DASAR PAMIKIRAN :
Al Mu’minuun Ayat 18
وَأَنْذِرْهُمْ يَوْمَ الْآزِفَةِ إِذِ الْقُلُوبُ لَدَى الْحَنَاجِرِ كَاظِمِينَ ۚ مَا لِلظَّالِمِينَ مِنْ حَمِيمٍ وَلَا شَفِيعٍ يُطَاعُ
Dan Kami turunkan air dari langit menurut suatu ukuran; lalu Kami jadikan air itu menetap di bumi, dan sesungguhnya Kami benar-benar berkuasa menghilangkannya.
Al Baqarah Ayat 164
إِنَّ فِي خَلْقِ السَّمَاوَاتِ وَالْأَرْضِ وَاخْتِلَافِ اللَّيْلِ وَالنَّهَارِ وَالْفُلْكِ الَّتِي تَجْرِي فِي الْبَحْرِ بِمَا يَنْفَعُ النَّاسَ وَمَا أَنْزَلَ اللَّهُ مِنَ السَّمَاءِ مِنْ مَاءٍ فَأَحْيَا بِهِ الْأَرْضَ بَعْدَ مَوْتِهَا وَبَثَّ فِيهَا مِنْ كُلِّ دَابَّةٍ وَتَصْرِيفِ الرِّيَاحِ وَالسَّحَابِ الْمُسَخَّرِ بَيْنَ السَّمَاءِ وَالْأَرْضِ لَآيَاتٍ لِقَوْمٍ يَعْقِلُونَ
Sesungguhnya dalam penciptaan langit dan bumi, silih bergantinya malam dan siang, bahtera yang berlayar di laut membawa apa yang berguna bagi manusia, dan apa yang Allah turunkan dari langit berupa air, lalu dengan air itu Dia hidupkan bumi sesudah mati (kering)-nya dan Dia sebarkan di bumi itu segala jenis hewan, dan pengisaran angin dan awan yang dikendalikan antara langit dan bumi; sungguh (terdapat) tanda-tanda (keesaan dan kebesaran Allah) bagi kaum yang memikirkan.
Cai teh kaasup salasahiji unsur jagat raya, buana agung, atawa bumi ageung (makrokosmos), ari unsur lianna aya angin (hawa), seuneu, jeung taneuh (bumi). Eta opat unsur jagat raya teh sajalan jeung tangtungan Pilusup Yunani, Empetocles. Dina sawangan pilusup India (Sangkhya), ditambahan jadi lima, nya eta unsur kosong (ether) anu nuduhkeun hal-hal anu cicing (vacuum). Kitu deui, dina sawangan pilusup Cina, aya unsur cai, seuneu, taneuh, kai, jeung beubeusian (logam). Tetela aya beda sawangan antara pilusup Yunani, India, jeung Cina. Pilusup Yunani jeung India meh padeukeut, ari pilusup Cina mah kaitung jauh. Aya unsur anu sarua nya eta cai, seuneu, jeung taneuh. Sabangsa unsur kai jeung beubeusian ku pilusup Yunani jeung Indi mah diasupkeun kana unsur taneuh, ari pilusup Cina mah dipisahkeun. Unsur angin anu dina palasipah Yunani jeung India aya, dina pasalipah Cina mah dileungitkeun. Kumaha ari di Sunda? Pilusup Sunda nyoko ka nu mana? Tina pabukon anu kapanggih, pilusup Sunda mah leuwih beurat kana sawangan pilusup Yunani jeung India.
