Wangsit Sundasuya (1)

0

Ki Dharmasetiawan Natapradja

Pamuka Lawang:

Luluhur Ki Sunda miharep sangkan ieu nagara TATA TINGTRIM, GEMAH RIPAH, RÉPÉH RAPIH, LOH JINAWI dina papayung PANJI PAYUNG AGUNG SUNDA GALUH PAKWAN PAJAJARAN – SUNDA NUSWANTARA, kalawan palasipah: SILIH ASIH, SILIH ASUH, SILIH ASAH, SILIH WANGI, demi kaciptana nagari nu adil makmur, aman santosa, damey sejahtera di BUMI PERTIWI, salametkeun bumi ieu tina kaancuran, kaayaan geus genting, pék sing jadi PAMINGPIN anu AMANAH jeung RAHMAT’TAN LIL ALAMIN, Rahmat keur alam manusa, alam sasatoan, alam tutuwuhan, alam jin, jeung Rahmat keur kumna alam jagad raya ieu.

Kembang Malati geus ngabeukahan, paré mah lain gé eurih, pacul patani buahna kajayaan, kabéhanana ngan siloka wungkul, prak geura jadi abdi nagari nu sajati anu nangtayungan balaréa, luhur budi parangi, yeuh para nonoman geura tancebkeun masing jero Sumpah Jangji Bhakti ka Ibu Pertiwi.

Wangsit

Tutug Wangsit Siliwangi katigas ku wates wangen kamampuh manusa enggoning ngirong mangsa nu bakal datang. Saban-saban datang mangsa anyar mawa ciri nu mandiri angger kahayang manusa patéma-téma.

Lalakon Wangsit Siliwangi ngan nepi ka mangsa raja panyelang diléngsérkeun, dina sangkala Paksa Nekung Marga Rudra Murti, nu hartina dipaksa tatapa ku lantaran aya pangamuk anu rohaka.

Rubuh baluwarti kakawasaan raja panyelang, laju ganti jaman. Raja jeung ratu silih gilir dina mingpin, aya nu teu lana jeung anu lana. Mpu linuhung anu satadina ngadeg wawakil, mancal tahta jadi raja, rahayat mardika dina cumarita. Budak angon jongjon teu perlu nyamuni, budak janggotan mardika mawa fatwa teu diancam ku pangbérokan. Alam anyar mimiti dituturus ananging sang mpu teu lana ngolah nagara.

Dina mangsa baluwarti rubuh, salapan naga keuna ku tatu anu teu parna. Ngadekem saheulaanan bari taki-taki ngetakkeun ojah nu leuwih rosa. Ngandika naga nu panggalakna, “Kamari urang nindak kalawan dibarung ku gimir, ogé ajrih ku pangaribawa raja panyelang. Kiwari hayu urang nyageurkeun ieu tatu, ladang kabarérang ku rahayat anu ngamuk.

Ka sakabéh wadiabalad naga, hayu urang sasanti reureuh bari mikir, laju taki-taki pikeun nindak anu rohaka, tapi lantip kalawan lemes, siga nu bihari.”

Tunda saheulaanan naon anu keur disidem ku salapan naga, kiwari kacarita ketak saurang empu nu pangawakanana leutik, cumarita perténgtang, kalawan ojah sinabet lir kapinis. Sang empu kedal ungkara dimana-mana, pangaruhna rosa kacida pikeun para wiku tur sinatria, sok komo pikeun rahayat. Ku kamampuh ieu pisan harita rahayat ojah, sabagéan ngarudra murti, nu ngabalukarkeun raja panyelang léngsér kaprabon.

Sang empu terus jeung terus ngungkara dibarung panindak, nepika samiuk sakabéh panata nagri pikeun ngangkat raja anyar deui. Kitu jeung kitu nepika sababaraha kali ganti papayung agung nagara. Mangka bakal kasampeur wanci, cunduk mangsa inyana pasrah ku kakolotan.

Laju kumaha nasib ki Sunda anu taneuhna ti jaman bihari jadi palagan perang siasat ti mangrupa-rupa golongan? Hayu urang terus paguneman jeung sang kala, anu kakuatanana ngan bisa disengker ku Sang Maha Prakosa.

Budak angon lan budak janggotan awor jeung rahayat. Arinyana silih béjaan, silih pangaruhan, sakapeung tugreng parebut kamandang. Rahayat lir kuda leupas tina gedogan, ananging teu kabéh. Sabagéan tetep nyepeng sikep surti katut nastiti pikeun milu mikirkeun naon anu hadé pikeun nagri. Kitu anu kajadian di Nuswantara kaasup di Pasundan. Dina jaman sagala nembrak ki Sunda nyampak dina mangrupa-rupa ojah.

