep pisan sakumna masarakat sekeseler urang Sunda sakuduna ngarawu mangku tur milu ngahirup huripkeun ieu tabloid Bewara Jabar malar apanjang apunjung. Tegesna mah, tumuwuhna katut hirup huripna Bewara Jabar estu gumantung ka urang Sunda anu nyunda.
Dina hal ieu, para ais pangampih Bewara Jabar boga kayakian, ieu media teh baris mulus rahayu hirupna sok saupama “langganan atawa masang iklan”. Sabab langgengna hirup mass media mah ngan ku dua hal, nyaeta langganan jeung iklan. Cohagna mah heureut lengkah jeung panjang lengkahna, Bewara Jabar estu gumantung ka urang Sunda nu milu aub mere infus jeung ku cara langganan jeung iklan. iwal ku eta baris bisa mere ka langganan hirupna Bewara Jabar mah.
Pon kitu deui aya nu kudu diutamakeun teh, nyaeta SDM para ais pangampih nu ngagulanggaper ngokolakeun eta Bewara Jabar deuih, kalumangsungan hirupna Bewara Jabar estu gumantung kana kaparigelan para ais pangampihna dina ngokolakeun bisnisna. Sakumaha nurutkeun elmu saha, sok sanajan eta usaha boga modal medah meduh, upama teu parigel ngokolakeunana awal ahir eta modal ludes bisnis bangkrut. acuan Bewara Jabar ulah nepi ka kitu !!!
Balik deui kana pangrojongana urang Sunda kana kalawarta basa Sunda, contona Bewara Jabar, hal ieu teh ais pangampih, hal ieu teh deleg kana Pergub Nomer 11 taun 2012 anu eusina Bab II Pasal 5b Nomer 12 ngeunaan bahasa, sastra jeung aksara daerah.
Tapi nu katukang-tukang mah teu kaalaman dina kanyataanana mah nu kaalaman, geus ning seuseut seuat pisan rek ngaasupkeun Bewara Jabar ka lembaga-lembaga, instansi, Dinas, dilingkungan pamarentahan Provinsi Jawa Barat. Dalah Dinas Pendidikan nu geus puguh aya patula-patalina jeung pangajaran basa Sunda estu ngaapilainkeun, euweuh respona.
Nu nulis meunang katerangan Adar MAT , cenah nu ngaran SKPD (Satuan Kerja Perangkat Daerah) gede pisan pangakuanana ka Bewara Jabar. Kakara di wewengkon Kabupaten Bandung. Ti mimiti pamarentahan aparat nepi ka instansi, kacamatan, tug nepi kahandapna desa milu aub ngahirupkeun Bewara Jabar ku cara langganan.
Dilingkungan pendidikan, ti mimiti Dinas pendidikan nepi ka sakola-saola ti wewengkon Kabupaten Bandung guyub langganan ieu Bewara Jabar, komo PGRI ti mimiti ketua PGRI Kota, Kabupaten, Kecamatan, Sakola-sakola nu aya dina papayung YPLP Dikdasmen PGRI sa-Jawa Barat, diantarana SMP, SMA, SMK, langganan jeung ngarojong pisan ka Tabloid Bewara Jabar. Majar teh cenah lamun nu sejen aya niat mah rek ngamumule basa Sunda, pira oge nyisihkeun unggal poe, da moal sarebu perak sapoena.
Kabeh ieu pasoalan nu geus karandapan teh, tangtu bae jadi tangtungan jeung bahan evaluasi para ais pangampih. Kumaha ngungkulanana ngarah ieu media teh dirawu, dipangku ku masarakat nu gede ka tineung kana basana. Sabada kapikiran, tetela dina eusi kudu di presentase. Nya nu ahirna nu 70% Bewara Jabar misina pendidikan. Sedengkeun nu 25% deui campuran, pangwangunan, budaya, politik jeung sajabana.
