Karawang, bewarajabar.com- Siswa SMK PGRI Telagasari, Kabupaten Karawang, Jawa Barat, ciptakeun karya inovatif mangrupa generator tanaga surya (panonpoe). Eta genetator kawilang cocog dipake di wilayah nu can aya aliran listrik, mana komo di wewengkon nu hara-haraeun mah, sabab teu ngagunakeun BBM.
“Tampa BBM, ieu generator bisa nyumponan kabutuhan listrik rumah tangga salila dalapan jam. Bisa kuat dipake lima bohlam (lampu), kulkas, TV jeung kipas angin,” ceuk Meidy, siswa jurusan Rekayasa Perangkat Lunak.
Generator dipicu ku listrik tina panel surya. Pikeun bisa ngahasilkeun listrik, para siswa ngamangpaatkeun cahaya panonpoe (solar cell) nu kawilang ngaleuyah di alam nembrak.
Panel surya disimpen di luhur generator atawa bisa oge dipasang dina kenteng luhureun imah. Ceuk Meidy, generator tanaga surya mampuh ngahasilkeun setrum listrik 1.300 watt. Setrum listrik sakitu teh, bisa kasalurkeun kuayana panel surya nu kakuatana 20 watt.
“Panel ieu teh kudu nampung cahaya panonoe salila 2 jam,” pokna.
Yayan Sofyan, Wakil Kapala SMK PGRI Telagasari ngeceskeun, yen generator tanaga surya eta nyampurnakeun tina alat nu diciptakan dina taun 2016. Kalawan meakeun waragad Rp 5 juta, para siswa SMK bisa ngawujudkeun kaparigelanana nepi ka nyieun sajumlah prototipe.
Waktu harita, sajumlah siswa SMK PGRI Telagasari nu ngagabung jeung Tim Sangkuriang kungsi ngaleler juara hiji lomba Toyota Eco Youth ka-10.
” Ku alat ieu siswa ti ieu sakola bisa ngantongan predikat Best of The Best kategori science,” ceuk Yayan.
Yayan oge ngajentrekeun, yen alat nu ngaranna ‘Generator Electrical Circulatory System 750 Watt’ teh bisa ngelehkeun total 2.534 proposal nu asup ka panitia TEY ka-10.
Alat eta oge geus jadi perhatian sajumlah pemerintah daerah. Sofyan nyaritakeun, H. Ramli, Bupati Aceh Besar, aya niat jeung minat mesen sajumlah generator pikeun dipasang di daerah pasisian Aceh Tengah.
“Bupati Aceh Barat nembrakeun, ngarasa kataji turta kairut ku ieu alat. Ku generator ieu, inyana hayang ngabantu wewengkon nu tacan katepi ku aliran listrik cenah, ” omong Sofyan.*
Discussion about this post