Ku Ki Jayadiprana
Nalika abah mendak warta aya hiji methode Jepang anu tiasa ngahubungkeun Otak kenca jeung Otak katuhu nepi ka balukarna budak bisa boga kaistimewaan. Bisa numpak motor bari diberem, bisa maca bari ditutup panon, leuwih dewasa jeung sawawa. Moral jeung mentalna leuwih unggul tinimbang budak sejen.
Naha ieu methode budaya Sunda bet beunang ku Jepang. Padahal aya dina budaya Sunda oge. Sarua deuih ngalatihna kudu ti bubudak. Geus SMP mah biasana rada hese. Baheula abah pernah digelutkeun ku guru bari panon di berem, metakeun jurus silat.
Duka poho duka teu nyaho tokoh Sunda. Naha hal ieu teu ditalungtik nepi ka di aku ku Jepang Sagala. Aya kaulinan urang lembur anu intina konsentrasi bari teu ningali kalawan dipirig ku musik, sanajan ari kaulinan urang lembur mah musikna babaturan keneh nu kakawihan.
Ucing berem, biasana mangsa ngagayuh ka magrib. Lagu nu sok dipakena biasana Kalongking. Prakparkanna kieu.
Kalangna biasana tinu lebu lamun pakarangan taneuh, tapi ari di tegal mah biasana sok ngalara gebog cau dijeun tambang. Kalang kahiji paranti ngajadikeun “Kalong” anu ucing, ti dinya tujuh lengkah, kadituna mah salengkah salengkan nepi ka aya tujuh kalang.
Budak diberem, mimitina tuluy dikurilingan ku barudak bari ngawih Kalongking. Kudu bener sora kawihna ge lamun teu bener cenah moal jadi kalong. Biasana nyareker barudak teh. Geus dikurilingan barudak birat ngajugjug kalang sewang-sewangan. Kalong anu cingogo nangtung tuluy mapay tambang, neangan babaturan bari kudu neguh saha ngarana babaturan anu kacekel.
Lamun kalong nyasab babaturanna ngawih sakecap sewang nepi ka tamat. Si kalong cicing ngadengekeun geus jarempe ngalayang deui neangan babaturan. Anu geus sanggup jadi kaolng mah pinter mapay tambang nepi ka babaturanna kaparanggih.
Geus kitu bisana ganti baju. Si kalong nambahan tugasna pikeun neguh warna baju babaturanna nu geus ditukeurkeun tea. Tah kalong nu geus jadi mah nepi ka bisa neguh warna baju sanajan digunta ganti oge.
Memeh budak jadi kalong biasana, sok kasarumahan atawa pingsan. Tah lamun kapaehan teh digarotong bari diawuran ku Runtah. Ngahaja nyagikeun tandu nu dijulat-jalitreng ku tambang gebog. Barudak lumpat ngagotong nu kapaehan bari ngawih beungbeung balimbeung. Kitu deui nu kasurupan dibincang dina tandu, Nu sejenna ngawuran kalong ku runtah sakapanggihna di jalan.
Biasana ditepi ka tepas indung bapana, gubrag we di puragkeun kana palupuh, biasana kalong ngulisik. Ku indung bapana dipangnyieunkeun rujak asem jeung rujak kalapa.
Tah budak nu geus sanggup jadi kalong biasana unggul dina pamikiran jeung pangawasana,. Baheula mah calon kuwu ata lurah teh sok milih nu keur budakna nepi ka sanggup jadi kalong, sanajan teu jadi pamingpin si kalong geus kolotna, bakal dipikolot tur ngajadi buyut di kampung eta.
MAPAY HUNTU KALA
Keur budak nu geus jadi kalong, dina harti geus teu mencog teguhana dina ucing ‘berem’, aya tahapan satuluyna disebutna ‘mapay huntu kala’. Nu disebut huntu kala biasana meteor nu warnana hideung jiga beling. Kaayeunakeun sok aya nu nyebut ‘ucing beling’ sabab huntu kala sok ganti ku beling.
Mapay huntu kala sarua wae memerlukeun konsentrasi anu gede. Biasana mapay huntuk kala sok di handapeun tangkal kai nu gede. Sok ditangkeup heula ku duaan, lamun kira kira katangkeup keneh neangan kai nu leuwih gede, atawa panggedena di eta tempat. Nepi ka lamun budak pahareup hareup kahalangan ku tangkal kai eta buni teu kaciri.
Budak nyieun kalang ku rokrak wae minangka lapak, huntu kala disumputkeun diruang. Geus kitu ngageroan baturna nu aya tukangeun tangkal kai, tutas dibere kalang. Baturna titah neangan huntu kala nu disumputkeun tea. Tapi dibere bates ngan ukur tilu kali ngaboker tempat, lamun teu panggih tuluy dituduhkeun. Kitu sakali ewang.
Aya dua hal tina ieu kaulinan urang lembur, tangkal kai anu gede tangkal nu pikasieuneun jeung hieum, ngandung harti ngalatih budak sangkan bisa ngungkulan kasieun tina haeubna alam. Budak kudu yakin manusa khalifah nu boga kawasa di dunya. Nepi ka barudak diwanikeun ulin di tempat dedemit. Sabab tangkal kai gede dipercaya paranti ulin dedemit. Ngan budak nu geus jadi kalongking nu ludeung ulin di tempat kitu.
Neangan barang di jero taneuh teu bisa sagawayah kudu nalungtik kira-kira taneuh mana nau karek dikali jeung taneuh mana nu masih angger. Bisa wae babaturan ngali taneuh nepi ka leuwih ti tilu kali. Sedeng batas neangan mah ngan tilu kali ngali taneuh.
Tah budak teh nepi ka geus bisa ningali barang nu karuang ku taneuh. Sakali-sakali we ngali taneuhna teh. Tah lamun geus kitu kakara ditingkatkeun deui kana kaulinan urang lembur nu leuwih luhur.
PAPALIKAAN
Biasana ieu mah ulin di leuwi, tangtu kudu bisa ngojay heula samemeh palikaan. Papalikaan biasana nyirian heula batu ditempo ku salarea, tuluy batu dialungkeun kana leuwi. Satuluyna barudak ting gujubar teuleum parebut batu nu dialungkeun tea.
Sakali ulin mah batu nu dipimaksud teh teu kapanggih. Ngan lila-lila eta batu kapanggih. Seug geus kapanggih wae strategi ulin dirobah. Neangan batu saurang-saurang nu pangsakeudeungna nu meunang.
Papalikaan oge ngalatih konsentrasi di jero cai, bari teuleum bari mapay barang anu rag-rag ka leuwi. Hal ieu lain hal anu gampang.
Kaulinan urang lembur lain ukur nganteur karesep budak tapi, aya maksud pikeun ngatik jeung ngadidik jiwa budak.
(HANCA)
Discussion about this post