Soreang, bewarajabar.com — Anggota DPRD Kabupaten Bandung, Acep Ana netelakeun yen salah sahiji implementasi kolektif kologial DPRD nyaeta Badan Musyawarah (Bamus).
Dina harti, dinamisasi pendapat nu aya di Bamus dina waktu geus ketok palu kaputusan ku pingpinan Bamus, nyeta geus mutlak jadi kaputusan Bamus.
“Lain kaputusan pribadi, fraksi, partai, atawa saha wae eta,” ceuk Acep Ana, nu ngarupakeun anggota Bamus DPRD Kabupaten Bandung.
Acep Ana netelakeun, yen kolerasi teu ditarimana laporan banggar di Bamus dina proses rapat di Gedung DPRD Kabupaten Bandung sababaraha waktu katukang, aya silang pendapat antara ditarima jeung perlu kasaluyuan ngeunaan eusi laporan banggar.
Diantarana, Acep mere conto, CPCL jeung hal-hal sejenna nu aya hubunganna jeung pemulihan pasca pandemi covid-19. Eta hal teh teu bisa ditepikeun dina rapat Bamus.
Kulantaran ayana sababaraha hal dina rapat bamus eta, antukna rapat kungsi magol salila 30 menit.
Acep netelakeun, Ketua bamus ngabasajankeun basa (bahasa) ku cara ngabsen tiap Ketua Fraksi nu aya di Banggar kucara dua pilihan nyaeta antara nolak jeung narima.
Alhasil, Partai Demokrat, Nasdem, PKB nolak, sedengkeun PKS nolak kucara ngungkabkeun deui kahayang awal kaopat fraksi nyaeta ngarekomendasikeun pikeun aya kasaluyuan atawa kasapukan.
“Fraksi PDIP jeung PAN abstain sarta dua fraksi deui nyaeta partai Golkar jeung Gerindra bisa narima,” pokna.
Dumasar kana hal eta, inyana sapuk sapamadegan yen kaputusan teu ditarimana laporan Banggar teh nyaeta ngarupakeun kaputusan Bamus ngaliwatan Ketok Palu Ketua Bamus.
Pamungkas, tangtuna jadi harepan sarerea yen anggaran parobahan kudu bisa tepat sasaran turta bisa ngadatangkeun mangpaat optimal pikeun masarakat Kabupaten Bandung, hususna.*
Discussion about this post