Baca Juga :  Candi di Batujaya Naha Titinggal Karuhun Tarumanagara?

Aya nu terus teuleum kana dongéng nu samarukna nyata, sawaréh deui riweuh giak ngudag kakawasaan bari lélétak mamrih kapaké ku pangagung, atuh loba ogé nu teu riuk-riuk nindak sajalantrahna sawates keur kabutuhan. Sabagéan anu surti katut nastiti, sabisa-bisa ngusaha sangkan tékad ucap lampahna aya guna keur ngawangun deui jati diri Sunda nu geus ampir ilang dangiang.

“Sunda hudang euy!”, ceuk nu di tengah. Laju ditémbal ku anu di beulah Wétan, “Kami mah ti baheula gé teu saré, ngan ngawagu kudu kumaha.” Nu di Kulon ngagantawang, “Dagoan ngaing rék nengah, dagoan di pendapa, dagoan di dinya kami bakal cumarita!” Anu ti Kidul jeung ti Kaler hémpak merbayaksa, ngariung hayang nyaho naon caritana.

Kieu, geura bandungan!

Rahyang Ajarwangi ngagupay angin laju ngandika teu kedal lisan, “Kian, kaula digingsir linggih dina pasamoan gedé di Pakuwuan. Geura téang budak angon jeung budak janggotan sabab geus lila teu mawa béja.”

Angin ngadius mawa pangandika Rahyang Ajarwangi, nepi kana batinna Rakéyan Santanangawi, atuh cengkat sapada harita. Laju ngawalon sang rakéyan,

“Sumangga rahyang, sadina tutug sadina sawengi tutug sawengi. Moal lila nya lumaku da budak angon jeung budak janggotan teu jauh. Hampura kaula némbal lain ku basa adab, sabab mangké pakeun balaréa.”

“Taya bayana, ditunggu satekana warta”, ceuk Rahyang Ajarwangi.

Rakéyan Santanawangi cicing bari lumampah nindak bari teu ojah, muka pangélingan jeung ogan sangkala laju mulangkeun angin. Angin ngadius seja balik ka Rahyang Ajarwangi, mawa warta sajalantrahna.

Laju kumaha uni warta anu katarima ku Rahyang Ajarwangi? Sang Kala anu salawasna nyaksi kana sagala kajadian geuwat nepikeun ka balaréa. Kieu wartana :

Tutug Wangsit Siliwangi katigas ku wates wangen kamampuh manusa enggoning ngirong mangsa nu bakal datang. Saban-saban datang mangsa anyar mawa ciri nu mandiri angger kahayang manusa patéma-téma.

Lalakon Wangsit Siliwangi ngan nepi ka mangsa raja panyelang diléngsérkeun, dina sangkala Paksa Nekung Marga Rudra Murti, nu hartina dipaksa tatapa ku lantaran aya pangamuk anu rohaka.

Rubuh baluwarti kakawasaan raja panyelang, laju ganti jaman. Raja jeung ratu silih gilir dina mingpin, aya nu teu lana jeung anu lana. Mpu linuhung anu satadina ngadeg wawakil, mancal tahta jadi raja, rahayat mardika dina cumarita. Budak angon jongjon teu perlu nyamuni, budak janggotan mardika mawa fatwa teu diancam ku pangbérokan. Alam anyar mimiti dituturus ananging sang mpu teu lana ngolah nagara.

Dina mangsa baluwarti rubuh, Sanga Gora Danawa keuna ku tatu anu teu parna. Ngadekem saheulaanan bari taki-taki ngetakkeun ojah nu leuwih rosa. Ngandika Gora Danawa nu panggalakna,

“Kamari urang nindak kalawan dibarung ku gimir, ogé ajrih ku pangaribawa raja panyelang. Kiwari hayu urang nyageurkeun ieu tatu, ladang kabarérang ku rahayat anu ngamuk.
Ka sakabéh wadiabalad gora danawa, hayu urang sasanti reureuh bari mikir, laju taki-taki pikeun nindak anu rohaka, tapi lantip kalawan lemes, siga nu bihari”.

