Soreang, bewarajabar.com — Sabagian fraksi di DPRD Kabupaten Bandung nitenan yen pembahasan ngeunaan APBD parobahan Kabupaten Bandung 2020 can final (tuntas).
Antukna, APBD parobahan Kabupaten Bandung 2020 batal disahkeun dina rapat paripurna DPRD Kabupaten Bandung.
Pakar hukum Tata Negara Universitas Parahyangan (Unpar) Prof. Dr. Asep Warlan Yusuf nyebutkeun yen diundurna pengesahan APBD parobahan Kabupaten Bandung 2020 bakal aya dampak kana program nu dijalankeun.
“Bakal aya dampak nu lambat dina ngarengsekeun kagiatan, lantaran masarakat ngabutuhkeun dukungan anggaran, komo deui dina waktu masa pandemi covid-19 saperti kiwari,” ceuk Asep.
APBD Parobahan ieu kudu sagancangna disahkeun. Lantaran sanggeus APBD Parobahan 2020 rampung, bakal dituluykeun nyusun APBD murni 2021.
Dina APBD murni ieu, ceuk Asep, kudu direngsekeun heula Kebijakan Umum Anggaran-Prioritas Plafon Anggaran Sementara (KUA-PPAS).
Nurutkeun Asep, saupama APBD parobahan 2020 diundur deui hal eta bakal ngahambat kana sagala rupa kabutuhan pangwangunan, kaasup masalah ngungkulan covid-19.
Ku kituna, kudu sagancangna diteang solusina. Kudu dipaluruh kasangtukang jeung alesan sabagian fraksi nu nyebutkeun yen APBD parobahan Kabupaten Bandung 2020 tacan final.
“Solusina kudu konsultasi ka provinsi pikeun bisa ngarengsekeun RAPBD nu buntu. Engke bakal aya pendamping ti provinsi sangkan bisa ngarengsekeun APBD eta,”pokna.*