Bewarajabar.com – Antanan rambat atawa Antanan gede biasana jadi di gawir (tanah handap sisi wahangan) nu beueus balukar keuna rembesan cai ti tonggoheunna, tur tanahna sabagian kahalangan ku tutuwuhan nu rada jangkung tapi masih kasorot ku cahaya panonpoe isuk.
Aya oge nu jadi di pipir imah deukeut tempat kukumbah, sisi sumur atawa sisi empang.
Antanan rambat asalna ti Asia tropik. Di Indonesia ieu tutuwuhan teh sumebar ka mana-mana tur tumuwuh di dataran rendah nepi ka daerah pagunungan nu jangkungna 2.500 meter tina beungeut laut.
Ngaran nasionalna Daun kaki kuda. Ngaran ilmiahna Hidrocotyle Asiatica. Ku urang Jawa disebut Pegagan, Gagan-gagan, Rendeng atawa Kerok batok.
Ku urang Madura disebut Kos tekosan. Urang Bugis nyebutna Dau tungke. Ceuk urang Walanda mah “Indische waternavel”.
Tungtung daunna reregean. Wangun daunna mirip tatapakan kuda, pantes mun disebut Daun kaki kuda.
Gagang daunna paranjang, napel dina tangkal nu ngarambat luhureun taneuh. Buahna baruleud leutik, ambeuna seungit, rasana pait.
Daunna sok dilalab atah, dicoelkeun kana sambel tarasi make cengek anyar ngala, samarana bawang beureum jeung cikur.
Deungeunna beuleum peda atawa lauk asin sepat sieum, “diadumaniskeun” jeung angeun haseum.
Antanan rambat ngandung sawatara zat senyawa kimia valarin (campuran damar jeung minyak terbang), heteroside, pektin, resin, zat samak jeung mineral.
Kukituna antanan rambat sok dipake ngubaran rupa-rupa kasakit , diantarana: nyeri sirah jeung jengkoleun.
Ubar nyeri sirah, carana: Sakeupeul antanan rambat dicampur sacongo sendok jinten, digodog dina dua gelas cai nepi ka caina tinggal satengah gelas.
Disaring, ditambahan saendok madu, tuluy diinum. Ubar jengkoleun, carana: sapuluh lambar daun antanan rambat digodog dina cai tilu gelas nepi ka caina tinggal hiji satengah gelas. Disaring, tuluy diinum.