Sabtu, Oktober 31, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Ma Ijem Tokoh Topeng ti Karawang Kungsi Jadi Piguran jeung Asep Sunandar

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
6 Desember 2020
in Warta Sunda
0
Ma Ijem Tokoh Topeng ti Karawang Kungsi Jadi Piguran jeung Asep Sunandar
Share on FacebookShare on Twitter

Karawang, Bewarajabar.com – Taun 60-80 han urang lembur nu hajatna teu kabedag nanggap Wayang Golek, cukup nyewa “sompok” (sound amplifier nu make “speaker” jenis “horn” ) jeung tape recorder, listrikna tanaga aki, nanggap kaset Topeng Banjet Daya Asmara pingpinan Ali Saban.

Tokoh utama nu pangdipikaresepna Si Saban (Ali Saban) jeung Si Ijem (Ma Ijem).

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Ma Ijem ngaran aslina Emas, warga Kampung Gokgik Desa Lemahmulya Kecamatan Majalaya, Karawang.

Babarengan jeung Ali Saban, lanceukna, Ma Ijem ngamekarkeun Topeng Banjet, seni Sunda has Karawang, ti taun 1951 nepi ka Ali Saban tilar dunya taun 1990.

[irp]

Saprak Ali Saban  tilar dunya, sawatara anak buahna misahkeun diri. Maranehna nyieun grup sewang-sewangan.

Aya nu ngadegkeun grup jaipong, aya nu ngadegkeun grup topeng deui. Diantarana, Askin ngadegkeun grup Topeng Banjet Daya Sari nu saprak tilar dunya dituluykeun ku minantuna, Asep (Si Complong).

Ma Ijem ngadegkeun grup Topeng Banjet Dewi Asmara. Pintonan caritana henteu cara nu sejen make lalakon gorombolan nu dibungbuan ku silat. Ieu mah lolobana carita drama rumah tangga.

Taun 1989 Ma Ijem tepung jeung Dalang Asep Sunandar Sunarya ti Giri Harja III Bandung. Ku Dalang Asep Ma Ijem diajak rekaman dina Wayang Bobodoran, jadi bintang tamu.

Nu munggaran judulna “Cepot Katempuhan Buntut Meong” jeung “Gareng Jadi Paraji”. Honor rekaman antara Rp. 150.000,- nepi ka Rp. 200.000,-, sajudulna.

[irp]

Salian jadi bintang tamu dina Wayang Bobodoran, Ma Ijem kungsi jadi piguran dina pilem “Kabayan dan Gadis Kota”. Manehna jadi pamajikanna Bah Dukun. Nu jadi dukunna Dalang Asep.

Ma Ijem leubeut ku pangalaman manggung, boh di panggung boh di televisi. Di Jakarta Ma Ijem kungsi manggung di kampus Universitas Indonesia, Taman Impian Jaya Ancol, Taman Ismail Marzuki jeung di Anjungan Jawa Barat Taman Mini Indonesia Indah.

Di Bandung manggung di Kampus Sekolah Tinggi Seni Indonesia, Universitas Pasundan, Institut Teknologi Bandung, Arjuna Plaza, Gedung Merdeka jeung Taman Budaya.

[irp]

Pentas di televisi diantarana di TVRI Stasiun Pusat ngalawak jeung Jojon. Di TVRI Bandung milu maen jeung H. Dimyati pingpinan Karawang Grup dina bodor Sunda nu judulna”Pahili Jodo”.

Di Indosiar ngeusi Acara Tembang Sunda jeung Tati Saleh, Gitto Rolies katut Heti Kus Endang.

Ma Ijem kungsi manggung di Bandung tur disiarkeun ku TVRI dina raraga Ulang Taun TVRI, ngagabung dina Kelompok M-K3 (Ma Ijem, Ki Ihin, Kusye, jeung Ko Ade).

Kelompok M-K3 kungsi ditayangkeun di TVRI Statsiun Bandung unggal malem Senen tabuh 18.30 WIB dina acara Warung Tawa.

Ngeunaan rekaman, salian ti ratusan judul rekaman jeung Topeng Banjet Ali Saban, oge sababaraha judul rekaman jeung Wayang Bobodoran Asep Sunandar,  ditambah milu dina album Lawak dan Lagu (lagu-lagu jaipongan) jeung grup Noi, Ujang Bei, Oceng Lancip, Dedi Leor tur H. Adim.

[irp]

Rumah tangga Ma Ijem dua kali boga salaki. Ti nu tiheula boga anak opat. Si cikal nelah A Gober, kadua Ade Manyin. Duanana neruskeun tapak lacak indung, jaradi pelawak.

Anak nu katilu Nuryati tara kana seni. Anjeunna mah ngawuruk ngaji. Teu neruskeun bakat indung. Sedengkeun nu kaopat Kusnadi jadi nayaga.

Masih dina widang seni. Laki-rabi jeung nu kadua dikersakeun boga bati dua, Susilawati jeung Kartika Duanana barisa nari Topeng Banjet, tapi teu bisa ngalawak kawas indungna.

Taun 2007 Ma Ijem tilar dunya. Tokoh topeng banjet nu kungsi kawentar di tatar Sunda teh tinggal ngaranna. Rombongan topengna diteruskeun ku anak cikalna, A Gober.

Najan lakuna henteu sarua jeung waktu Ma Ijem jumeneng,  rombongan topeng teh masih aya nu nanggap, boh ku nu hajat di wewengkon Karawang, boh ku nu hajat di luar Karawang.

Tags: asep sunandarBasa Sundacarita basa sundaMa IjemMa Ijem Tokoh Topeng ti Karawang
SendShare222Tweet139
Previous Post

Eceng Gondok “Runtah” di Saluran Irigasi

Next Post

Rakit Ponton di Narogtog

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
SUNDA
Berita Terkini

SUNDA

12 Februari 2021
Next Post
Rakit Ponton di Narogtog

Rakit Ponton di Narogtog

Sate Entog di Totoang Layapan

Sate Entog di Totoang Layapan

Ruhyat Kurniawan: Buku-Buku Basa Sunda Kudu Disadiakeun Ku Pamarentah

Ruhyat Kurniawan: Buku-Buku Basa Sunda Kudu Disadiakeun Ku Pamarentah

Leave Comment

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026
Prev Next
PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum
Regional

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

by Admin 001
30 Oktober 2026
0

Komisi V DPRD Jabar mendukung PWI Jabar merebut juara umum Porwanas 2027 di Lampung serta memperkuat kolaborasi diskusi publik.

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026
e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026
Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.