Karawang, Bewarajabar.com — Mayoran, basa wewengkon Karawang, hartina babacakan, sukan-sukan barang dahar rea batur, balakecrakan, mun di Priangan mah istilahna botram, barudak ngora jaman kiwari lolobana nyarebut makan-makan.
Pohon miring nyaeta tempat wisata di Kampung Bakanjati Desa Pancawati, Kecamatan Klari, Karawang, mangrupa tatangkalan nu lolobana tangkal lamtoro gung nu dahanna daroyong ka arah panonpoe bijil.
Boh lamtoro biasa (lokal) boh lamtoro gung (hasil kawin silang) di Karawang disebut peuteuy selong atawa benda. Di daerah sejen disebut peupeuteuyan, bandara, palanding, papalandingan, malanding, kamalanding atawa kamalandingan.
Tangkal lamtoro doyong di Desa Pancawati nu kiwari disarebut “pohon miring” awalna dipelak sisi jalan pikeun iuh-iuh nu ngaliwat. Lila-lila eta wewengkon teh dipake tempat arulin ku warga sabudeureunna. Ahirna, jadi tempat wisata nu teu weleh rame ku nu ngajugjug, boh dina poe pere, boh di poe biasa, utamana ku nu ngadon dahar, mekel timbel atawa jajan di tukang dagang nu aya di dinya.
Intina, lokasi wisata “pohon miring” di Kampung Bakanjati Desa Pancawati teh ku wisatawan nu daratang ka dinya sok dipake tempat reureuh bari sakalian mayoran, curak-curak, botram, atawa makan-makan.
“Abdi saparakanca dongkap ka dieu ngadon nyate sareng ngesop, etang-etang ‘refreshing’ rengse ngalaksanakeun kagiatan di sakola,” ceuk salah saurang guru SDN Mulyasari I Kecamatan Ciampel nalika diajak ngobroldi lokasi wisata sawatara waktu katukang.
Guru-guru SDN Mulyasari I mangrupa salah sahiji rombongan wisatawan domestik nu ngadon pihnik di lokasi wisata “pohon miring” nu tempat asalna teu pati jauh, ukur sababaraha kilo meter. Kecamatan Ciampel (tempat SDN Mulyasari I) napel-wates jeung Kecamatan Klari (lokasi “pohon miring”), tapel-watesna walungan Citarum.
Nu pihnik di tempat wisata “pohon miring” lain ti luar Kecamatan Klari wae, aya oge nu ti luar Kabupaten Karawang malahan ti luar Provinsi Jawa Barat. Nu daratang ka dinya lolobana panasaran hayang nyaksian “pohon miring” asli dumeh nempo potona di media sosial, di fb, WA, Twitter, Instagram, jsb.