Sabtu, Oktober 31, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Vihara Sian Djin Kupoh

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
26 Januari 2021
in Warta Sunda
0
Vihara Sian Djin Kupoh

Vihara Sian Djin Kupoh

Share on FacebookShare on Twitter

Karawang, Bewarajabar.com — Bihari Karawang salah sahiji kota palabuan penting nu loba didatangan ku padagang asing, diantarana padagang ti  nagri Cina. Palabuan jaman harita nyaeta palabuan Tanjungpura. Para padagang ti Cina  loba nu nganjrek di Karawang. Ku sabab  beuki lila beuki loba bangsa Cina nu nganjrek, tangtu diperlukeun tempat ibadah pikeun maranehna, nyaeta vihara. Ahirna diadegkeun Vihara Sian Djin Kupoh, vihara munggaran di Karawang.

Vihara Sian Djin Kupoh pernahna di Kampung Benteng, Kelurahan Tanjungpura, Kecamatan Karawang Barat, sisi walungan Citarum. Teu jauh ti vihara, beulah kulon-kidul, walungan Cibeet ngamuara ka walungan Citarum. Ieu vihara gampang dijugjug sabab aya di jalur utama jalan Karawang-Jakarta. Ti jalan raya, kurang-leuwih 100 meter maju ngidul mapay jalan desa anjog ka lokasi.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Komplek vihara nyanghareup ka beulah wetan, aya dina lahan nu legana kurang-leuwih  5000 meter pasagi. Hareupeun  komplek vihara aya buruan tempat parkir nu lega. Panto gerbang komplek vihara mibanda ciri has nyaeta warna beureum, hateupna ngawangun pelana dua susun. Di bagian luhur aya plang ditulisan hurup Cina. Di bagian luhur plang aya tulisan angka taun 1986.

Di pakarangan bagian jero gerbang aya altar Thian Seng, nyaeta altar pikeun sesembahan ka pangeran (Tuhan Yang Maha Esa). Di juru kulon-kaler jeung kulon-kidul aya tempat meuleum keretas. Sawatara tihang  dihias ku naga nu ngabeulit eta tihang. Di bagian panghareupna aya altar Mun Sen (Dewa Tukang Jaga Panto). Di Beulah kulon (bagian jero) altar Mun Sen aya  altar Sam Kwan Tay Teu (Tilu Dewa nu Ngawasa Alam)

Rohangan nu saterusna  tempat sambeang ka Sian Djin Kupoh. Di dinya aya  altar Thuthi Pa Kung (Dewa Bumi) mangrupa parahu relif Hok Luk Shu nu hartina kauntungan, kakayaan, jeung panjang umur. Dina altar Sian Djin Kupoh taya arca, nu aya ukur tempat meuleum hio. Di juru wetan-kaler aya lonceng parunggu nu ngagantung ti taun 1437 jeung sarupaning lempengan parunggu nu dijieun taun 1892. Dina lalangit aya sawatara barang nu digantung diantarana lampu jeung lampion. Di tukangeun rohangan Sian Djin Kupoh aya rohangan deui nu gunana tempat ngumpul para biksu jeung teecu.

Di beulah kaler ieu wangunan aya wangunan tempat sambeang ka Sang Buddha. Di beulah kulon wangunan utama aya wangunan deui tempat altar Dewi Kwan Im (Awalokiteswara). Di Beulah tukang rada ka kaler aya altar Liung Shen Pakung (Dewa Naga). Dina eta altar aya patung sapasang naga.

Vihara Sian Djin Kupoh diadegkeun taun 1700 ku padagang Cina marga Elan, Kho jeung  Ciau. Mimitina eta vihara nyanghareup ka walungan Citarum, ka beulah kulon. Taun 1800-an vihara teh kahuruan. Tuluy dibangun deui kalayan nuturkeun aturan kaidah hong shui, dirobah jadi nganghareup wetan (arah kahirupan). Pamugaran sanggeus kahuruan lumangsung taun 1863-1865. Ayeuna eta vihara dilola ku Yayasan Sian Djin Kupoh.

Vihara Sian Djin Kupoh mangrupa tempat ibadah pikeun nu ngagem agama Buddha Mahayana. Dina raraga supaya suasana husu waktu sambeang, pihak yayasan napelkeun bewara di sawatara dingding nu unina :

“Dina raraga ngajaga katartiban jeung husu nalika sambeang, dipiharep nu datang/teecu/umat supaya henteu mere duit ka nu baramaen di jero kawasan vihara”.

Ku ayana eta bewara katiten yen kasakralan vihara tetep dijaga. Vihara ukur tempat sambeang hususna umat Buddha Mahayana nu mayoritas umatna kaum imigran ti nagri Cina. Eta vihara lian ti tempat sambeang  oge tempat nganjrek Rochaniwan Buddha Mahayana (Bhiksu) jeung tempat ngadidik calon Bhiksu.

Tags: artikel basa sundabahasasundaBasa Sundabasa wewengkon Karawangberita basa sundabudayasundacarita basa sundaDisparbud Kabupaten KarawangFestival Teater Pelajar Basa SundakatasundaKomunitas Seniman Muda KarawangMancanagaramilangkala Kabupaten Karawangngabewarakeunngamumulenyundaorangsundapapatahsundaparibasa sundaparibasasundapelajaran basa sundaquotessundasajaksajak basa sundaSate EntogsenisundaSundasundabagjasundabuhunsundanesesunta atmajaurangsundaWarta Sundawarta sunda online
SendShare197Tweet123
Previous Post

Tarumanagara Jaman Purnawarman

Next Post

Keterisian Tempat Tidur Makin Penuh, Dinkes Kencangkan Alarm Protokol Kesehatan

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Next Post
Keterisian Tempat Tidur Makin Penuh, Dinkes Kencangkan Alarm Protokol Kesehatan

Keterisian Tempat Tidur Makin Penuh, Dinkes Kencangkan Alarm Protokol Kesehatan

Kota Bandung Sudah Terima 25.000 Vaksin Covid-19 Dosis Kedua

Kota Bandung Sudah Terima 25.000 Vaksin Covid-19 Dosis Kedua

Kasus Ujaran Kebencian Natalius Pigai, Polri Terapkan Konsep Presisi

Kasus Ujaran Kebencian Natalius Pigai, Polri Terapkan Konsep Presisi

Leave Comment

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026
Prev Next
BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya
Regional

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

by Admin 001
30 Oktober 2026
0

BAZNAS Jabar dan BAZNAS Tasikmalaya resmikan fasilitas air bersih di Karangnunggal melalui program sedekah dan pipanisasi bagi warga desa.

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026
e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026
PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.