Karawang, Bewarajabar.com — Taun 2.000-an katukang mun nganjang ka Karawang, di Desa Pacing Kecamatan Jatisari, utamana di Kampung Karajan, di balandongan-balandongan atawa di emper-emper hareup imah, urang bakal ningal patani keur memeres sayuran. Kayaning ngagabung (ngahijikeun beungkeutan jadi beungkeutan gede) kacang panjang jeung ngolian (ngepak) emes atawa paria. Sayuran teh dikirim unggal poe antara 6-12 ton ka pasar induk Cibitung, Bekasi.
Warga Desa Pacing lolobana patani. Pagawe negri bari tani, pagawe desa bari tani, nu daragang bari tani. Melak pare nu utama, ditambah tatanen palawija, boh di tanah sorangan boh di tanah nu lian ku cara nyewa , ngagade atawa gratisan.
Bareto tatanen palawija loba nu dilaksanakeun di sawah dina lolongkrang waktu antara tas panen katiga jeung memeh nyawah rendeng, nya eta program padi-padi-palawija tea. Melakna di sawah saha wae teu kudu nyewa. Di Pacing di sebutna gratisan. Dianjurkeun ku Penyuluh Pertanian melak kacang kadele jeung kacang hejo, tapi hasilna kurang nyugemakeun. Antukna patani resep melak sayuran nu tereh kaalana, hasilna mucekil tur gampang masarkeunana, diantarana melak kacang panjang, emes, bonteng, terong, paria, leor, waluh, jeung jagong manis.
Harita geus lumangsung leuwih ti 20 taunan patani warga Desa Pacing terus-terusan melak sayuran sapanjang taun. Lian ti gratisan teh oge ngahagal ngebon palawija di sawah. Kotakan-kotakan sawah nu deukeut ka lembur dirobah jadi kebon palawija, diparelakan sayuran. Hasilna leuwih untung tibatan melak pare. Bisa 5-10 tikel unggulna.
Contona taun 2000-an melak kacang panjang, mun keur hade tina sabau (1 bahu = 0,7 ha) ngahasilkeun 8 kwintal sakali ngala (panen). Rata-rata sausum 30 kali ngala (ngala 2 poe sakali), 30 x 8 kw = 240 kw. Harega antara Rp 1.000,- – Rp 3.000,- per kilogram. Rata-rata Rp 1.500,- per kg = Rp 150.000,- per kw. 240 kw x Rp 150.000,- = Rp 36.000.000,-Sedengkeun pare sausum sakali panen ngahasilkeun rata-rata 40 kw per bau. Harega rata-rata Rp 110.000,- per kw. 40 x Rp 110.000,- = Rp 4.400.000,-.
Jangka waktu melak kacang panjang ampir sarua jeung melak pare. Kacang panjang ti mimiti melak nepi ka panen 40-50 poe. Ti panen munggaran nepi ka seep 2-3 bulan. Jadi bisa melak 3 kali salila sataun. Sedengkeun pare di tatar Karawang ukur bisa 2 kali, dumasar kana sistem irigasi nu geus ditangtukeun.
Kauntungan sejen tatanen palawija sapanjang taun, nambahan pakasaban pikeun warga nu teu boga sawah ku cara kuli, kayaning kuli macul, ngored, masang tuturus, ngala sayuran, ngakut sayuran, ngagabung, jsb. Mun taya pagawean di kebon mah, ngandelkeun ladang nyawah atawa kuli di sawah, keur nutupan rasiko dapur oge teu mahi pikeun nu sawahna heureut mah. Komo nu teu boga sawah, kuli tani jadi andelan nganapakahan kulawarga.
Pakulian nu pang entengna tur teu kudu papanasan di kebon, nya eta ngagabung kacang panjang. Ibu-ibu nu kaparengan nyalse, teu boga pagawean, sok karuli ngagabung, ngariung di balandongan bari ngarobrol, santey, teu gurung gusuh kawas nu bisnis di kota.
Masarkeun sayuran ti Pacing gampang tur lancar. Di antara para patani aya nu baroga mobil treuk. Unggal poe treuk nu sok muat sayuran ngajugrug di tempat biasa, di antarana di hareupeun balandongan Ma Emi di Kampung Karajan. Sanggeus muat sayur di dinya, treuk ngajugjug tempat sejenna di wewengkon Pacing keneh nepi ka muatana pinuh, mun panena keur sepi, akibat loba hama jeung panyakit. Lamun keur rame mah, ku satempat oge treuk teh pinuh. Kadang-kadang teu muat. Aya kalana treuk narik dua balikan (Pacing-Cibitung).
Para patani nu miang tarumpak treuk luhureun sayuran, mapay jalan aspal nepi ka Jatisari, kota kacamatan, kurang leuwih 6 km. Di Jatisari patani pindah mobil kana beus jurusan Jakarta, turun di Cibitung. Treuk nu mawa sayuran neruskeun lampahna mapay jalan hotmix nuju ka Cikampek, ngaliwatan Simpang asup ka gerbang tol Cikopo. Lima belas menit di jalan tol, anjog ka Cibitung, Bekasi. Di Cibitung patani nungguan sayuran nu dipasarkeun nepi ka seep.
Mulang ti Cibitung antara pukul 9 nepi ka pukul 3 peuting. Mawa nota catetan harega di pasar jeung harega beresih, sesa motong ongkos treuk jeung lampak. Jadi taya sistim tangkulak, taya patokan harega di kebon. Harega kanyahoan sanggeus masarkeun di pasar.
Patani nu masarkeun sayuran ti Pacing ka Cibitung, sakali miang antara 10 nepi ka 30 urang sajalanna. Nu teu miang, nya eta patani nu panen sayuranna saeutik, sok mihape ka nu sejen. Ongkosna nurutkeun kawijaksanaan masing-masing.
Nu miang ka pasar teh bagilir, rata-rata dua poe sakali, da panennna oge bagilir, dumasar katangtuan waktu panen, model kacang panjang jeung bonteng dina sausum panen diala dua poe sakali. Tapi produksi sayuran mah tangtu mayeng unggal poe. Hasil sataunna luar biasa. Bisa diitung jumlahna. Rata-rata sapoe 9 ton, sataunna 365 x 9 ton = 3.285 ton. Pantes mun Desa Pacing disebut sentra sayuran teh.
Kiwari patani warga Desa Pacing nu tatanen palawija henteu loba. Patani nu biasana melak sayuran palawija kiwari ganti melak supa. Pindahna para patani tina tatanen palawija kana melak supa nyaeta balukar dua hal, kahiji, pelak sayuran hasilna saeutik wae, sering gagal panen, kadua, kauntungan tina melak supa leuwih unggul tibatan melak sayuran. Kitu nu didadarkeun ku Talim, salah saurang patani nu oge Ketua RT di Kampung Karajan Desa Pacing.