Bandung, bewarajabar.com Progres pangwangunan RSKIA (Rumah Sakit Khusus Ibu & Anak) di Jalan KH Wahid Hasyim Kopo) geus ngahontal 95 persen. Eta rumah sakit nalika geus operasional bakal diproyeksikeun jadi RSUD.
Direktur RSKIA Bandung Taat Tagore nembrakkeun, pangwangunan geus asup tahap ahir. Pihakna nitenan pangwangunan bakal rengse taun 2019 katompernakeun. “Muga-muga ahir taun pangwangunanna geus rengse 100 persen sarta Januari 2020 geus mimiti operasional,” pokna, di Balai Kota Bandung, Salasa (20/8/2019) nu kaliwat.
Taat ngebrehkeun, rumah sakit nu kiwari masih dina tahap ngarengsekeun bakl dilengkepan saniskara fasilitas kasehatan nu cukup lengkep. Eta rumah sakit bakal bisa nampung pasen nepika 500 tempat sare.
Salian ti kitu, ceuk Taat, tenaga kasehatan relatif leuwih hade lantaran dirojong ku sababaraha dokter spesialis saperti mata, panyakit jero, saraf, bedah jeung jantung. Ku saniskara fasilitas pangrojong eta, aya rencana bakal ningkatkeun status rumah sakit ti RSKIA jadi RSUD (Rumah Sakit Umum Daerah). Tangtuna, pelayanan kasehatan ka masarakat bisa leuwih maksimal.
“Aya tinimbangan jadi RSUD lantaran kabutuhan masarakat leuwih euyeub. Bangunan gede, kapasitasna loba, mun seug ngan rumah sakit ibu jeung anak engkena bakal loba nu kosongna. Lian ti eta, ku ngan rumah sakit ibu jeung anak dokterna lain ngan keur ibu jeung anak, tapi aya dokter bedah jeung sajabana. Mun seug ngan jadi RSKIA dokterna teu bisa ngalaksanakeun tindakan jeung perawatan,” ceuk Taat.
Taat nandeskeun, kiwari proses ngarobah RSKIA jadi RSUD keur dipilampah. Pihakna bakal ngusulkeun izin operasional anyar ka Dinas Kesehatan Kota Bandung sangkan eta rumah sakit bisa operasi jadi RSUD kelas C. “Bakal nyieun izin anyar kelas C cukup Dinkes Bandung. Diharepkeun rumah sakitna bisa terus ditingkatkeun kelasna. Pas operasional paling bisa ngalayanan heula 150-200 pasen rawat inap turta bakal terus ditingkatkeun,” tandesna.
Taat nambahkeun, sanajan eta rumah sakit dirobah jadi RSUD, pelayanan kasehatan pikeun ibu jeung anak bakal tetep jadi unggulanna. “Unggulanna masih di ibu jeung anak. Tapi pikeun tetep jadi RSKIA dibutuhkeun dokter spesialis nu nyumponan oge,” pokna. ( dadan )