Tunda saheulaanan naon anu keur disidem ku sang Gora Danawa, kiwari kacarita ketak saurang empu nu pangawakanana leutik, cumarita perténgtang, kalawan ojah sinabet lir kapinis. Sang empu kedal ungkara di mana-mana, pangaruhna rosa kacida pikeun para wiku tur sinatria, sok komo pikeun rahayat. Ku kamampuh ieu pisan harita rahayat ojah, sabagéan ngarudra murti, nu ngabalukarkeun raja panyelang léngsér kaprabon.

Baca Juga :  Walikota Bandung Ngingetkeun OPD Kudu Bener Administrasina

Sang empu terus jeung terus ngungkara dibarung panindak, nepi ka samiuk sakabéh panata nagri pikeun ngangkat raja anyar deui. Kitu jeung kitu nepika sababaraha kali ganti papayung agung nagara. Mangka bakal kasampeur wanci, cunduk mangsa inyana pasrah ku kakolotan.

Laju kumaha nasib ki Sunda anu taneuhna ti jaman bihari jadi palagan perang siasat ti mangrupa-rupa golongan? Hayu urang terus paguneman jeung sang kala, anu kakuatanana ngan bisa disengker ku Sang Maha Prakosa.

Budak angon lan budak janggotan awor jeung rahayat. Arinyana silih béjaan, silih pangaruhan, sakapeung tugreng parebut kamandang. Rahayat lir kuda leupas tina gedogan, ananging teu kabéh. Sabagéan tetep nyepeng sikep surti katut nastiti pikeun milu mikirkeun naon anu hadé pikeun nagri. Kitu anu kajadian di Nuswantara kaasup di Pasundan.

Dina jaman sagala nembrak ki Sunda nyampak dina mangrupa-rupa ojah. Aya nu terus teuleum kana dongéng nu samarukna nyata, sawaréh deui riweuh giak ngudag kakawasaan bari lélétak mamrih kapaké ku pangagung, atuh loba ogé nu teu riuk-riuk nindak sajalantrahna sawates keur kabutuhan. Sabagéan anu surti katut nastiti, sabisa-bisa ngusaha sangkan tékad ucap lampahna aya guna keur ngawangun deui jati diri Sunda nu geus ampir ilang dangiang.

“Sunda hudang euy!”, ceuk nu di tengah.

Laju ditémbal ku anu di beulah Wétan, “Kami mah ti baheula gé teu saré, ngan ngawagu kudu kumaha.”

Nu di Kulon ngagantawang, “Dagoan ngaing rék nengah, dagoan di pendapa, dagoan di dinya kami bakal cumarita!”

Anu ti Kidul jeung ti Kalér hémpak merbayaksa, ngariung hayang nyaho naon caritana.

Dina sangkala Menga Swara Eka Budi, nu hartina di wahana anu nembrak nyorakeun hiji pamikiran, ngadeg mandala nu ngungkara kandaga. Ibarat nyakclakanna cikaracak, tiis tapi matak ngahudangkeun jalma nu keur saré tibra. Ti dinya mungguh patéma-téma manusa Sunda ngadeg-ngadegkeun mandala anyar, ketakna lir ibarat ngagantawang, “Kami gé bisa nuturus siga kitu mah!”

Sirung mandala Sunda tumuwuh di mana-mana, séwang-séwangan hayang melak nepi ka jadina ngabuah, kakeclakan ku cikaracak pendapa anu dibarung ku lapat-lapat ngempulna sora goong napel dina élingan saheulaanan. Menga Swara Eka Budi milu ngahudangkeun sabagéan ki Sunda anu tibra, atawa ngagebahkeun tina lamunan,

Kalawan teu katangen ku manusa, Sang Kala jeung Sang Hawa paguneman ti jaman ka jaman, sabagéanana ngeunaan manusa Sunda. Sang Kala jeung Sang Hawa, dua makhluk Gusti nu murbeng alam. Duanana bisa nyaksi kana sagala polah manusa, samalah nepi ka anu bubuk leutikna. Dangu-dangu ngandika Sang Kala :

“Urang duaan nu nyaksi kaayaan manusa Sunda ti jaman ka jaman. Ngan ku ukuran kodrat, urang teu bisa cumarita ka arinyana ngeunaan naon waé nu geus kajadian.”

“Bener kitu pisan. Tapi palebah dinya sampurnana manusa dibanding jeung urang. Nalika manusa teu bisa tatanya ka urang, arinyana bisa ngagunakeun akal katut pikiranana pikeun ngoréhan”, walon Sang Hawa.

