Minggu, November 1, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Berita Terkini

Bab 2: Carita Nona Worstan

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
15 November 2020
in Berita Terkini
0
Bab 2: Carita Nona Worstan
Share on FacebookShare on Twitter

“Carioskeun lalakonna, Bu,” ceuk  Holmes sanggeus ngagosok-gosokkeun dua dampal leungeunnna kebek ku sumanget.  Panonna cahayaan, diukna beuki nyanghareup.

Nona Morstan ngamimitian cumarita, kuring  jeung Holmes ngaregepkeun.

“Pun bapa,  kapten angkatan darat.  Nalika  abdi ngora keneh pisan anjeunna ditugaskeun ka India. Pun biang pupus, abdi teu gaduh baraya di Inggris. Waktos pun bapa ngemban tugas  di tempat nu tebih teh, abdi disakolakeun.”

“Nalika umur abdi tujuh belas taun, abdi nampi serat ti pun bapa. Saurna anjeunna ngantunkeun India, sarta mulih deui ka Inggris. Anjeunna masihan alamat hotel di London. Abdi dipiwarang nepangan anjeunna di dinya.”

“Abdi kalintang gumbirana baris tepang deui sareng pun bapa nu dipicinta. Abdi mios ka London sarta dugi ka hotel. Abdi naroskeun pun bapa, Kapten Morstan. Saur menejer hotel pun bapa teu aya di dinya. Pun bapa tos angkat wengi tadi tur teu mulih deui.”

“Sadinten sawengi abdi ngantosan pun bapa, namung anjeunna teu mulih deui ka hotel. Ahirna abdi mios ka kantor polisi. Polisi ngumumkeun di sadaya koran, ditujulkeun ka Kapten Morstan. Namung taya hasilna. Pun bapa teh teu aya dugi ka ayeuna,”  Nona Morstan carindakdak.

Holmes muka buku catetan. “Kaping sabaraha tuang rama ngawitan teu aya?” tanya Holmes.

“Kaping 3 Desember 1878, ampir sapuluh taun kapengker.”

“Kumaha barang-barangna?”

“Masih di hotel,” walon Nona Morstan. “Eusi koperna buku-buku sareng anggoan, sarta sababaraha lukisan sareng ornamen ti Kapuloan Andaman.”

“Kapuloan Andaman. Naon eta teh?” kuring nanya.

“Kumpulan pulo leutik caket basisir India,” ceuk Nona Morstan. “Aya penjara di salah sahiji pulo. Pun bapa salah saurang tentara nu ditugaskeun di eta pulo. Anjeunna tos mangtaun-taun tugas di dinya.”

“Naha tuang rama kagungan rerencangan di London?” tanya Holmes.

“Mung saurang, Mayor Sholto. Anjeunna oge tugas di Andaman. Mayor Sholto pangsiun saacan pun bapa teu aya. Anjeunna linggih di London. Tangtos wae abdi nepangan anjeunna. Namung anjeunna teu uningaeun naha pun bapa dugi ka London atanapi henteu.”

“Cariosan Ibu matak kataji,” ceuk Holmes ngagosok-gosokkeun dampal leungeunna deui. “Mangga lajengkeun.”

“Opat taun saparantos pun bapa teu aya,” Nona Morstan neruskeun caritaanna. “Abdi maca iklan dina koran tanggal 4  Mei 1882. Matak reuwas, iklan teh menta alamat  Nona Mary Morstan. Ceuk eta iklan, lamun abdi ngiklankeun alamat, abdi baris nampi beja pikabungaheun.”

“Kumaha tindakan Ibu?” Holmes nanya.

“Abdi ngiklankeun alamat di koran nu sami. Enjingna abdi nampi kotak kardus alit. Di lebet kotak aya mutiara. Saterasna ti harita abdi nampi lima mutiara sanesna. Kintunan teh datang unggal taun dina dinten nu sami.  Mangga tingali.”

Manehna muka kotak, tuluy nembongkeun genep mutiara.

“Teu aya serat dina eta kotak?” Holmes nanya.

“Teu aya,” walon Nona Morstan. Tuluy manehna neruskeun carita. “Namung tina sadaya eta kajantenan aheng, enjing ieu nu pangahengna. Abdi nampi serat. Mangga diaos.”

“Hatur nuhun,” ceuk Holmes. Manehna nyokot surat tuluy ngilo eta surat. Saterusna surat teh dibikeun ka kuring.

London, 17 November 1887

Nona Morstan Nu Dipihormat,

REKOMENDASI

Dishub Provinsi Jabar Siapkan Skema Arus Mudik dan Balik Lebaran 2026

Dishub Provinsi Jabar Siapkan Skema Arus Mudik dan Balik Lebaran 2026

9 Maret 2026
Pelantikan PGRI Cabang Simpenan Berjalan Khidmat

Pelantikan PGRI Cabang Simpenan Berjalan Khidmat

24 Januari 2026
Peringatan Hakordia 2025 Panas, Desak Kejati Usut Korupsi di Jawa Barat, Tak Tebang Pilih

Peringatan Hakordia 2025 Panas, Desak Kejati Usut Korupsi di Jawa Barat, Tak Tebang Pilih

9 Desember 2025
Laporan Polisi Disebut Tak Sesuai Fakta! Dua Pelajar Patah Tulang Malah Ditulis ‘Luka Ringan’ di Laka Pulau Geronggang

Laporan Polisi Disebut Tak Sesuai Fakta! Dua Pelajar Patah Tulang Malah Ditulis ‘Luka Ringan’ di Laka Pulau Geronggang

4 Desember 2025

Salira kedah angkat ka Teater Lyceum tabuh tujuh. Ngadeg di luareun panto, palih kenca. Pami salira sieun, salira tiasa nyandak dua urang rencang. Ulah nyandak polisi.

