Bandung,bewarajabar com- Gotong royong, samiuk sabilulungan pikeun urang Sunda mah geus ngabudaya ti jaman baheula. Teu ieuh ngarasa dipaksa, da geus biasa. Teu kudu dikeprik-keprik mun seug rek gawe rancage teh, estu sareundeuk saigel, sabobot sapihanean. Mana komo dijejeran ku para pangurus kawilayah mah, warga estu sarumanget pisan.
Saperti warga wewengkon Rancakendal katut para pangurus RT jeung RW 01 Rancakendal, Kalurahan Cigadung, Kacamatan Cibeunying Kaler, Kota Bandung, Kemis (21/11/19) samiuk sabilulungan gotong royong melak 50 tangkal jambu bol jeung nyeungceum binih lauk.
Bibit tangkal jambu bol teh dipelakeun di wewengkon RT.03/RW. 01 Kalurahan Cigadung, Kacamatan Cibeunying kaler, dijejeran ku Drs. Suardi, MM, Camat Cibeunying kaler, jeung Lurah Cigadung Gungun Gunawan.S. sos, Msi.
Rengse melak tangkal, diteruskeun ka walungan Cidurian, ” Restocking Ikan” ( nyeungceum binih lauk ), mun geus waktuna dipelakeun deui ka walungan Cidurian.
Memeh acara prung, diayakeun heula upacara jeung warga Rancakendal, tempatna di Jl. Raya Rancakendal RW.01, dipimpin ku Camat Cibeunying Kaler. Anapon mungkas acarana
terus botram, murak sangu liwet di imah ketua komunitas Akang-Akang warga Sekemirung. Cag! *