Karawang, Bewarajabar.com — Sawatara taun katukang, di Karawang, ti puseur Kecamatan Ciampel, ngajugjug Dusun Parungnala Desa Tegallega kudu ngaliwatan tangkal kalapa golondongan nu digolerkeun dijieun sasak. Najan usum halodo, tumpak sapedah motor luhureun tangkal kalapa golondongan matak paur, mun tikosewad pasti ragrag.
Komo usum hujan, tangkal kalapa nu lesang teh jarang nu wanieun ngaliwatan. Jeung deui, dina usum hujan jalan ka Parungnala hese diliwatan kendaraan, lantaran belok.
Jadi, usum hujan warga Parunglana henteu pati loba liar, caricing wae di lemburna. Mun liar ka kota, warga Parungnala jarang ngaliwatan sasak tangkal kalapa nu tembus ka Dusun Narogtog, nu nerus ka jurusan Desa Mulyasejati, maranehna leuwih sering meuntas Citarum make parahu lebah pameuntasan.
Aya dua pameuntasan pikeun warga Parungnala miang ka kota, nyaeta pameuntasan Talibaju nu tembus ka Desa Cikaobandung Kecamatan Jatiluhur, Purwakarta, jeung pameuntasan Cilele nu tembus ka Desa Cilangkap Kecamatan Babakancikao, Purwakarta.
Warga Parungnala leuwih mikawanoh kota Purwakarta, puseur kabupaten tatanggana, tibatan mikawanoh kota Karawang, puseur kabupaten sorangan. Sabab, puseur kota tatangga pernahna leuwih deukeut tibatan puseur kota sorangan.
Kiwari jalan ka Parungnala geus dihadean. Kitu deui sasak tangkal kalapa, geus diganti. Tapi, tetep warga Parungnala leuwih loba nu ka kota Purwakarta tibatan ka kota Karawang lamun balanja pikeun nyumponan pangabutuhna.