Karawang, bewarajabar.com — Seni calung “Dadaksakala” grup seni ti Kecamatan Pedes nu manggung di hiji acara resepsi di Kecamatan Ciampel, Karawang, sawatara waktu katukang, salah sahiji “media” hiburan pikeun masarakat nu kiwari masih dipikaresep. Pintonan seni calung mangrupa salah sahiji tarekah pikeun ngamumule budaya Sunda, utamana, budaya ngagunakeun basa Sunda, sangkan basa Sunda tetep langgeng digunakeun ku seler Sunda.
Pagelaran seni calung di Karawang ngutamakeun bodoran Sunda utamana basa Sunda wewengkon Karawang “terpelajar”. Basa nu digunakeun dina seni calung leuwih “babasa” (dumasar kaidah basa) dibanding jeung basa nu digunakeun ku seni topeng banjet nu “tradisional” nu basana “Karawang pilemburan alami” (tanpa kaidah basa).
Basa nu digunakeun ku seni topeng banjet aya hadena lamun dimekarkeun cara basa nu digunakeun ku seni calung, supaya ajen senina leuwih ngaronjat cara grup seni Topeng Banjet “Daya Asmara” pingpinan Ali Saban nu kiwari diteruskeun ku turunanna, diantarana, Endang Ali Saban sakulawarga. Taun 70-an grup Topeng Banjet “Daya Asmara” mintonkeun carita drama rumah tangga sarta direkam dina “kaset audio”, henteu ukur ngandelkeun kamaheran pintonan silat seni topeng banjet umumna.
Ku ayana pintonan “drama rumah tangga” hartina lalakon ngandelkeun gunem catur nu tangtu butuh kaidah basa (tata basa). Najan kosa-kecapna ngagunakeun basa wewengkon Karawang, leunjeuran carita tetep ngagunakeun kaidah basa. Sarta, “realita” gunem catur di masarakat Karawang henteu dipintonkeun sagemblengna.
Aya hadena “pelaku” seni di Karawang najan dirina hayang nembongkeun “realita” basa asli Karawang, tetep merhatikeun yen “teu hade nembongkeun kagorengan, komo kagorengan sorangan” (utamana kabiasaan ngagunakeun kecap-kecap cohag keur ka sato dipake ka jalma). Leuwih hade deui lamun seniman teh “berkreasi” nyieun tongtonan nu jadi tungtunan.
Conto “realita” paguneman di Karawang nu “alami” kieu: “Hulu aing rieut euy. Dek nginum obat, can ngakan nanaon.” Mun dina basa loma (kasar) mah maksudna: “Sirah kuring rieut euy. Rek nginum obat can barang dahar.” atawa mun jaman ayeuna mah “Sirah urang rieut euy. Rek nginum obat can dahar nanaon.” Kecap “hulu” jeung “ngakan (ngahakan) kuduna teu digunakeun dina “kreasi” seni najan “kreator” hayang nembongkeun “realita” paguneman basa Sunda wewengkon Karawang.
Sabab, kecap-kecap “hulu” jeung “ngakan” nu paranti digunakeun ka sato, bisi dianggap bisa (meunang) dilarapkeun (digunakeun) ka jalma ku barudak nu lalajo hiji pintonan seni.