Tina widang pendidikan jeung pangwangunan aya leungeun ku cara gawe bareng jeung pihak. PGRI Provinsi Jawa Barat, Disdikbud Provinsi Jawa Barat, Pamarentah Provinsi Jawa Barat, Jeung DPRD Provinsi Jawa Barat.
Rupana lain Bewara Jabar wae nu butuh ka satiaan urang sunda teh dalah media Sunda nu sejena nu kiwari hirup keneh, ngabeakeun pisan loyalitas teh ceuk elmu bisnis tea mah. Nyarita soal langganan jeung iklan lain teu kapikiran ku para ais pangampih Bewara Jabar, ngan bae nepi ka kiwari dina jero umur 8 taun, karasa ku pihak Pingpinan Umum jeung Pingpinan Perusahaan Bewara Jabar teh can ngabogaan SDM anu spesialis dina widang nu dua ieu, “langganan jeung iklan” nu babakuna pisan mah dina widang Iklan. Kulataran kitu, pihak ais pangampih BEWARA JABAR miharep pisan pangrojong ti para inohong pemkot Bandung, hususna para penjabat nu aya di linkungan pamarentahan.
Dumasar kana perda jeung pergub ngamumule basa jeung budaya sunda geus aya,tinggal nungalaksanakeunana,ulah ngansakadar babasaan wungkul, tapi kudu jeung prakna mana komo jeung waragadna mah leuwih alus.
Alhamdulillah dina taun 2019 nincak dina umur dalapan taun nu ngaran Bully Tarongkeng, Haris Abdullah, Acép Utsman Arifin, Deddy Effendi jeung Husni Ahmadi S.E. (Pimpinan Perusaaahaan) ngarasa kagagas ku ieu Media Sunda ulah nepi ka ngaleungit jiga Media sejen baris siap ngabantu pikeun ngeusi dina uesi berita jeung masarkeunana rek satekah polah alatan ieu Media Sunda ulah nepi ka Pareum nu ahirna ku Pimpinan Umum ditempatkeun sangkan dina ngalaknakeunana nu baris siap babantu dina widang eusina jeung masarkeun ieu Media.
Lian ti Bully Tarongkeng, Haris Abddulllah, Acép Utsman Arifin, Husni Ahmadi S.E (Pimpinan Perusahaan) katambah ku nu ngaran Danny Djatnika (Pimpinan Redaksi) ku ieu oge sarua kataji ku Media Sunda nu ngaran Tabloid Bewara Jabar malah geus siap ngabantu pikeun pemasaran.
Ceuk Pimpinan Perusahaan nya kitu lah cindekna mah lengkah jeung wawasan wartawan di Bewara Jabar kudu boga kaparigelan dina ngaronjatkeun oplah, nya anu ujung-ujungna mah calakan neangan waragad wartawan nu keur ngahirupan Bewara Jabar supaya langgeng hirupna, ulah geledug ces.
Enya ku kitu tea mah, di Bewara Jabar mah ngagarap pagawean teh kudu di barengan jeung ka ikhlasan hate. Angot dina ngaropea deui tulisan nu rek di muat, kurang-kurangna teu di barengan ku ka jembaran hate, matak stress ceuk basa legeg na mah. Tapi upama nilik kana pancena para wartawan kumaha arinyana rek ngaronjatkeun atawa produktif nulis berita anu saluyu jeung elmu jurnalistik, da pancen nu utama oge neangan heula langganan keur ngabayuan mediana.
Ceuk Pingpinan Perusahaan jeung Pimpinan Umum tea mah, keur naon alus eusi oge, ari umur mediana ngan sakeudeungmah. Pon kitu deui di Bewara Jabar mah ais pangampih teh ulah bauan kana gawe. Pingpinan Perusahaan nu sakuduna muserkeun pikirana kana usaha supaya maju jeung kumaha muterkeun waragad supaya terbitan lancar, tapi teu kitu.
