Bandung, bewarajabar.com — Guru nu kuduna digugu jeung ditiru, teu gugur teu angin dihina, dicacampah estu taya hargana. Profesi guru nu kawilang luhung, ngabdi pikeun nagri, minterkeun turta nyerdaskeun bangsa, teu diajen najan sapeser ku oknum DI. Bari inyana teu sadar, bisa nulis, maca, ngitung teh estuning jasa Guru.
Pantes turta kawilang wajar, mun ngusik-ngusik ula mandi ngahudangkeun macan turu, sakumna Guru di tatar Sunda wera. Dalah mun kurang jeujeuhan, oknum DI urang Banjarwangi Kabupaten Garut teh, aya bahan dirempug.
Disebut wajar tur pantes, para Guru nu ngagabung tur ditangtayungan ku Persatuan Guru Republik Indonesia (PGRI) wera jeung nyeuneu, sabab harga dirina dihina, dilelece turta dibeubeutkeun.
Guru nu kawentar “Pahlawan Tanpa Tanda Jasa,” geus tangtu bakal napsuna. Untung, solidaritas Guru mah ulah dilalaworakeun. Mana komo aya kokolot nu tanggung jawab sasatna PGRI.
Alpukah para pangurus PGRI Cabang Garut, poe Salasa 28 Juli 2020 tabuh 13.00 nepi ka tabuh 16.30 WIB, geus diayakeun mediasi antara DI jeung Pangurus PGRI Kabupaten Garut, kalawan ngahasilkeun kasapukan :
Nilik kana rasa kamanusaan, kasaksen ku para Pengurus PGRI Cabang Kabupaten Garut sarta wawakil ti 7 Kota/Kabupaten PGRI di Provinsi Jawa Barat, oknum DI menta dihampura. Dina eta riungan, sarerea sapuk ngahampura kana kasalahan DI.
Ngan bae mun seug najan nilik kana rasa kananusaan mah kasalahan DI geus dihampura, tapi proses hukum mah tetep bakal terus jalan turta dilakonanan. Kulantaran kitu PGRI Garut jeung LBH, sacara resmi ngalaporkeun DI ka Polres Garut. Pikeun nanggung jawabkeun kalakuanana, kiwari DI ngaringkuk di pangberokan Polsek Garut.
Jeroning kitu Ketua PGRI Provinsi Jawa Barat, Dede Amar dibarengan ku Sekertaris PGRI Maman S. waktu dikolongan ngeunaan eta masalah, ngebrehkeun yen kalakuan teu uni oknum DI, memang kudu diproses saluyu jeung hukum nu lumaku.
” Pokona mah PGRI mengecam dengan keras, kana kalakuan D.I. Kalakuan teu uni ngahina Guru, kudu ditibanan hukuman saluyu jeung kasalahanana,” ceuk Dede Amar.
Hal kasebut, ceuk Dede Amar, pikeun ngajaga harkat martabat Guru, ulah sangeunahna ngahina ngalelece Guru nu eces gede jasana.
” Proses hukum kudu dilakonan, saluyu jeung tingkat kasalahanana, ” tandesna
Dede Amar oge nganuhunkeun ka sakumna komponen organisasi, nu nyokong katut ngarojong sacara langsung, nepi ka ngawujud rempug jukung sauyunan para guru turta kabireungeuh solidaritasna para pangurus.
Sawatara kitu oge, kalayan asmana Pangurus PGRI Provinsi Jawa Barat, mepelingan ka sakumna rengrengan Guru kudu tetep tenang, sabab proses hukum terus jalan kalawan dikawal ku urang. **