Pasipatan jagat raya anu diebrehkeun ku unsur cai, angin, seuneu, jeung taneuh, kapanggih oge dina pasipatan jagat alit, buana alit, atawa bumi alit (mikrokosmos), nyatana dina awak manusa atawa mahluk hirup. Unsur cai dina jagat raya anu mangrupa hal-hal encer, kapan dina awak urang sarua jeung getih atawa barang encer lianna. Unsur angin dina alam sarua jeung engapan (napas) dina diri manusa. Unsur seuneu dina alam sarua jeung panas dina awak manusa. Ari unsur taneuh dina alam sarua, anu ngajadikeun barang teuas saperti batu, beusi, gunung, sarua jeung daging, tulang, katut barang teuas lianna di manusa. Ku lantaran kitu, teu kudu aneh upama kaayaan jagat raya gede pangaruhna kana kahirupan manusa.
Cai teh gede gunana pikeun kahirupan manusa, malah sok disebut-sebut jadi sumber kahirupan (QS Al-Anbiya:30; QS Al-Haj:5; GQ Az-Zukhruf:11). Cai teh diturunkeun ti langit. Ku cai, Alloh ngahirupkeun tanah cengkar (QS Al-Baqarah:164). Rea keneh suat-surat sejenna dina Qur’an anu nerangkeun bab cai. Cai sok dipake pikeun susuci. Geuning aya pupujianana anu nerangkeun bab cai. Geura urang cutat.
Dupi sadayana cai, nu sok dianggo susuci, eta aya tujuh rupi, walungan anu kahiji. Cai laut kaduana, cai sumur katiluna, cai ibun kaopatna, cai es nu kalimana. Cai nyusu kagenepna, cai hujan katujuhna, eta cai sadayana, sah dianggo susucina.
Ceuk palasipah Sunda, watek cai teh nya eta handap asor bari balabah, tara aya cai nu ngapung ka luhur atawa palid ka tonggoh. Kajeun ngarayap dibelaan mapay ka handap, ahirna teu burung nepi ka sagara lega. Tukuh junun dina enggoning ngudag maksud. Dibelaan narutus gunung batu, naratas tegal cadas. Pangna muncul paribasa “Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok”. Tapi, lamun cai dibendung, kajeun caah leleberan ti batan pegat nya lumampah. Cai sanggup mere hirup sanes karana hurip. Di mana cai datang amarahna, balukarna matak ruksak sakur nu kalambak (Buktina: galura Tsunami di Aceh, di Basisir Kidul Indonesia).
Dipatalikeun kana kapercayaan ngeunaan wewedalan, cai teh dipake lambang (simbol) jalma anu wedalna poe Jumaah. Ieu jalma watekna handap asor tur balabah. Dina milampah hiji pagawean sok satahap-satahap, tara gurung gusuh, tenang, alon-alon asal kalakon, kajeun kendor asal ngagembol. Tukuh junun dina enggoning ngudag maksud. Perbawana tenang, adem, tur dipikabutuh ku sarerea. Ngan lemahna teh, lamun kahayangna dipondah atawa dipungpang, sok murugul, kuma aing, mawa karep sorangan. Komo mun geus ambek atawa datang amarahna mah, jalma nu boga watek cai mah bakal ngamuk hese dihalanganana.*
Cai dianggap bisa dijieun sarana pikeun ngabersihkeun). Cai dianggap bisa dijieun sarana pikeun ngabersihkeun. Kapan cai nepi ka kiwari dipaké pikeun mandi mersihan awak.
Mun cek istilah Karl A. Witfogel (urang Jerman) mah urang Sunda téh kakolomkeun kana hydrolic society, masarakat nu teu leupas tina cai. Ari kituna mah geus pada-pada maphum yén tanah Sunda téh cenah kawentar daérah nu subur ma’mur. Ari salasahiji ciri suburna taneuh téh nyaéta ku cur-corna cai. Ceuk nu resep heureuy téa mah cenah diciptakeunana Tatar Sunda ku Gusti Alloh téh ngadamelna ogé bari “marahmay, tur imut ngagelenyu”.
Ngahaturkeun
WILUJENG TEPANG WARSI NU KA 9
KA
YAYASAN SAWALA KANDAGA KALANG SUNDA
Ti MAJELIS CENDIKIAWAN KERATON NUSANTARA
SUMEDANG LARANG