Dina nyanghareupan pisaminggueun deui kana terbit, Amat wartawan DPRD Jabar pakepuk ngaleyout ti halaman hiji nepi ka halaman 16. Nu ngaran Maman , Adar jeung Amat uteukna muter mikiran naha cukup atawa henteu duit jang waragad nyitak. Luar biasa Maman, Adar jeung Amat teh. Saking Bewara Jabar kudu langgeng terbitna peupeuriheun dulur-dulurna nu sarua media basa Sunda geus tarilem kateuhak ku waragad jeung urang sundana nu dipiharep aya kasatiaan kana basa sunda teu nyaho kana wiwitan, ditambah geus leungit jati dirina, ngan untungna aya nu ngarasa kageuing ku rasa tanggung jawab kana basa sunda nu di sebut basa indung tea. Ki H. Dharmasetiawan Natadiredja, jeung Dedi Ruspedi, S. Pdi (Pupuhu Mandala Atikan jeung Budaya) cenah piraku urang sunda hususna umumna warga nu matuh di Jawa Barat teu malire ka Bewara Jabar, saterusna nu ngaran Haji Yanto Suryanto (nu kiwari keur umroh), sarua asa ka gagas ku ieu media langsung mantuan pikeun waragad media Sunda. Alatan ieu media geus puguh Pergubna ulah nepi ka di momorekeun rek satekah polah sangkan ieu media ulah nepi ka pareum.
Hirup jeung huripna Bewara Jabar gede kagumantungan ka urang sunda. tapi dina hal ieu, Bewara Jabar ulah kabobodo tenjo. Nu nyaah ka Bewara Jabar teh kudu di niatan atawa di saring deui. Ari ngan saukur nyaah, tapi bari resep maca ari langganan embung tah nu kieu teh sarua jeung emung ngamumule basa indung, mending keneh di jauhan. Teu kurang kurang Kepala Sakola jeung tokoh-tokoh nu hayang di muat tapi di tawaran langganan ngabigeu. Padahal lamun bener bener hayang ngamumule basa Sunda sabab upama keyeng ngalanggan pinasti pareng ukur nyisihkeun duit sapoe sarebu asa piraku teu mampuh.
Dina soal eusi Bewara Jabar moal rek nguyang ka batur. Sabab upama manajemen geus bener pasti bakal rancage jeung inofatif, loba gagasan-gagasan anu bakal mawa Bewara Jabar ngapung ka jauhna. Lamun aya nu nyebutkeun Bewara Jabar eusi na kudu kitu kudu kieu angot di babawa kana urusan pulitik, moal rek galideur, komo teuing di gugu.
Nu rek pangheulana di baladah ku Bewara Jabar dina umur nincak dalapan taun ieu, nya eta cara mikirna ti mimiti pupuhu jeung sakumaha karyawan, pangpangna dina soal kumaha cara taktik jeung strategisna masarkeun ieu media, kumaha ngagarap strategi, kumaha carana ngajaring iklan jeung ngalegaan sirkulasi. Dina ngalegaan sirkulasi Bewara Jabar taya lian kudu muntang ka komunitas urang Sunda nu sumebar di Jawa Barat anu tangtu dibarengan ku insentif.
Kukituna, pikeun ngaronjatkeun ajen dirina sangkan bisa nyikepan naon rupa nu di sanghareupan, Bewara Jabar ngupayakeun Website (bewarajabar.com). kituna teh dumeh medalna tabloid masih sabulan sakali, sedengkeun ku ngaliwatan website mah bisa oge unggal usik. Cohagna bisa sajajar jeung media sejena nu geus leuwih tiheula medal malah mandar gede modalna.
Dumasar kana hal eta, ngamumule basa Sunda teu cukup ukur ku reueus, lain ukur basa jeung carita bari teu puguh wujud jeung rengkolna, tapi prak-prakan na kudu katembong dina mateakeun jeung nyumponan ajen inajen dirina pikeun balarea.
Dina umur geus dalapan taun, tangtu bae Bewara Jabar can nyugemakeun balarea nu mikameumeutna, boh dina wandana, eusina, katut sagala kakurangan di ditu di dieu pangapunten nu ka suhun.