Bewarajabar – Di Pasundan tatar kaler model di Karawang disebut Benda atawa Peuteuy selong. Di wewengkon sejen disebut Bandara, Peupeuteuyan, Kamalandingan, Malanding atawa Palanding.
Basa nasionalna Petai cina atawa Lamtoro. Ngaran ilmiahna dina basa Latin Leucaena leucocephala.
Jangkung tangkalna bisa nepi ka 10 meter. Daunna papasangan laleutik. Kembangna koneng semu bodas, wangunna buleud, sok disebut pendul.
Buahna ngawangun papan (polong). Sapapanna sikian antara 15-30 siki. Ambeuna bau has peuteuy.
Buahna sok dipencog; make sambara bawang beureum, cikur, koneng, asem kawak, cengek, uyah jeung beuleum tarasi.
Biasana dicampur daun surawung, ngarah leuwih “harum”, cenah. Ilaharna didahar tengah poe jeung “sangu wadang” (sangu poe, sesa dahar isuk)). Pencog benda leuwih dipiwanoh rujak benda.
Nu dirujak, buah benda nu ngora. Buah nu kolot mah sok dipake nyampur angeun haseum, dihijikeun jeung tangkil, kacang panjang, gedang ngora, nangka ngora (gori), jeung nu sejenna.
Sambarana ampir sarua jeung pencog, ngan teu make cikur. Diangeunna jeung cangkangna. Ngadaharna dipaut sikina wungkul, da cangkangna mah teuas.
Benda oge sok dibuntil. Sikina meunang morolokkeun dicampur jeung teri, dikalapaan meunang marud. Bungbuna bawang beureum, bawang bodas, jahe, cikur jeung asem, ditarasian saeutik, ditumis.
Dibungkus daun taleus, daun sampeu, daun gedang atawa daun cangkudu. Digodog nepi ka asak. Didaharna haneut-haneut, pedo majar teh.
Benda langka nu ngahaja dipelak. Biasana jadi sorangan di kebon nu teu diurus, sisi walungan, dijieun talutug atawa pager hirup.
Tapi sawatara taun katukang kungsi aya program penghijowan jalan ku cara melak benda varietas lamtoro gung.
Kiwari, di sawatara jalan sisi sawah, diantarana di wewengkon Tirtamulya Karawang, katingal tangkal benda ngajajar geus jarangkung.