“Sabagéan manusa Sunda kiwari keur pada giak miara sirung, tangtuna pada hayang ngabuah isuk jaganing géto”, Sang Kala neruskeun.

“Moal sakabéh sirung éta jadi tangkal, sabagéan gedé bakal tumpes saméméh gedé. Ngan saeutik anu bakal jadi tangkal laju ngabuah, tapi can cukup pikeun mawa Sunda jaya di buwana”, ceuk Sang Hawa.

Baca Juga :  Kemenag Kota Bandung Mateakeun Sakip Lakip

“Buah tina tangkal-tangkal kasebut salah-sahijina nyaéta manusa pinunjul nu bisa mingpin, sakurang-kurangna mingpin hiji mandala. Ti dinya geus titis tulisna bakal aya Sundasuya”, ceuk Sang Kala.

“Kitu pisan, hayu urang teruskeun ieu paguneman, muga jadi pangéling- ngéling pikeun manusa Sunda enggoning bajoang nanjeurkeun deui komara wibawana”, ceuk Sang Hawa.

Sakedapan Sang Kala ngabetem, laju ngandika.

“Lalakon ki Sunda jaya di buana baris kasorang, tapi mangké di tungtung jaman, parek pisan kana mangsa budak janggotan nandasa Sanga Gora Danawa tumpes nepi ka para karuhunna nu cicing deukeut pulo Majeti.

Saméméh nyorang mangsa jaya, ki Sunda bakal ngalaman Sundasuya nepika sanggup sajajar jeung dulur anu ti Wétan. Di dinya ki Sunda bakal hirup sauyunan ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak.

Babarengan jeung turunan teureuh Sanggrama, ki Sunda bakal meruhkeun mahabuna Sanga Gora Danawa. Teu nepi ka sang danawa pralaya, ananging kasakténna geus teu matih.

Laju iraha Sundasuya kajadian? Ulah didagoan tapi jig geura nindak, wanci kajadianana moal lila ti diboyongna harkat Sunda Kalapa ka tengah Nuswantara atawa ka anu leuwih deukeut.

Laju saha anu bakal mingpin ngahijikeun ki Sunda? Ulah dipapantes sok komo diudag-udag, angguran pék atik para tarunasunda nepika dangong nyantana. Ti dinya mung Allah Rabbul Izati nu bakal sanggup ngahijikeun haté-haté manusa.

Dagoan nepika nu ngaranjah ti daratan deukeut pulo Majeti labuh ku lakuna sorangan, di sakuliah dunya pada nyingkahan.

Dagoan nepi ka gunung pada ngamuk deui, laju sagara pindah sakedapan ka darat deui, nepi ka pakarang kaom danawa ancur lebur kari ruruntuk.

Dagoan bari nindak, sabab kaula Sang Kala lain banda jeung patalukan manusa. Jig geura nindak, ka hareup ngala sadeupa ka tukang ngarérét sajeungkal. Sing pengkuh kanu laku satangtung, ulah gimir sok komo wani.

Jig geura nindak dibarung ku surti lan nastiti, sabab pangaweruh manusa hamo leuwih loba batan kabodoanana.

Jig geura lumaku, dimodalan ku sadrah kana kawasa Manten-Na anu ngurusanan kaula jeung manusa.”

Sang Hawa ngahiliwirkeun bayu laju ngandika.

“Pikeun sing saha waé anu nyaáh kana kamanusaan, geura jugjug wewengkon di mana raja Sunda nu pamungkas dikurebkeun. Pék ku arandika paluruh hiji kabuyutan jejeneng Pakujajar di Nagara Padang, laju panggihan Rahyang Ajarwangi. Upama anjeun bisa manggihan Rahyang Ajarwangi sarua jeung manggihan Rakryan Santanawangi.

Rahyang Ajarwangi geus narima dua amanat anu beurat. Amanat munggaran datang tina teureuhna anu ngaliwatan rundayan raja Pajajaran, laju amanah anu kadua datang ti rahayat ngaliwatan Rakryan Santanawangi.”


Rahyang Ajarwangi ngusap beungeut, ngolépat ingetanana ka mangsa bihari, laju ngagerentes,

“Pungkasna hiji wangsit bisa jadi mangrupa pamuka pikeun wangsit anu saterusna. Beurat pancén kaula tapi hamo mopo saméméh nanggung.”

***

Nagara Padang, awal bulan Badra 1955 CS

Rahyang Ajarwangi

Rakean Santanawangi

Tinggalkan Balasan