Minggu, November 1, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Panineungan Ngajugjug Obyek Wana Wisata Curug Cigeuntis

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
7 Desember 2020
in Warta Sunda
0
Panineungan Ngajugjug Obyek Wana Wisata Curug Cigeuntis

Wahangan Cigeuntis deukeut sungapanna, objek wisata di Gunung Sanggabuana, 100 meter deui ka Curug Cigeuntis. Ngalongok ieu wewengkon, mulangkeun panineungan sanggeus 23 taun tara ka dieu. (Poto: Dok. Sunta Atmaja)

Share on FacebookShare on Twitter

Karawang, Bewarajabar.com — Taun 1997 Obyek Wana Wisata Curug Cigeuntis  pernahna di gunung Sanggabuana, Desa Mekarbuana Kecamatan Pangkalan Kabupaten Karawang. Kiwari, sanggeus pamekaran, Desa Mekarbuana kaereh ka Kecamatan Tegalwaru.

Ngajugjug curug Cigeuntis, ti kota Karawang maju ngidul, ngaliwatan desa-desa kawasan industri Kecamatan Telukjambe (sanggeus pamekaran jadi Telukjambe Timur jeung Telukjambe Barat), mapay jalan hotmix, kurang-leuwih 30 menit tumpak mobil atawa motor nepi ka wewengkon Pangkalan.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Mun dijugjug make angkutan umum, ti Parapatan Johar naek mobil jurusan Pasar Loji Pangkalan (ayeuna Tegalwaru). Tuluy naek ojeg 1,5-2,0 km ngajugjug Kampung Parakanbadak, tungtung jalan aspal, atawa Kampung Jayanti, lembur pangdeukeutna ka lokasi.

Mun make mobil pribadi, mobil diparkir di deukeut jambatan anyar, luhur wahangan Cigeuntis, nu nepungkeun Kampung Parakaranbadak jeung Kampung Jayanti Desa Mekarbuana. (ayeuna bisa parkir di Kampung Jayanti). Ti dinya leumpang mapay jalan batu, nyalusur lamping gunung Sanggabuana, malipir gawir wahangan Cigeuntis, ngaliwatan Bumi Perkemahan Pramuka Kwarcab Karawang (ayeuna Bumi Perkemahan pindah ka lebak).

[irp]

Kemis, 25 Desember 1997, nu nulis dianteur ku Apun Sopian, karyawan Texmaco Perkasa Engineering, jeung Dohim, guru SDN Kutanegara III.  Sepeda motor dititipkeun di Nana Tatang, Ketua “Kompepar” (Kelompok Penggerak Pariwisata) nu sapopoena mingpin SDN Mekarbuana II, oge ketua LKMD Desa Mekarbuana (kiwari tos tilar dunya).

Sanggeus ngobrol jeung Ketua Kompepar ngeunaan wisata curug, disambung ngobrol jeung Pjs. Kades Mekarbuana, Rahlan BA, ngeunaan program desa nu keur digarap, nyaeta nyieun jambatan Cibuluh jeung Cibalisuk, tuluy amitan neruskeun lumampah ngajugjug lokasi.

[irp]

Tabuh 13.20 miang ti Pos Retribusi  deukeut SDN Mekarbuana II, Kampung Jayanti. Tanjakan beuki netek, antara 45-75 darajat. Sapuluh menit ti harita, di mumunggang gunung reureuh heula, teu kuat napas jeung tuur nyorodcod. Reureuh di saung warung, nyawang jalan urut leumpang, neuteup lengkob nu dipapaes ku imah-imah nu parentul.

Sajajalan amprok jeung jalma-jalma nu sarua naek gunung, pelesir di curug Cigeuntis. Balawiri aya nu turun aya nu naek. Jumlahna nurutkeun Ketua Kompepar nu kacatet dumasar seepna karcis, leuwih ti 2.000 urang di poe Natal ieu (25-12-1997). Rame model kieu biasana poean Taun Baru jeung Lebaran (Idul Fitri). Poe pere biasa (Minggu) rata-rata 200-300 urang, nu daratang rata-rata wisatawan lokal. Di Poe Natal, Taun Baru jeung Lebaran, nu daratang ti Karawang, Bekasih, Jakarta jeung sabudeureunna.

