Pangandaran, bewarajabar.com – Enggoning ngaronjatkeun sumanget kerja PWI Kota Bandung ngadongdon tempat pariwisata nu aya di Pangandaran. Dina eta kasempetan ngalaksanakeun body rafting di Citumang nu panjangna kurang leuwih 2,5 km atawa 2 nepika 3 jam waktu pengarungan. Body Rafting Citumang perenahna di walungan Ciwayang, Cigugur, Pangandaran, lumangsung Salasa (24/9/19) nu kaliwat.
Instruktur Body Rafting Citumang nembrakkeun, Citumang nyaeta salah sahiji tujuan wisata nu aya di Pangandaran. Kiwari, objek wisata Citumang didongdon lain saukur ku wisatawan lokal tapi oge ku wisatawan ti mancanagara. Ku kituna, kiwari ngaranna diganti jadi Green Valley Citumang sangkan leuwih global.
“Citumang nyaeta objek wisata alam nu bisa dirasakeun ku wisatawan nempoan walungan nu herang ngagenclang biru dikuriling ku tatangkalan nu iyuh, hawana tiis, dipirig ku sora sasatoan ti leuweung, kaayaan alamna karasan pisan bisa dijadikeun tempat pikeun ngaso tina kasibukan di kota,” pokna.
Lian ti kitu, di Citumang aya wisata arung jeram badan air nyaeta wisatawan ngojay disapanajang walungan nu herang make sabuk pengaman nu durasina 3 nepika 4 jam. Eta tempat perenahna di Desa Bojong Kecamatan Parigi, 19 km ti Pangandaran ka lebah kulon. Bisa dijugjug ku kendaraan pribadi kurang leuwih 40 menit.
Dina eta kagiatan PWI Kota Bandung bareng jeung Pausahaan Bess Travel ngajugjug rute rute Batu Karas, Citumang, Pananjung, Pangandaran, Green Canyon salila tilu poe.
Ketua PWI Kota Bandung H. Hardyansyah, SH nandeskeun, kagiatan wisata Body Rafting Citumang pikeun ngaronjatkeun sumanget kerja sarta ngalatih disiplin, kakompakan sarta kabersamáan, ngalatih konsentrasi sarta kacerdasan otak. “Peserta nu ngilu Body Rafting Citumang kurang leuwih 40 nepika 50 urang.
Diharepkeun ka sakumna anggota bisa ngiluan sakabeh rangkaian acara saluyu jadwal. Hatur nuhun ka BJB, Pemkot Bandung, sarta PT Pos Indonesia nu geus ngarojong eta
kagiatan,” tandesna. ( ade )