Ku Ki Ajar Sunyapada :
Prak pikanyaho, beungkeutan duduluran di antara dua jalma kawas patikahan anu meungkeut carogé jeung geureuha. Lamun duduluran geus kabeungkeut, mangka bakal mucunghul hak-hak pikeun anjeun dina hal harta-banda, jiwa, lisan jeung haté kalayan pangampura, doa, kaikhlasan, jangji jeung ninggalkeun beungbeurat diri.
MUNGGARAN: dina perkara harta-banda, satemenna – atawa sahenteuna, kudu ngarupakeun gandékna anjeun. Jadi pancénna jadi bagéan tina keperluan anjeun. Jalan tengahna ngajadikeun sahambal (satingkat) jeung anjeun. Sabab, duduluran nimbulkeun paguyuban jeung kasatarapan. Nu pangluhurna nngamulyakeun saluhureun anjeun. Mangka anjeun ninggalkeun urusan pribadi demi ngurus kapentinganana. Ieu ngarupakeun hambalan nu pangluhurna. Perkara ieu geus loba ditegeskeun dina sawatara hadits jeung ātsār.
Rasulullah Saw. kantos ngadawuh, “moal aya dua jalma nu sosobatan kacaba Allah mikaasih salah saurang ti maranéhanana anu leuwih mikanyaah sobatna”. (Kitab Ihyā Ū’lūmudin, kaca 165 – #251).
KADUA: mantuan kabutuhanana saméméh dipénta. Ieu miboga darajat anu sabanding jeung tilu hambalan dina ngutamakeun harta, sakumaha anu diguar di luhur.
KATILU: henteu ngadatangkeun hiji perkara anu henteu dipikaresepma. “Rasulullah Saw. henteu ngadongkapan salah saurang jalmi ku hiji perkara anu teu dipikasukana”, (HR Anas r.a.).
Prak pikanyaho, yén saupamana anjeun néangan jalma anu beresih tina aib, pasti moal manggihan. Asy-Syāfi’ī r.a. nyanggem, “moal aya hiji jalma ti kaum Muslim anu taat ka Allah, henteu maksiat ka Anjeunna. Moal aya hiji jalma Muslim anu maksiat ka Allah, teu taat ka Anjeunna. Mangka sing saha anu kataatanana leuwih badag tibatan kamaksiatanana, manéhna jalma anu adil. Lamun ieu mangrupakan hiji kaadilan enggoning hak Allah swt. mangka ieu leuwih utama enggoning hak anjeun. Prak jadi jalma anu nembrakkeun kahadéan jeung nutupan aib kagoréngan, sabab Allah swt. Ngadawuh kitu dina salah sahiji doa, “yeuh anu nembrakkeun kahadéan jeung nutupan kagoréngan”.
Prak pikanyaho yén jalma anu dipikaridho ku Allah swt. nyaéta jalma anu paripolahna kalwan akhlak-Na, nyaéta nyumputkeun aib deungeun jeung ngahampura dosa. Pikanyaho yén henteu sampurna kaimanan salah saurang satacan manéhna mikacinta dulurna sakumaha menéhna mikacinta dirina. Geus moal cangcaya deui jeung dipikaharep yén menéhna bakal nutupan auratna, ngahampura kahéngkéranana sarta nyumputkeun rusiahna.
Aya kekecapan kieu: “haté jalma-jalma anu mardika nyaéta kuburanana rusiah.” Aya ogé nu nyebutkeun, “Haté jalma bodo ayana dina sungutna, sarta létah jalma pinter aya dina haténa”.
KAOPAT: ngomong kalawan hiji perkara anu dipikaresepna ngarupakeun pujian tanpa kaluar tina bebeneran. Rasulullah Saw. ngadawuh, “Lamun salah saurang ti anjeun mikacinta dulurna, mangka béjakeun ka inyana”. (Ihyā’Ulūmuddīn, kaca 166 #252).
Perkara ieu penting pisan sabab bisa nambahan kaasih.
KALIMA: nedunan jangji jeung kaikhlasan. Perkara ieu bakal neguhkeun jeung ngalanggengkeun kacinraan tug nepi ka ajalna, sarta sabada wafatna kalawan kacintaanana ka kulawedetna jeung sahabat-sahabatna. Diriwayatkeun dina salah sahiji hadits yén Rasulullah Saw. ngamulyakeun nini-nini nu datang ka anjeunna. Terus anjeunna ditaros perkara ieu. Anjeuna ngawaler, “Manéhna mindeng datang ka kami namila Khadijah masih jumeneng”.
Prak pikanyaho yén jangji nu hadé nyaéta sabagéan tina iman sarta mngamulyakeun jangji nyaéta sabagéan tina agama. Satemenna anjeun salawasna nyawang yén kautamaan ieu ka dulur anjeun, lain ka anjeun pribadi.
Pamuga.
Ki Ajar Sunyapada, Yayasan Sawala Kandaga Kalang Sunda.