Karawang, Bewarajabar.com – Taun 60-80 han urang lembur nu hajatna teu kabedag nanggap Wayang Golek, cukup nyewa “sompok” (sound amplifier nu make “speaker” jenis “horn” ) jeung tape recorder, listrikna tanaga aki, nanggap kaset Topeng Banjet Daya Asmara pingpinan Ali Saban.
Tokoh utama nu pangdipikaresepna Si Saban (Ali Saban) jeung Si Ijem (Ma Ijem).
Ma Ijem ngaran aslina Emas, warga Kampung Gokgik Desa Lemahmulya Kecamatan Majalaya, Karawang.
Babarengan jeung Ali Saban, lanceukna, Ma Ijem ngamekarkeun Topeng Banjet, seni Sunda has Karawang, ti taun 1951 nepi ka Ali Saban tilar dunya taun 1990.
Saprak Ali Saban tilar dunya, sawatara anak buahna misahkeun diri. Maranehna nyieun grup sewang-sewangan.
Aya nu ngadegkeun grup jaipong, aya nu ngadegkeun grup topeng deui. Diantarana, Askin ngadegkeun grup Topeng Banjet Daya Sari nu saprak tilar dunya dituluykeun ku minantuna, Asep (Si Complong).
Ma Ijem ngadegkeun grup Topeng Banjet Dewi Asmara. Pintonan caritana henteu cara nu sejen make lalakon gorombolan nu dibungbuan ku silat. Ieu mah lolobana carita drama rumah tangga.
Taun 1989 Ma Ijem tepung jeung Dalang Asep Sunandar Sunarya ti Giri Harja III Bandung. Ku Dalang Asep Ma Ijem diajak rekaman dina Wayang Bobodoran, jadi bintang tamu.
Nu munggaran judulna “Cepot Katempuhan Buntut Meong” jeung “Gareng Jadi Paraji”. Honor rekaman antara Rp. 150.000,- nepi ka Rp. 200.000,-, sajudulna.
Salian jadi bintang tamu dina Wayang Bobodoran, Ma Ijem kungsi jadi piguran dina pilem “Kabayan dan Gadis Kota”. Manehna jadi pamajikanna Bah Dukun. Nu jadi dukunna Dalang Asep.
Ma Ijem leubeut ku pangalaman manggung, boh di panggung boh di televisi. Di Jakarta Ma Ijem kungsi manggung di kampus Universitas Indonesia, Taman Impian Jaya Ancol, Taman Ismail Marzuki jeung di Anjungan Jawa Barat Taman Mini Indonesia Indah.
Di Bandung manggung di Kampus Sekolah Tinggi Seni Indonesia, Universitas Pasundan, Institut Teknologi Bandung, Arjuna Plaza, Gedung Merdeka jeung Taman Budaya.
Pentas di televisi diantarana di TVRI Stasiun Pusat ngalawak jeung Jojon. Di TVRI Bandung milu maen jeung H. Dimyati pingpinan Karawang Grup dina bodor Sunda nu judulna”Pahili Jodo”.
Di Indosiar ngeusi Acara Tembang Sunda jeung Tati Saleh, Gitto Rolies katut Heti Kus Endang.
Ma Ijem kungsi manggung di Bandung tur disiarkeun ku TVRI dina raraga Ulang Taun TVRI, ngagabung dina Kelompok M-K3 (Ma Ijem, Ki Ihin, Kusye, jeung Ko Ade).
Kelompok M-K3 kungsi ditayangkeun di TVRI Statsiun Bandung unggal malem Senen tabuh 18.30 WIB dina acara Warung Tawa.
Ngeunaan rekaman, salian ti ratusan judul rekaman jeung Topeng Banjet Ali Saban, oge sababaraha judul rekaman jeung Wayang Bobodoran Asep Sunandar, ditambah milu dina album Lawak dan Lagu (lagu-lagu jaipongan) jeung grup Noi, Ujang Bei, Oceng Lancip, Dedi Leor tur H. Adim.
Rumah tangga Ma Ijem dua kali boga salaki. Ti nu tiheula boga anak opat. Si cikal nelah A Gober, kadua Ade Manyin. Duanana neruskeun tapak lacak indung, jaradi pelawak.
Anak nu katilu Nuryati tara kana seni. Anjeunna mah ngawuruk ngaji. Teu neruskeun bakat indung. Sedengkeun nu kaopat Kusnadi jadi nayaga.
Masih dina widang seni. Laki-rabi jeung nu kadua dikersakeun boga bati dua, Susilawati jeung Kartika Duanana barisa nari Topeng Banjet, tapi teu bisa ngalawak kawas indungna.
Taun 2007 Ma Ijem tilar dunya. Tokoh topeng banjet nu kungsi kawentar di tatar Sunda teh tinggal ngaranna. Rombongan topengna diteruskeun ku anak cikalna, A Gober.
Najan lakuna henteu sarua jeung waktu Ma Ijem jumeneng, rombongan topeng teh masih aya nu nanggap, boh ku nu hajat di wewengkon Karawang, boh ku nu hajat di luar Karawang.