Karawang, Bewarajabar.com — Situ Kedungwaru, nyaeta situ sisi walungan Citarum nu aya di Kampung Kedungwaru Desa Kutapohaci Kecamatan Ciampel Kabupaten Karawang, kiduleun objek wisata tirta bendungan Parisdo, Desa Walahar Kecamatan Klari.
Situ Kedungwaru asalna tanah darat sisi Citarum nu digali diarah keusikna, digali nepi ka ukuran jerona leuwih ti ukuran jangkung tangkal kalapa. Tuluy cai Citarum asup ka urut galian keusik balukar tanggulna rempag. Urut galian keusik caian ngemplang, jadi situ tempat jarah lauk.
Lauk dipiara di jaring apung di situ Kedungwaru ku sawatara warga Kampung Kedungwaru nu resep kana miara lauk. Mangsa panen, lauk diala ku nu melakna, dijual ka nu butuhna, nu meuli ngecer atawa nu ngaborong.
Nu diala di situ Kedungwaru, lain ukur lauk meunang miara, tapi oge lauk jarah ti Citarum, kayaning serepeng (genggehek), kebogerang (baung), nila, tagih, jambal, balida jeung sajabana. Ngalana, aya nu ‘dijala’ (diheurap, dikecrik), dipasangan ‘anggoh’ (dijaring), diuseupan, jeung rea-rea deui.
Nu nguseup di situ Kedungwaru lain ukur warga Kedungwaru, warga ti luar Kedungwaru oge aya. Malahan aya warga nu daratang ti luar Karawang. Maranehna ngahaja datang ka situ Kedungwaru ngadon nguseup jeung ngadon dahar.
Mun ieu situ aya nu nata, dibeberes jadi salah sahiji objek wisata tirta, jigana Kampung Kedungwaru jadi rame. Nu daratang, lain ukur ngadon meuli lauk atawa nguseup, tapi oge diantarana, ngadon pelesir murak timbel sisi cai.