Bandung, Bewarajabar.com — Sanggeus diwawarkeunna Surat Edaran Menteri Agama RI nomer 15 taun 2020 ngeunaan panduan penyelenggaraan kegiatan keagamaan di rumah ibadah, Kanwil Kementerian Agama Prov. Jawa Barat kudu sagancangna nyosialisasikeun ka masarakat sakaligus maheutkeun eta hal jeung pamarentah satempat.
Plt. Kepala Kanwil Kemenag Jawa Barat, H. A. Handiman Romdony, nanggap positif kana kawijakan ieu jeung rek langsung dihangkeutkeun babaraengan jeung pihak-pihak nu aya patalina jeung hal eta, Salasa (3/6).
Luyu jeung kateranganana nu ditepikeun di Ruang Kerja Kabag Tata Usaha, Romdony, ngebrejkeun yen ku terbitna Surat Edaran no. 15 ieu teh mangrupakeun jawaban kana kasono masarakat pikeun bisa migawe deui ibadah di rumah ibadahna. “SE no. 15 lumaku pikeunsakabeh rumah ibadah semua agama nyaeta Islam, Kristen, Katolik, Buddha, Hindu, jeung Kong Hu Chu,” pokna.
“Ngan, di satengahing Pandemi Covid-19 prak-prakan eta ibadah tersebut teh kudu diatur sangkan rumah ibadah teu jadi tempat sumebarna Covid-19 sahingga umat beragama oge bisa ngarasa aman jeung tumaninah salila migawe,” pokna.
Hal utama nu kudu diperhatikeun, tuluyna, cocog jeung eusi SE no. 15 yen rumah ibadah nu rek dibuka teh kudu miboga surat keterangan atawa idin ti pamarentah setempat. “Lantaran implementasi ti SE no. 15 ieu oge dipasrahkeun kana kawijakan pamarentah satempat. Dina kaayaan samodel kieu di wewengkon sewing-sewangan miboga kondisi nu beda nu dipitanda ku status perzona,” pokna.
Inyana ngajelaskeun yen ku dibukana deui ieu rumah ibadah teh kahareupna bakal tuluytuluyan dievaluasi kumaha jadina, lamu kajadian naekna kasus Covid-19 kulantaran dibukana eta rumah ibadah mangka bisa wae rumah ibadah bakal ditutup deui.
Ku lantaran kitu, Romdony ngingetan sakaligus negeskeun sangkan para pangurus rumah ibadah bisa tumut kana aturan jeung panduan sacara disiplin. Salah sahijina nyiapkeun fasilitas jeung sarana prasarana nu diperelukeun luyu jeung protokol kesehatan samodel tempat ngumbah leungeun jeung sabun, nyadiaan handsanitizer, thermo gun pikeun ngecek panas awak, mere tanda physical distancing, jeung ngingetan umat pikeun make teregos.
“Urang jadikeun dibukana deui rumah ibadah teh salaku conto nyegah sumebarna Covid-19 dina era New Normal,” pokna.