Bandung, bewarajabar.com – Dina mangsa nerekabna virus Corona (Covid-19) jeung Penerapan Pembatasan Sosial Berskala Besar (PSBB), Persatuan Wartawan Indonesia (PWI) Kota Bandung, tetep ngajalankeun “agenda rutin” nu biasa dilaksanakeun dina bulan suci Ramadhan, nyaeta kagiatan “PWI Berbagi”.
Saprak nincak bulan suci Ramadhan, kagiatan PWI Kota Bandung dilaksanakeun pikeun katilu kalina. Pangurus jeung anggota PWI Kota Bandung, saperti biasa turun ka jalan ngabagikeun hidangan pikeun buka puasa mangrupa Sangu Padang jeung soft drink, Jumaah (15/05/2020) di hareupeun sekretariat PWI Kota Bandung Komplek Stadion Persib, Jalan Ahmad Yani No. 262 Bandung.
“Kagiatan PWI Berbagi ieu teh, ngarupakeun agenda rutin PWI Kota Bandung turta jadi salah sahiji momment penting, dina raraga ngeusian kagiatan dina bulan suci Ramadhan, mana komo kiwari dina kaayaan nerekabna virus Corona nu ngabalukarkeun ekonomi masarakat matak prihatin,” ceuk Ketua PWI Kota Bandung H. Hardiyansyah.
Kagiatan saperti kieu, Hardiansyah ngebrehkeun, lian ti pikeun ngantengkeun silaturahmi oge pikeun ngaronjatkeun ‘kepekaan’, salah sahiji wujud kanyaah rengrengan PWI Kota Bandung, hususna pikeun warga muslim nu keur ngajalankeun ibadah puasa.
Leuwih ti 200 paket pikeun buka puasa, dibagikeun kanu lalar liwat hareupeun kantor sekertariat PWI Kota Bandung, utamana para supir angkot jeung penumpangna, nu tarumpak motor, ojek online, andar-andar (anak jalanan) jeung masarakat nu ngaliwat ka eta wewengkon.
” Dina kasempetan ieu oge, kuring terus ngelingan ka sakumna masarakat, kaasup ka pangurus katut anggota PWI Kota Bandung, dina satiap kagiatan naon wae tetep kudu make masker,” tambah Hardiyansyah. **