Hiji mangsa salah saurang santri naros ka Kiyai Haji Ahmad Dahlan: “Naon Ari nu disebat agama téh, kiyai”?
· KH Ahmad Dahlan teras nyandak piul (biola) der bae nembang “Asmarandhana” nepi ka para santrina kaépéndé ku éta tembang.
Lajeng anjeuna tumaros, “Cing naon anu ka aranjeun dirasakeun sabada ngadangukeun éta lagu?”
“Abdi ngaraoskeun hiji kaéndahan, Kiai,”_ jawab Daniel.
“Sapertos ngimpén raraosan mah” sambung Sangidu.
“Sakumna pasualan sigana ngadadak ilang. Tingrim” cék Jazuli.
“Damei pisan” sambung Hisman.
“Tah, nya éta agama” waler KH Ahmad Dahlan. “Jalma anu ngagem agama nyaéta jalma mu ngarasakeun kaéndahan, rasa tingtrim, damei sabab hakékat agama téh kawas musik. Nangtayungan jeung nyimbutan”.
Sabada éta salah saurang santri – Hisman – nyoba ngését biola tadi, terus ngahasilkeun sora kawas nu ngajerit, matak pusing nu ngadéngéjeunana.
“Wah, saontenna amburadul, kiai..? ” cék Hisman bari semu nu éra.
“Tah, kitu deui agama. Lamun urang henteu neuleuman kalawan hadé, mangka agama ngan bakal nyieun diri sorangan jeung lingkungan kaganggu” saur Kiai.
“Oooo kitu…. “. Jadi sangkan bisa ngagem agama kalawan hadé, urang teu meunang pipilueun, tapi kudu ngarti kana élmuna. Kawas tadi, ngan kusabab ninggali Kiai ngését biola, ulah langsung mikir yén urang ogé pasti bisa maén biola.” Cék Jazuli.
“Kacindekkan nu hadé ” waler Kiayi, … “Aya deui kacindekkan séjén?”
“Dina ngagem agama, urang teu bisa ngan ngandelkeun kahayang wungkul, ngan kusabab ngarasa yén éta kahayang téh hadé. Misalna, tadi abdi gaduh kahoyong kanggo ngését biola, tapi buktosna kahoyong abdi téh malah ngaganggu abdi sareng nu sanésna” cék Hisman.
Kacindekkan anu hadé ! Jazakallah. Puji kiyai.
*Pamuga dina ngalakonan agama nu diimanan ku urang, urang mampuh ngahormat batur.
Padukuhan Pakujajar, wanci janari leutik,
Awal Maret 2019
Ki H Dr. Iiwan D. Natapradja.