Jumat, Oktober 30, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Runtagna Karajaan Tarumanagara

Admin 001 by Admin 001
26 Januari 2021
in Warta Sunda
0
Runtagna Karajaan Tarumanagara

Prasasti Tugu

Share on FacebookShare on Twitter

Bewarajabar.com — Karajaan Tarumanagara, salah sahiji karajaan Hindu-Buddha di Indonesia. Karajaan nu lumangsung taun 358 nepi ka 669 Masehi teh diadegkeun ku Jayasingawarman, pandita ti Magadha, India. Jayasingawarman datang ka tatar Pasundan menta idin ka raja nu kumawasa, ngadegkeun lembur di sisi walungan Citarum. Eta lembur mekar jadi Karajaan Tarumanagara.

Karajaan Tarumanagara terus mekar nepi ka wilayah nu ayeuna, Banten, tatar kaler Jawa Barat, Jakarta jeung Cirebon. Mangsa kajayaan Karajaan Tarumanagara  nepi ka generasi katilu, sarta puncakna di generasi katilu nu rajana Purnawarman.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Saprak dipingpin ku Raja Sudhawarman, Karajaan Tarumanagara ngalaman mundur. Mundurna, diantarana balukar raja-raja samemehna mere wewenang pamarentahan sorangan atawa otonomi ka raja-raja bawahan.

Ku sabab teu dibarengan ku hubungan jeung pangawasan nu hade, para-raja bawahan ngarasa teu ditangtayungan jeung teu diperhatikeun ku Karajaan Tarumanagara. Lian ti eta, aya saingan Karajaan Tarumanagara, nyaeta Karajaan Galuh nu komarana beuki ngaronjat. Saterusna  timbul pemberontakan raja-raja bawahan, sarta aya serangan ti Karajaan Sri Wijaya.

Raja Tarumanagara pamungkas, Linggawarman teu boga anak lalaki. Anjeuna ngan boga dua anak awewe, nu cikal nyaeta Putri Manasih nikah jeung Tarusbawa, nu bungsu nyaeta Putri Sobakancana nikah jeung Dapunta Hyang Sri Jayanasa. Ti harita pamor Karajaan Tarumanagara beuki morosot.

Ahirna Karajaan Tarumanagara runtag, pejah jadi dua karajaan, Karajaan Sunda jeung Karajaan Galuh. Karajaan Sunda minangka terusan ti Karajaan Tarumanagara dipingpin ku Tarusbawa minantu Linggawarman. Sedengkeun Karajaan Galuh dipingpin ku Raja Wretikandayun. Kahareupna dua karajaan teh ngahiji deui jadi Karajaan Pajajaran.

Anapon raja-raja nu ngawasa Karajaan Tarumanagara, nyaeta, Raja Jayasingawarman (358-382), Raja Dharmawarman (382-395 Masehi), Raja Purnawarman (395-434 Masehi), Raja Wisnuwarman (434-455 Masehi), Raja Indrawarman (455-515 Masehi), Raja Candrawarman (515-535 Masehi), Raja Suryawarman (535-561Masehi), Raja Kertawarman (561-628 Masehi), Raja Sudhawarman (628-639 Masehi), Raja Hariwangsawarman (639-640 Masehi), Raja Nagajayawarman (640-666 Masehi) jeung Raja Linggawarman (666-669 Masehi).

Bukti ngadegna Karajaan Tarumanegara nyaeta ku ayana tujuh prasasti nu kapendak, ngawengku: lima prasasti di Bogor (Prasasti Ciaruteun, Prasasti Kebon Kopi, Prasasti Kebon Jambu,  Prasasti Muara Cianten jeung Prasasti Pasir Awi), hiji di Bekasi (Prasasti Tugu), hiji deui di Lebak, Banten (Prasasti Munjul).

Prasasti Ciaruteun atawa Prasasti Gajah disebut oge Prasasti Ciampea, netelakeun, aya tapak dampal sampean Raja Purnawarman nu satara jeung dampal sampean Dewa Wisnu, unina: “Dua dampal sampean nu jiga dampal sampean Dewa Wisnu nyaeta dampal sampean Raja Purnawarman, raja ti nagri Taruma, raja nu gagah perkosa”

Prasasti Kebon Kopi, ngamuat gambar dua suku gajah sarta netelakeun, tapak suku gajah teh mangrupa tapak suku gajah tunggangan nu ngawasa Taruma, saperti Airawata. Airawata nyaeta gajah tunggangan Dewa Perang, Batara Indra.

Prasasti Kebon Jambu, eusina, pujian ka Raja Purnawarman. Raja Purnawarman digambarkeun raja nu kalintang kuat, teu bisa dielehkeun, hasil wae ngancurkeun musuh sarta salawasna mere jamuan kahormatan ka nu satia ka manehna. Prasasti Muara Cianten, eusina, ngamuat catetan yen pamarentahan nagara dipulangkeun ka Raja Sunda taun 536. Prasasti Pasir Awi ngamuat “sair pamuji” ka Raja Purnawarman.

Prasasti Tugu, ngamuat, berita Raja Purnawarman marentah ngawangun saluran cai di walungan Gomati (di tatar Sunda) nu panjangna 6.122 tumbak (12 km). Eta saluran cai gunana pikeun nyegah banjir waktu usum hujan, sarta cadangan cai waktu usum halodo. Saluran cai oge gunana pikeun patalimarga. Prasasti Munjul, eusina can kabaca. Ieu prasasti  kapendak di sisi walungan Cidanghyang, Desa Lebak, Kecamatan Munjul, kabupaten Pandeglang, Banten.

Tags: artikel basa sundabahasasundaBasa Sundabasa wewengkon Karawangberita basa sundabudayasundacarita basa sundaDisparbud Kabupaten KarawangFestival Teater Pelajar Basa SundakatasundaKomunitas Seniman Muda KarawangMancanagaramilangkala Kabupaten Karawangngabewarakeunngamumulenyundaorangsundapapatahsundaparibasa sundaparibasasundapelajaran basa sundaquotessundasajaksajak basa sundaSate EntogsenisundaSundasundabagjasundabuhunsundanesesunta atmajaurangsundaWarta Sundawarta sunda online
SendShare198Tweet124
Previous Post

SDN Pisangsambo I Cagar Budaya Sakola di Tirtajaya

Next Post

Raja Tarumanagara ti Magadha

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Next Post
Raja Tarumanagara ti Magadha

Raja Tarumanagara ti Magadha

Tarumanagara Jaman Purnawarman

Tarumanagara Jaman Purnawarman

Vihara Sian Djin Kupoh

Vihara Sian Djin Kupoh

Leave Comment

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026

BRI RO Bandung Targetkan 500 Lelang, Capaian Hampir Rp200 Miliar

7 Oktober 2026

Hari Kopi Sedunia, TOP Coffee Bagikan 10.000 Gelas Kopi Gratis di 4 Kota

6 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Dampingi Petani Cianjur, Alpukat yang Ditanam Lima Tahun Mulai Dipanen

6 Oktober 2026

Lendeng N D’Gank Tanam 250 Pohon di Kamojang, Bidik 3.000 Pohon di Jabar

5 Oktober 2026
Prev Next
No Content Available
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.