Karawang, Bewarajabar.com — Saluran irigasi Tarum Timur nyaeta irigasi ti Bendungan Curug ngetan, pikeun nyaian sawah di tatar Karawang tatar wetan jeung tatar Subang. Ari saluran irigasi ti Bendungan Curug ngulon nyaeta Tarum Barat nu leuwih dipiwanoh Kalimalang, pikeun nyaian sawah Karawang tatar kulon, Bekasi jeung sajabana.
Saluran irigasi Tarum Timur pinuh ku eceng gondok nu tumuwuh ngambang sisi walungan, ngahalangan kalancaran ngamalirna cai nu dibutuhkeun pikeun nyaian sawah di sabagian tatar Karawang jeung Subang.
Eceng gondok, tutuwuhan cai nu tereh ngalobaanna, mangrupa “runtah hirup” nu mindeng ngaganggu kalancaran irigasi, utamana ngaganggu bendungan (pintu air). Kukituna, ngatur ieu “runtah” jadi pagawean rutin petugas pengairan nu jumlahna teu saimbang jeung garapan pagaweanna.
Diantarana, pikeun ngurus saluran irigasi ti BTT (Bendungan Tarum Timur) 1 di Kecamatan Klari nepi ka BTT 15 di Kecamatan Tirtamulya, nu anggangna leuwih ti 15 kilometer, ukur digarap ku saurang Pengamat, 4 urang Juru jeung saurang PPA (Petugas Pintu Air). Idealna, 15 bendungan diurus ku 15 PPA, nu dibingbing ku para Juru jeung Pengamat.
Discussion about this post