Bewarajabar.com — Cangkudu tumuwuh di dataran rendah nepi ka daerah pagunungan nu jangkungna 1.500 meter tina beungeut laut. Biasana jadi sorangan di leuweung atawa di kebon nu teu diurus. Aya oge nu dipelak sisi pager di pakarangan imah.
Cangkudu asli tutuwuhan Indonesia. Ngaran nasionalna Mengkudu. Ngaran ilmiahna dina basa Latin Morinda citrifolia. Urang Jawa nyebutna Pace, Kemudu atawa Kudu. Ceuk urang Madura mah Kodhuk.
Jangkung tangkalna 3-5 meter. Daunna papasangan pahareup-hareup, wangunna panjang lonyod, warnana hejo beresih. Buahna lonyod, renjul, totol-totol, warnana hejo.
Daunna sok dipake nyampur sangu goreng atawa dikulub keur lalab coel sambel. Buahna dirujak bebek, dicampur jambu kulutuk tur bungbuahan sejenna.
Cangkudu ngandung sawatara zat pikeun ubar, diantarana: morinda diol, morindone, morindin, damnacanthal, metil asetil, asam kapril jeung soranyidiol.
Najan rasa daunna sari pait tur buahna henteu ngeunah mun didahar langsung, cangkudu gede mangpaatna pikeun ubar lembur (obat tradisional). Diantarana: ubar hipertensi (darah tinggi), batuk, rorombeheun, jrrd.
Ubar hipertensi, carana: Hiji buah cangkudu nu asak di tangkal diperes diarah caina, dicampur sasendok makan madu, dikocek sing rata, tuluy disaring. Diinum dua poe sakali.
Ubar batuk, carana: Cangkudu asak dicoelkeun kana uyah atawa cangkudu atah dirujak sing lada. Didahar sacukupna.
Ngaleungitkeun rorombeheun, carana: Buah cangkudu meunang meulah digosokkeun kana suku nu rorombeheun sing walatra, antepkeun 5-10 menit. Beresihan make lamak beresih nu meunang maseuhan ku cihaneut.