Garut, bewarajabar – Enggoning ngarojong program ngaronjatkeun ajen Untuk menunjang program peningkatan mutu peserta didik dina bidang olahraga, di lingkungan sakola, YPLR (Yayasan Pembina Lembaga Pendidikan) PGRI (Persatuan Guru Republik Indonesia) Kabupaten Garut ngayakeun pekan olahraga siswa-siswi tingkat Kabupaten Garut taun 2019 salila tilu poe, ti Senen nepika Rebo (7-9/1/2019), lumangsung di SMP/SMA PGRI Kabupaten Garut, Jalan Guntur Melati No. 40 A Kelurahan Haurpanggung Kecamatan Tarogong Kidul Kabupaten Garut, sawatara waktu katukang.
Dipirig ku tema “Pekan olahraga antar siswa-siswi SMP, SMA, dan SMK PGRI Kabupaten Garut kita tingkatkan soliditas solidaritas dan sportifitas peserta didik dilingkungan YPLP Kabupaten PGRI Garut”, sacara rersmi kagiatan dibuka ku Plt Kepala Dinas Pendidikan Kabupaten Garut, Totong, S.Pd., M.Si., diluuhan Ketua PGRI Provinsi Jawa Barat, DR. H. Eddy Permadi, M.M.Pd., Ketua YPLP PGRI Kabupaten Garut, H. Encang, S.Pd., M.M., Pengawas SMA, Pengurus Rayon, sarta ondangan sejenna.
Dina biantarana Totong nembrakkeun yen ngaapresiasi eta kagiatan, turta geus komunikasi jeung pangurus PGRI Provinsi Jawa Barat, sangkan ngadorong kagiatan sarupa bisa dilaksanakeun di tingkat Provinsi Jawa Barat.
Tumali jeung eta hal, Eddy Permadi nandeskeun yen eta kagiatan ngan aya di Kabupaten Garut, turta mugia diturutan ku kabupaten/kota sejenna nu aya di Jawa Barat. “Insya Allah, eta kagiatan bakal dilaksanakeun di tingkat provinsi, turta dina waktu deukeut ieu bakal ngondang sakumna pangurus pikeun ngabahas eta hal,” pokna.
Jeroning kitu, Ketua Pelaksana, Drs. H. Agus Supendi, M.M.Pd., ngungkabkeun, eta kagiatan geus jadi agenda taunan, pikeun ngaronjatkeun soliditas tur solidaritas sarta sportifitas peserta didik ku kagitan olahraga di lingkungan YPLP Kabupaten Garut.
“Ku pekan olahraga, salian ti ngahijikeun rasa kabersamaan turta ngaraketkeun silaturahmi antar pesera didik jeung sakola dilingkungan YPLP Kabupaten Garut, oge pikeun ningkatkeun kasehatan jasmani tur rohani, numuwuhkeun turta ngamekarkeun kaparigelan, sakaligus neangan bibit nu boga bakat,” ceuk Agus.
Agus nambahkeun yen dina eta kagiatan ngan dua cabang olahraga nu dilombakeun nyaeta voli jeung futsal, sarta peserta teu ngarangkep dina tiap cabang nu dipertandingkeun. ( Drs H. E. Rukanda JK.MS )