Jumat, Oktober 30, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Warta Sunda

Ngala Rambutan Aceh di Leuweung Sanget Seuseupan Meri

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
27 Oktober 2020
in Warta Sunda
0
Ngala Rambutan Aceh di Leuweung Sanget Seuseupan Meri

Ki Sobat (katuhu) di kebon rambutan. (Poto: Sunta Atmaja)

Share on FacebookShare on Twitter

Karawang, bewarajabar.com — Aya 100 tangkal pelak rambutan dina lahan sahektar di tanah pagunungan blok leuweung Seuseupan Meri, Desa Cintaasih Kecamatan Pangkalan, Karawang tatar kidul. Nu melakna Ki Sobat,  warga Kampung Geredeg Desa Cintaasih.

“Kapungkur ieu lahan  mangrupi leuweung, rea kakayonna. Saprak dipeser ku pun bapa almarhum, lahan teh dikebonan. Salajengna ku abdi dipelakan rambutan. Alhamdulillah hasilna mucekil,” ceuk Ki Sobat, basa ngobrol di kebonna sawatara waktu katukang.

REKOMENDASI

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024

Pelak rambutan buahna arasak, karoneng. Sawareh semu beureum. Atuh ngobrol teh diselang ku gadag-gidig ngilikan tangkal rambutan nu leubeut bari ngalaan buahna.

 Kebon rambutan teh jauh ka  lembur. Mun di tempat sejen  jigana moal pati ngari, sok aya wae nu maling teu ditungguan mah. Tapi di ieu kebon, pelak naon wae aman, tara aya nu maling, sabab tempatna kaasup sanget, sarieuneun nu maling teh. Mun sambarangan ulu-ala matak aya mamalana.

Kungsi aya nu datang ka Ki Sobat  menta dihampura. Eta jalma sok ngala awi di eta kebon tanpa bebeja heula. Hiji mangsa dirina ningali oray gede tur panjang kacida, awi sadapur diringkelan. Eta jalma teh reuwas kasieunan nepi ka gering.

Nu ngawenehan oray teh lain dina awi wungkul, aya oge nu ngawenehan dina  rambutan. Dina buah rambutan nu asak  rea oray laleutik ngaringkel. Oray teh nyaringkah sanggeus disieuhkeun ku nu boga kebon.

Loba kajadian aheng di ieu wewengkon, utamana sabudeureun Cinyusu jeung Wahangan Seuseupan Meri nu caina teu saat-saat najan usum halodo. Teu jauh ti cinyusu, kungsi aya jalma ti tempat sejen nu ngadon tapa.  Hiji peuting rarasaan nu tapa aya kareta api nyurungkuy rek ngageleng manehna. Manehna luncat sieun kageleng. Atuh tapana jadi batal. Aya oge nu ngawenehan oray kenit (oray hideung) ngaringkuk minuhan cinyusu, gedena sadege tangkal jambe, panjangna kurang leuwih 7 meter.

Kajadian sejen, basa barudak ngabeberik toed, meuntas wahangan anjog ka ieu kebon. Katingal aya nu ngagulutuk sagede teko, wangunna buleud warnana bodas. Anehna nu ngagulutuk teh ti handap ka luhur.

Ari kebon rambutan pernahna tonggoheun cinyusu jeung wahangan Seseupan Meri  nu nyambung ka Cisaga tur ngagabung di Naggerang sarta ngamuara ka Cigeuntis. Cigeuntis ngahiji jeung Cibeet nu ahirna nyampur jeung  Citarum.

Cinyusu Seuseupan Meri aya di kaler-wetan kebon rambutan. Ari Wahangan Seuseupan Meri jeung Cisaga aya di wetan-kiduleunna. Saolah-olah kebon teh dijaga ku wahangan nu sanget. Kitu nu didadarkeun ku Ki Sobat.

Sanggeus ngala rambutan meunang sakarung, tuluy tatan-tatan mulang. Ki Sobat jeung putrana, Edwin, nagggung rambutan. Turun ti kebon rambutan ngaliwatan Cinyusu Seuseupan Meri, mapay-mapay galengan sawah.

Anjog ka lembur reureuh heula. Karasa cape leumpang teh , cacakan ukur leumpang, komo mun bari nanggung cara Ki Sobat. Tapi ari Ki Sobat mah nyalse weh jiga nu teu cape. Munasabah kituna teh, da dirina mah geus manukna.

Ki Sobat teh Endang Basri, S.Pd. Ayeuna mingpin SMP Negeri 5 Karawang Barat. Pernahna di puseur kota. Ayeuna mah inyana  tara “leuleuweungan” tapi “kokotaan”.

Tags: artikel basa sundabasa indungBasa Sundabewara sundarebo nyundaWarta Sunda
SendShare197Tweet123
Previous Post

Kamus Ngaran Tutuwuhan Sunda-Indonesia-Latin

Next Post

Cikahuripan Sumber Cai di Tatar Kidul Karawang

RelatedPosts

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kalima

24 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kaopat

23 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Katilu

22 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konsititusi Pajajaran – Bagian Kadua

21 November 2024
Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?
Warta Sunda

Tina Pidato Soekarno: Naha Lurah, RW jeung RT Teu Digajih?

20 November 2024
Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér
Warta Sunda

Kasus Vina Cirebon Jeung Béo Ki Léngsér

20 November 2024
Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji
Warta Sunda

Konstitusi Pajajaran – Bagian ka Hiji

20 November 2024
Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon
Warta Sunda

Pituduh Hese Kateguh, Tina Runtuy Kasus nepi ka Vina Cirebon

20 November 2024
Papisah
Warta Sunda

Papisah

8 Januari 2024
Next Post
Cikahuripan Sumber Cai di Tatar Kidul Karawang

Cikahuripan Sumber Cai di Tatar Kidul Karawang

Tilar Dunya di Jero Guha Kutatandingan Karawang

Tilar Dunya di Jero Guha Kutatandingan Karawang

Deklarasi Bersama Dan Sosialisasi 3M Guna Cegah Corona, Polsek Cicendo 

Deklarasi Bersama Dan Sosialisasi 3M Guna Cegah Corona, Polsek Cicendo 

Leave Comment

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026

BRI RO Bandung Targetkan 500 Lelang, Capaian Hampir Rp200 Miliar

7 Oktober 2026

Hari Kopi Sedunia, TOP Coffee Bagikan 10.000 Gelas Kopi Gratis di 4 Kota

6 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Dampingi Petani Cianjur, Alpukat yang Ditanam Lima Tahun Mulai Dipanen

6 Oktober 2026

Lendeng N D’Gank Tanam 250 Pohon di Kamojang, Bidik 3.000 Pohon di Jabar

5 Oktober 2026
Prev Next
No Content Available
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.