Jumat, Oktober 30, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Kampung Badami Tempat Baradami Para Pangagung

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
7 Desember 2020
in Warta Sunda
0
Kampung Badami Tempat Baradami Para Pangagung

Jalan tol lebah Kampung Badami. (Poto: Sunta Atmaja)

Share on FacebookShare on Twitter

Karawang, Bewarajabar.com — Badami, salah sahiji kampung di Desa Margakaya Kecamatan Telukjambe Barat Kabupaten Karawang nu kiwari sabagian wilayahna jadi puseur kota industri KIIC (Karawang International Industrial City) jeung kota industri sejenna.

“Bihari ieu wewengkon mangrupa kampung nu ngawengku: Tegalwaru, Citamiang, Kiarahayam, Kiaratujuh, Batukoneng jeung Parenggongjaya,” ceuk Aki Keneng tokoh masarakat Kampung Badami basa ditepungan di imahna.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

[irp]

“Bihari di ieu kampung aya Aki Pangebon jeung Nini Pangebon. Aki Pangebon ngaranna Aki Badama. Nini Pangebon ngaranna Nini Rukmi,” ceuk Aki Keneng muka carita basa dipenta kanyahona ngeunaan asal-usul Kampung Badami.

Aki Keneng neruskeun lalakonna. Nurutkeun Aki Keneng, Aki Badama jeung Nini Rukmi kasohor bageur tur someah ka semah. Kukituna maranehna loba nu mikaresep sarta loba nu ngadon reureuh di saung panganjrekanna. Saungna lega, bisa dipake mondok semah nu ngadon reureuh.

[irp]

Diantara semahna nyaeta para sodagar ti Cirebon nu rek daragang ka Palabuan Selat Sunda Banten. Para sodagar memeh sarare sok ngayakeun babadamian ngeunaan daganganna, kawedukan, kawijaksanaan, jsb.

Lian ti eta, sok aya oge para jawara  ti Cirebon atawa ti Banten, para pangagung karajaan ti Galuh, Japura, Tanjungsingguru, Dayeuhluhur, jsb. nu karumpul tur baradami, ngararancang rupa-rupa hal di eta tempat.

[irp]

Pangna saung Aki Badama diparake reureuh, eta tempat oge teu jauh ti walungan Citarum tempat patali marga jaman harita. Nu ti Karajaan Pakuan sok balabuh di Palabuan Tanjungpura atawa di Palabuan Bunut. Nu ti Karajaan Galuh sok balabuh di Palabuan Udug-udug.

Padumukan Aki Badama jeung Nini Rukmi lega pisan tur ariuh, pinuh ku tatangkalan. Tatangkalanna baradag. Diantarana aya tangkal nu pangbadagna nyaeta tangkal kiara. Wetaneun tangkal kiara aya kandang hayam nu lega tur panjang. Kandang hayam teh mangrupa tempat sasadiaan hayam keur para tamu nu ngadon dalahar di warungna.

[irp]

Eta wewengkon ayeuna katelah “Kiarahayam” tina tangkal kiara gede jeung kandang hayam (kiduleun pemakaman Sandiago Hill). Beh kidulna aya tangkal nu ngajajar tujuh. Ayeuna disebut “Kiaratujuh”.

Di eta wewengkon loba tempat ngarambatkeun sayuran mangrupa paranggong, aya paranggong waluh, leor, roay, jaat, oyong, paria, jsb. Paranggong sayuran teh nu ngurusna Ki Jaya. Nepi ka ayeuna eta tempat disebut “Parenggongjaya”. Aki Badama jeung Nini Rukmi dibaturan ku Nyi Randa jeung Nyi Sanem. Ayeuna di wewengkon Badami aya karamat nu disebut “Karamat Blok Sanem jeung Blok Randa”.

[irp]

Jaman Pamarentahan Adipati Singaperbangsa para pangagung sok ngayakeun babadamian di padumukan Aki Badama jeung Nini Rukmi. Ku seringna eta tempat dipake babadamian, kiwari urut padumukan Aki Badama jeung Nini Rukmi teh katelah “Kampung Badami”. Kitu ceuk Aki Keneng.

Tags: artikel basa sundaBasa Sundaberita basa sundacarita basa sundaMancanagaraparibasa sundapelajaran basa sundasajaksajak basa sundaSate Entogsunta atmajaWarta Sundawarta sunda online
SendShare198Tweet124
Previous Post

Polsek Coblong Melaksanakan Giat Operasi Yustisi Penegakan Disiplin 2020

Next Post

Panineungan Ngajugjug Obyek Wana Wisata Curug Cigeuntis

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Next Post
Panineungan Ngajugjug Obyek Wana Wisata Curug Cigeuntis

Panineungan Ngajugjug Obyek Wana Wisata Curug Cigeuntis

Bersama Jabar Explore, bank bjb Siap Kembangkan Rute Pariwisata Baru di Jawa Barat

Bersama Jabar Explore, bank bjb Siap Kembangkan Rute Pariwisata Baru di Jawa Barat

Sandiwara Sunda “Durjana” di Karawang

Sandiwara Sunda "Durjana" di Karawang

Leave Comment

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026

BRI RO Bandung Targetkan 500 Lelang, Capaian Hampir Rp200 Miliar

7 Oktober 2026

Hari Kopi Sedunia, TOP Coffee Bagikan 10.000 Gelas Kopi Gratis di 4 Kota

6 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Dampingi Petani Cianjur, Alpukat yang Ditanam Lima Tahun Mulai Dipanen

6 Oktober 2026

Lendeng N D’Gank Tanam 250 Pohon di Kamojang, Bidik 3.000 Pohon di Jabar

5 Oktober 2026
Prev Next
No Content Available
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.