Subang,bewarajabar.com- Persatuan Guru Republik Indonesia (PGRI) Kabupaten Subang dina mapag mieling HUT PGRI ka-74 jeung Hari Guru Nasional (HGN) 2019, nu pancegna tingkat Kabupaten tanggal 29 Nopember 2019, direuah-reuah ku saniskara kagiatan.
Sekretaris Umum PGRI Kabupaten Subang, Ujang Rohmat SPd MMPd ngajentrekeun, yen HUT PGRI jeung HGN di Subang unggal taun oge teu weleh rame tur “gebyar” nepi ka ngalibetkeun welasan rebu guru.
“Mieling HUT PGRI jeung HGN teh jadi momentum pikeun nembrakeun peran guru nu kawilang strategis,” kitu diucapkeun Ujang, dibarengan Wakil Ketua I PGRI Kabupaten Subang, Drs Didi Suryadi MPd.
Ujang oge ngebrehkeun, HUT PGRI ke-74 jeung HGN taun ieu temana nya eta “Peran Strategis Guru dalam Mewujudkan SDM Indonesia Unggul.” Tema eta teh lumaku sacara nasional.
“ Mun seug dilenyepan mah, eta tema teh hebat pisan, nembrakeun peran guru nu strategis dina ngawujudkeun SDM Indonesia unggul,” pokna ngajentrekeun.
Inyana oge ngeceskeun, saniskara kagiatan teh geus dilaksanakeun, saperti bakti sosial meresihan runtah 8 Nopember, lomba paduan suara 16 Nopember, gerak jalan 20 Nopember, tabligh akbar sekaligus tumpeng 26 Nopember. Sedengkeun pungkasan tina acara mieling HUT PGRI jeung HGN di tingkat kabupaten dina nya eta tanggal 29 Nopember 2019.
“Kagiatan nu pang euyeubna tur rame ku massa mah nyaeta gerak jalan, patandangna nepi ka 12 rebu urang minuhan alun-alun Subang,” pokna
Jeroning kitu oge Ujang umajak ka sakumna guru di Subang, pikeun nyukseskeun kagiatan eta. Saniskara kagiatan nu diayakeun teh, diharepkeun bisa ngawedelan soliditas guru di Kab. Subang. (Red)**