Karawang, Bewarajabar.com — Soekarno jeung Mochamad Hatta “diculik”, dibawa ka Rengasdengklok, Karawang, ku sawatara pamuda, nyaeta, Soekarni, Wikanta, Aidit jeung Chairul Saleh ti perkumpulan “Menteng 31”, Kemis, 16 Agustus 1945 jam 03.00 WIB. Tuluy Soekarno jeung Hatta didesek supaya buru-buru ngalaksanakeun proklamasi kamerdekaan Republik Indonesia.
Di Rengasdengklok maranehna baradami, nyaeta, antara golongan kolot nu diwakilan ku Soekarno, Mochamad Hatta katut Achmad Soebardjo jeung golongan pamuda ngeunaan iraha proklamasi rek dilaksanakeun utamana sanggeus Jepang eleh dina Perang Fasifik. Nyanghareupan eta hal, Soekarno jeung Hatta tetep teu robah pamadegan.
Sajeroning kitu di Jakarta, Chairul jeung babaturanna geus nyusun rencana pikeun ngarebut kakuasaan. Tapi, rencanana teh teu bisa dilaksanakeun sabab teu kabeh anggota PETA (Pembela Tanah Air) ngarojong kana eta rencana.
Hasil badami di Rengasdengklok, proklamasi kamerdekaan Republik Indonesia rencanana rek dibacakeun ku Bung Karno (Soekarno) jeung Bung Hatta (Mochamad Hatta) poe Jumaah, 17 Agustus 1945 di lapangan IKADA (nu kiwari jadi lapangan Monas) atawa di imah Bung Karno di Jalan Pegangsaan Timur 56. Ahirna dipilih imah Bung Karno sabab di lapangan IKADA geus sumebar beja bakal aya acara nu rek dilaksanakeun sarta nepi ka pihak Jepang, balukarna para tentara Jepang geus siap jaga-jaga.
Pikeun nyegah riributan antara warga nu ngahadiran waktu dibacakeun teks proklamasi, dipilih imah Soekarno di Jalan Pegangsaan Timur No.56. Teks Proklamasi disusun di Rengasdengklok, di imah Tionghoa, Djiaw Kie Siong. Bandera Merah Putih geus dikelebetkeun ku para pejuang di Rengasdengklok poe Kemis, 16 Agustus 1945, minangka persiapan pikeun proklamasi kemerdekaan Indonesia.
Kusabab taya berita ti Jakarta, Jusuf Kunto dikirim pikeun badami jeung para pamuda nu aya di Jakarta. Tapi, anjog ka Jakarta, Kunto ukur nepungan Wikanta jeung Achmad Soebardjo nu satuerusna maranehna miang ka Rangasdengklok pikeun ngajemput Soekarno, Hatta, Fatmawati jeung Guntur. Achmad Soebardjo ngondang Bung Karno jeung Bung Hatta miang ka Jakarta pikeun macakeun proklamasi di Jalan Pegangsaan Timur 56. Kemis, 16 Agustus 1945 tengah peuting rombongan teh nepi ka Jakarta.
Isukna, Jumaah 17 Agustus 1945 teks proklamasi kamerdekaan dibacakeun ku Soekarno. Ieu teks diketik ku Sayuti Melik ngagunakeun mesin ketik “meunang nginjeum” (nu sabenerna meunang nyokot) ti Kantor Kepala Perwakilan Angkatan Laut Jerman, Mayor (Laut) Dr. Hermann Kandeler.
Kasang tukang “penculikan”, harita Soekarno jeung Mochamad Hatta katut para tokoh sejenna miharep supaya proklamasi dilaksanakeun ku PPKI (Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia), sedengkeun golongan pamuda hayangna proklamasi dilaksanakeun sagancangna tanpa PPKI nu dianggap minangka badan buatan Jepang. Lian ti eta supaya Soekarno jeung Hatta teu kapangaruhan ku Jepang. Golongan pamuda hariwang lamun kamerdekaan nu sabenarna hasil perjuangan bangsa Indonesia, jadi saolah-olah pamere Jepang.
Samemehna golongan pamuda geus ngayakeun babadamian di salah sahiji lembaga bakteriologi di Pegangsaan Timur Jakarta, tanggal 15 Agustus 1945. Dina eta babadamian diputuskeun supaya dilaksanakeunna kamerdekaan dibebaskeun tina sagala hubungan jeung jangji kamerdekaan ti Jepang. Hasil kaputusan peutingna ditepikeun ka Ir. Soekarno, tapi ditolak ku Soekarno sabab anjeunnna ngarasa boga tanggung jawab minangka ketua PPKI.