Karawang, Bewarajabar.com — Bendungan Walahar di Desa Walahar Kecamatan Klari, Karawang, mangrupa bendungan jieunan Belanda nu mimiti digunakeun taun 1925, ngabendung walungan Citarum pikeun nyaian sawah di tatar Karawang jeung sabudeureunna.
Citarum caina dibendung di bendungan “induk” Walahar, dikamalirkeun ngaliwatan bendungan “intake” ka beulah kaler ngamalir mapay saluran irigasi Walahar, nyambung ka saluran irigasi Tarum Utara Barat (TUB) diantarana nu ngaliwatan Karawang Barat, Rengasdengklok, jst., oge ka saluran irigasi Tarum Utara Timur (TUT) diantarana ngaliwatan Jatisari, Banyusari, meuntas ka wewengkon Kabupaten Subang.
Bendungan Walahar kiwari beuki rame, utamana dina poe pere tanggal muda, waktuna gajihan nu digarawe di pabrik jeung sajabana. Ramena teh ku nu ngadon arulin, ngadon niis sisi irigasi sabudeureun bendungan bari dalahar murak timbel atawa nyaksian cai nyurug deukeut bendungan.
Dina bulan puasa ramena pasosore, antara wanci asar jeung magrib, rame ku nu ngadon ngabuburit. Lian ti eta rame oge ku nu daragang, utamana nu daragang dahareun pikeun buka puasa, kayaning, kolek, asinan, jsb.
Nu daratang ka Walahar lolobana urang Karawang. Aya oge nu ti luar Karawang, kayaning Subang, Purwakarta, Bekasi, Bogor, Cianjur, jeung sajabana. Malah teu saeutik nu ti luar Jawa Barat diantarana ti DKI Jakarta.
Warga nu deukut ka bendungan daratang teh lain poe pere wungkul, poe-poe biasa oge sok aya wae nu daratang, boh nu ngadon ulin boh nu ngadon dahar sisi irigasi kalereun bendungan “intake” atawa di tempat-tempat “wisata kuliner” sabudeureun bendungan nu nyadiakeun pais jambal, sate maranggi, beuleum nila, jsb.
Ari poe Minggu jeung poe pere sejenna, isuk-isuk di sabudeureun bendungan jeung di jalan sapanjang sisi irigasi Walahar antara bendungan jeung lebah Kawasan Industri Citarum (Grup Texmaco), pinuh ku jalma nu jalan-jalan jeung lari pagi, pagaliwota diantara nu daragang.
Kalereun bendungan, di sisi jalan sapanjang sisi irigasi Walahar antara bendungan jeung lebah Kawasan Industri Citarum (Grup Texmaco) warung-warung ngajajar. Nu ngaraliwat, karyawan nu digarawe di kawasan industri Ciampel jeung di zona industri Klari jeung nu sejenna biasana sok ngadon reureuh di eta warung-warung.