Salira tos ditipu, namung salira baris uninga nu saleresna  wengi ieu.

Rencang Salira Nu Teu Dipiwanoh

 “Naon maksadna ieu serat?”  tanya Nona Morstan. “Abdi sieun. Kedah kumaha abdi, Pa Holmes? Bapa jalmi pinter sareng tiasa maparin nasehat nu sae.”

Holmes ngorejat, sumanget.

“Wengi ieu urang kedah angkat ka Teater Lyceum, tiluan, Ibu, abdi sareng Dokter Watson. Seratna miwarang Ibu sumping sareng dua urang rerencangan. Bisa milu, Watson?”

“Tangtu weh,” ceuk kuring. “Kuring atoh diajak milu.”

Ucapan kuring teu dijieun-jieun. Memang kuring hayang ngabantu Nona Morstan.

“Bapa-bapa sae manah,”  ceuk Nona Morstan. “Saprak pun bapa teu aya, abdi ngaraos cukleuk leuweung cukleuk lamping, hirup nyorangan di dunya. Teu aya rencang nu tiasa dipundut tulung. Tabuh sabaraha urang tepang wengi ieu?”

Holmes nempo jam tanganna.

“Ayeuna tabuh satengah opat,” ceuk manehna. “Mulih deui ka dieu tabuh genep. Teu kedah hariwang, Nona Morstan. Wengi ieu abdi sareng Dokter Watson baris ngarencangan Ibu ka Teater  Lynceum. Urang tepangan rencang Ibu nu teu dikenal teh. Sarta urang usahakeun ngungkab ieu misteri.

“Hatur nuhun,” ceuk Nona Morstan. Manehna imut tuluy ninggalkeun rohangan.

“Geulis wanoja teh,” kuring ngagelendeng.

“Kuring rek kaluar,” ceuk Holmes. “Balik deui bangsa sajaman deui.”

Waktu Holmes kaluar kuring diuk deukeut jandela, rek maca buku. Tapi teu bisa eureun mikiran Nona Morstan. Mudah-mudahan kuring jeung Holmes bisa nulungan.*** (Lajengkeuneun)

(Nona Morstan nembongkeun genep mutiara)
Tags: Bab 2 : Carita Nona Worstancarita basa sundaSherlock Holmes
SendShare196Tweet123
Previous Post

Strong Point Sabhara QR Cegah Kriminalitas Malam Hari

Next Post

Kanit Bin Kamsa Pimpin KRYD Bin Pokdar dan Bin Awak Pos Kamling

RelatedPosts

Vihara Sian Djin Kupoh
Warta Sunda

Vihara Sian Djin Kupoh

26 Januari 2021
Tarumanagara Jaman Purnawarman
Warta Sunda

Tarumanagara Jaman Purnawarman

26 Januari 2021
Raja Tarumanagara ti Magadha
Warta Sunda

Raja Tarumanagara ti Magadha

26 Januari 2021
Runtagna Karajaan Tarumanagara
Warta Sunda

Runtagna Karajaan Tarumanagara

26 Januari 2021
SDN Pisangsambo I Cagar Budaya Sakola di Tirtajaya
Warta Sunda

SDN Pisangsambo I Cagar Budaya Sakola di Tirtajaya

26 Januari 2021
Lembur Waru di Kecamatan Tegalwaru
Warta Sunda

Lembur Waru di Kecamatan Tegalwaru

26 Januari 2021
Poe Basa Indung Internasional Dipieling Unggal 21 Februari Ku Umat Sadunya
Warta Sunda

Poe Basa Indung Internasional Dipieling Unggal 21 Februari Ku Umat Sadunya

26 Januari 2021
Panineungan-10-Taun-Katukang-Sawala-Guru-Basa-Sunda-Sa-Jawa-Barat-di-Kampus-Unpad
Warta Sunda

Panineungan 10 Taun Katukang Sawala Guru Basa Sunda sa-Jawa Barat di Kampus Unpad

20 Januari 2021
Metode Pembelajaran Mangsa Covid-19 di SMPN 1 Ciampel
Warta Sunda

Metode Pembelajaran Mangsa Covid-19 di SMPN 1 Ciampel

20 Januari 2021
Next Post
Kanit Bin Kamsa Pimpin KRYD Bin Pokdar dan Bin Awak Pos Kamling

Kanit Bin Kamsa Pimpin KRYD Bin Pokdar dan Bin Awak Pos Kamling

Polsek Bandung Kidul Laksanakan Operasi Yustisi Gaktiplin Inpres No 6 tahun 2020

Polsek Bandung Kidul Laksanakan Operasi Yustisi Gaktiplin Inpres No 6 tahun 2020

Pancalogi: Agama-Akal-Budaya-Kabudayaan-Paadaban

Pancalogi: Agama-Akal-Budaya-Kabudayaan-Paadaban

Leave Comment

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026
Prev Next
Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI
Regional

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

by Admin 001
30 Oktober 2026
0

PWI Jabar mendorong pers aktif mencegah penipuan AI melalui verifikasi informasi, edukasi publik, dan penguatan literasi digital masyarakat.

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026
BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026
PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.