Subang,bewarajabar.com – Wakil Bupati Subang Agus Masykur Rosyadi S,Si., MM ngaluuhan kagiatan ngareuah reuah milangkala ka 42 SMK PGRI Subang, lumangsung di pakarangan lapang upacara SMK PGRI Subang, Kemis (22/1/2019) nu kaliwat.
Acara diluuhan oge ku Kepala Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Kepala Cabang Dinas Wilayah IV Dinas Jawa Barat, Ketua PGRI Kab. Subang, Kepala SMK PGRI Sa Kabupaten Subang, sakumna guru katut siswa siswi SMK PGRI Subang.
Dina biantarana Agus Masykur miharep ku dilaksanakeunna eta kagiatan sumanget siswa siswi bisa terus ngaronjat turta nyiptakeun hal anyar atawa inovasi di satiap jurusanna, turta kudu bisa aya mangpaatna ka masarakat. Turta diharepkeun siswa siswi ti PGRI eta leuwih loba sarta ngamotivasi diajar pikeun masarakat di Kab Subang.
“Dina umurna nu ka 42 taun, SMK PGRI Subang kudu leuwih maju tur mekar, tangtuna eksistensina di Kab Subang dibutuhkeun pisan ku masarakat, lantaran dunia lapangan pekerjaan kiwari numuwuhkeun jalma jalma nu ahli dina bidangna utamana dina bidang jurusan nu aya di ieu sakola,” ceuk Agus Masykur.
Ku kituna, Agus Masykur umajak pikeun babarengan ngawangun Kabupaten Subang saluyu jeung program kerja Bupati Katut Wakil Bupati Subang nu boga karep ngajadikeun Kabupaten Subang Jawara (Subang Jaya, Subang Sejahtera tur Subang Juara), salah sahijina ku ngalaksanakeun program tina visi Subang Jawara nu geus laksana nyaeta Subang bersih bersih. “Hayu urang babarengan ngabiasakeun hirup bersih di sakola turta di satiap kelas sewang sewangan,” pokna.
Dina eta kasempetan Agus Masykur narima layang pangajen ti Kepala SMK PGRI Subang hasil karya seni ti siswa siswi turta diteruskeun nempoan stand pameran kejurusan SMK PGRI Subang dibarengan ku Kepala SMK PGRI Subang, katut Ketua PGRI Subang. Dina satiap nempoan stand, Agus Masykur ngobrol jeung siswa siswi tiap jurusan, turta ngaapresiasi kana kaahlianna dina bidang jurusan sewang sewangan.
“Kuring ngaharepkeun eta kaahlian bisa jadi bekel sanggeus lulus ti sakola turta kudu bisa ditumuwuhkeun di lapangan kerja sarta jadi modal husus dina nyiptakeun lapangan kerja,” tandes Agus Masykur nu harita teu poho ngasaan kadaharan nu geus disadiakeun ku siswa siswi ti Program Kompetensi Keahlian Perhotelan.
Anapon nu ditampilkeun dina stand nyaeta karya karya panghadena tina hasil lomba jurusan ti sewang sewang jurusan, diantarana bidang kejurusan otomotif, seni lukis, tata busana, program kompetensi keahlian perhotelan sarta kejurusan sejenna.