[irp]

Anjog ka Gerbang Wisata, ngaso deui ngobrol jeung Polisi Hutan (Polhut) nu ngajaga eta gerbang.  Ceuk salah saurang Polhut, lokasi Curug Cigeuntis 370 meter deui.

Hawa tiris mimiti karasa. Sora tonggeret mapaes suasana leuweung, ditema ku sora cai dina gawir nu gurawes. Memeh anjog ka curug, leumpang mapay wahangan, nincakan batu-batu nu gedena rupa-rupa, ti mimiti sagede beuteung munding nepi ka sagede beuteung gajah. Nu sagede leuit oge aya, malah aya nu gedean ti kitu.

[irp]

Di lokasi curug, rupa-rupa paripolah jalma. Aya nu dariuk dina batu, jarajan di jongko warung, nu marandi handapeun curug, jrrd. Abas (30 taun) salah saurang padagang di loaksi curug netelakeun, nu daragang di dieu aya 20 urang. Panghasilanana antara Rp 5.000,- nepi ka Rp 20.000,- sapoe.

Nurutkeun Ketua Kompepar, jumlah nu daragang di Kampung Parakanbadak jeung Kampung Jayanti ditambah jongko warung sapanjang lamping gunung nepi ka lokasi, kurang-leuwih aya 200 urang.

[irp]

Harega jual dahareun jeung inumeun rata-rata: mih godog Rp 800,-, teh botol, cai botol 500 ml Rp 800,-, sprit Rp 1.000,- kadu Rp 3.000,- nepi ka Rp 7.000,-.

Pantes matak betah oge. Utamana pikeun warga Karawang tatar kaler, nu sapopoena ukur ningal sawah ngaplak; teu apal istilah “lebak”, “tonggoh”, “nanjak”,“mudun”, jsb., heug nyaba ka pagunungan model kieu, rasa cape balas nanjak ngadadak sirna.

[irp]

Komo waktu neuteup curug nu luhurna kurang-leuwih 50 meter, nu sakurilingna rajeg tangkal raksamala jeung rungkun kakayon, teu karasa waktu nyerelek geus sore.

Tabuh tilu kurang, turun gunung. Teu cape teuing turun mah. Anjog ka Jayanti, langsung disuguhan dahar ku Ketua Kompepar, deungeunna “goreng hayam kampung”. Bayangkeun weh, ni’matna, moal poho dua minggu.

Tags: artikel basa sundaBasa Sundaberita basa sundacarita basa sundaMancanagaraparibasa sundapelajaran basa sundasajaksajak basa sundaSate Entogsunta atmajaWarta Sundawarta sunda online
SendShare196Tweet123
Previous Post

Kampung Badami Tempat Baradami Para Pangagung

Next Post

Bersama Jabar Explore, bank bjb Siap Kembangkan Rute Pariwisata Baru di Jawa Barat

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Next Post
Bersama Jabar Explore, bank bjb Siap Kembangkan Rute Pariwisata Baru di Jawa Barat

Bersama Jabar Explore, bank bjb Siap Kembangkan Rute Pariwisata Baru di Jawa Barat

Sandiwara Sunda “Durjana” di Karawang

Sandiwara Sunda "Durjana" di Karawang

Penyemprotan Disinfekktan di Kel. Pasirwangi Guna Cegah Covid-19

Penyemprotan Disinfekktan di Kel. Pasirwangi Guna Cegah Covid-19

Leave Comment

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026
Prev Next
e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang
Regional

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

by Admin 001
30 Oktober 2026
0

Bandung, Giwangkara.com - Kabupaten Sumedang menjadi salah satu daerah yang mendorong transformasi digital pemerintahan hingga tingkat desa. Salah satu langkahnya...

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026
Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026
BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.