“Carioskeun lalakonna, Bu,” ceuk Holmes sanggeus ngagosok-gosokkeun dua dampal leungeunnna kebek ku sumanget. Panonna cahayaan, diukna beuki nyanghareup.
Nona Morstan ngamimitian cumarita, kuring jeung Holmes ngaregepkeun.
“Pun bapa, kapten angkatan darat. Nalika abdi ngora keneh pisan anjeunna ditugaskeun ka India. Pun biang pupus, abdi teu gaduh baraya di Inggris. Waktos pun bapa ngemban tugas di tempat nu tebih teh, abdi disakolakeun.”
“Nalika umur abdi tujuh belas taun, abdi nampi serat ti pun bapa. Saurna anjeunna ngantunkeun India, sarta mulih deui ka Inggris. Anjeunna masihan alamat hotel di London. Abdi dipiwarang nepangan anjeunna di dinya.”
“Abdi kalintang gumbirana baris tepang deui sareng pun bapa nu dipicinta. Abdi mios ka London sarta dugi ka hotel. Abdi naroskeun pun bapa, Kapten Morstan. Saur menejer hotel pun bapa teu aya di dinya. Pun bapa tos angkat wengi tadi tur teu mulih deui.”
“Sadinten sawengi abdi ngantosan pun bapa, namung anjeunna teu mulih deui ka hotel. Ahirna abdi mios ka kantor polisi. Polisi ngumumkeun di sadaya koran, ditujulkeun ka Kapten Morstan. Namung taya hasilna. Pun bapa teh teu aya dugi ka ayeuna,” Nona Morstan carindakdak.
Holmes muka buku catetan. “Kaping sabaraha tuang rama ngawitan teu aya?” tanya Holmes.
“Kaping 3 Desember 1878, ampir sapuluh taun kapengker.”
“Kumaha barang-barangna?”
“Masih di hotel,” walon Nona Morstan. “Eusi koperna buku-buku sareng anggoan, sarta sababaraha lukisan sareng ornamen ti Kapuloan Andaman.”
“Kapuloan Andaman. Naon eta teh?” kuring nanya.
“Kumpulan pulo leutik caket basisir India,” ceuk Nona Morstan. “Aya penjara di salah sahiji pulo. Pun bapa salah saurang tentara nu ditugaskeun di eta pulo. Anjeunna tos mangtaun-taun tugas di dinya.”
“Naha tuang rama kagungan rerencangan di London?” tanya Holmes.
“Mung saurang, Mayor Sholto. Anjeunna oge tugas di Andaman. Mayor Sholto pangsiun saacan pun bapa teu aya. Anjeunna linggih di London. Tangtos wae abdi nepangan anjeunna. Namung anjeunna teu uningaeun naha pun bapa dugi ka London atanapi henteu.”
“Cariosan Ibu matak kataji,” ceuk Holmes ngagosok-gosokkeun dampal leungeunna deui. “Mangga lajengkeun.”
“Opat taun saparantos pun bapa teu aya,” Nona Morstan neruskeun caritaanna. “Abdi maca iklan dina koran tanggal 4 Mei 1882. Matak reuwas, iklan teh menta alamat Nona Mary Morstan. Ceuk eta iklan, lamun abdi ngiklankeun alamat, abdi baris nampi beja pikabungaheun.”
“Kumaha tindakan Ibu?” Holmes nanya.
“Abdi ngiklankeun alamat di koran nu sami. Enjingna abdi nampi kotak kardus alit. Di lebet kotak aya mutiara. Saterasna ti harita abdi nampi lima mutiara sanesna. Kintunan teh datang unggal taun dina dinten nu sami. Mangga tingali.”
Manehna muka kotak, tuluy nembongkeun genep mutiara.
“Teu aya serat dina eta kotak?” Holmes nanya.
“Teu aya,” walon Nona Morstan. Tuluy manehna neruskeun carita. “Namung tina sadaya eta kajantenan aheng, enjing ieu nu pangahengna. Abdi nampi serat. Mangga diaos.”
“Hatur nuhun,” ceuk Holmes. Manehna nyokot surat tuluy ngilo eta surat. Saterusna surat teh dibikeun ka kuring.
London, 17 November 1887
Nona Morstan Nu Dipihormat,
Salira kedah angkat ka Teater Lyceum tabuh tujuh. Ngadeg di luareun panto, palih kenca. Pami salira sieun, salira tiasa nyandak dua urang rencang. Ulah nyandak polisi.
Salira tos ditipu, namung salira baris uninga nu saleresna wengi ieu.
Rencang Salira Nu Teu Dipiwanoh
“Naon maksadna ieu serat?” tanya Nona Morstan. “Abdi sieun. Kedah kumaha abdi, Pa Holmes? Bapa jalmi pinter sareng tiasa maparin nasehat nu sae.”
Holmes ngorejat, sumanget.
“Wengi ieu urang kedah angkat ka Teater Lyceum, tiluan, Ibu, abdi sareng Dokter Watson. Seratna miwarang Ibu sumping sareng dua urang rerencangan. Bisa milu, Watson?”
“Tangtu weh,” ceuk kuring. “Kuring atoh diajak milu.”
Ucapan kuring teu dijieun-jieun. Memang kuring hayang ngabantu Nona Morstan.
“Bapa-bapa sae manah,” ceuk Nona Morstan. “Saprak pun bapa teu aya, abdi ngaraos cukleuk leuweung cukleuk lamping, hirup nyorangan di dunya. Teu aya rencang nu tiasa dipundut tulung. Tabuh sabaraha urang tepang wengi ieu?”
Holmes nempo jam tanganna.
“Ayeuna tabuh satengah opat,” ceuk manehna. “Mulih deui ka dieu tabuh genep. Teu kedah hariwang, Nona Morstan. Wengi ieu abdi sareng Dokter Watson baris ngarencangan Ibu ka Teater Lynceum. Urang tepangan rencang Ibu nu teu dikenal teh. Sarta urang usahakeun ngungkab ieu misteri.
“Hatur nuhun,” ceuk Nona Morstan. Manehna imut tuluy ninggalkeun rohangan.
“Geulis wanoja teh,” kuring ngagelendeng.
“Kuring rek kaluar,” ceuk Holmes. “Balik deui bangsa sajaman deui.”
Waktu Holmes kaluar kuring diuk deukeut jandela, rek maca buku. Tapi teu bisa eureun mikiran Nona Morstan. Mudah-mudahan kuring jeung Holmes bisa nulungan.*** (Lajengkeuneun)
