Jam satengah genep Holmes balik deui. Manehna gumbira.
“Hasil, Watson,” ceuk Holmes, waktu kuring ngasongkeun cienteh.
“Naon, Holmes? Geus kaungkab misteri teh?” kuring nanya, kaget.
“Henteu. Tapi, kapanggih ku kuring aya nu matak kataji. Ceuk Nona Morstan, bapana boga sobat medok di India. Ngaranna Mayor Sholto.”
“Enya,” ceuk kuring. “Mayor Sholto geus pangsiun tina angkatan darat. Manehna tumetep di London basa Kapten Morstan ilang. Tapi manehna teu nyahoeun yen Morstan aya di Inggris.
“Yeuh,” ceuk Holmes. “Kuring tas ti kantor koran The Times. Kuring ngungkaban koran heubeul sarta kapanggih yen Mayor Sholto tilar dunya tanggal 28 April 1882.
“Mungkin kuring bodo, Holmes, tapi teu kaharti naon sababna eta papanggihan teh matak kataji.”
“Dengekeun,” ceuk Holmes. “Kapten Morstan ilang. Manehna boga sobat di London, Mayor Sholto. Tapi ceuk Mayor Sholto manehna teu nyaho yen Kapten Morstan aya di London.”
“Opat taun ti harita, 28 April 1882, Sholto tilar dunya. Sababaraha poe ti harita, 4 Mei 1882, anak Kapten Morstan maca iklan dina koran. Terus manehna narima hadiah berharga. Hadiah teh datang unggal taun. Naon sababna hadiah teh datang poe eta? Pasti aya naon-naon nu ngabalukarkeun tilar dunyana Mayor Sholto.”
Kuring masih can ngarti. “Tapi Sholto tilar dunya genep taun katukang,” ceuk kuring. “Naon sababna Nona Morstan narima surat ayeuna, genep taun ti harita? Eusi surat netelakeun rek ngungkab nu sabenerna. Naon maksudna?”
“Mudah-mudahan urang manggihan jawabanna peuting ieu, Watson,” ceuk Holmes daria. “Siap? Ayeuna jam genep. Nona Morstan geus datang.”
Nona Morstan asup ka rohangan. Manehna make mantel warna kolot jeung topi. Manehna teu katembong hariwang, tapi beungeutna nu geulis pias pisan.
Kuring nyokot topi jeung iteuk. Kuring nempo Holmes nyokot senjata api tina lacina, tuluy diasupkeun ka jero sakuna.
Kuring sarerea asup kana kareta kuda, tuluy maju ngajugjug Teater Lyceum. Di jero kareta kuda, Nona Morstan ngaluarkeun keretas tina tasna.
“Pa Holmes, abdi hilap nembongkeun ieu. Ieu catetan kapendak dina koper pun bapa. Catetan aneh. Abdi teu terang naon maksadna. Manawi teu pati penting, namung cobi tingalian.”

Holmes muka catetan kalawan ati-ati, tuluy catetan teh dibeberkeun dina tuurna. Manehna nyokot kaca suryakanta tina sakuna, tuluy naliti eta keretas.
“Catetan teh ditulis di India,” ceuk Holmes. “Coba taliti, Watson.”
Kuring nyokot eta catetan, tuluy naliti gemet naker. Keretasna ipis jeung heubeul. Aya gambaran dina eta keretas.
“Katempona jiga peta bangunan gede,” ceuk kuring. “Aya nu nyieun tanda nu nuduhkeun tempat nu tangtu di jero bangunan. Tapi naon ieu ngaran-ngaran di handap? Sarta naon maksudna ‘Tanda Opat’?”
“Kuring teu ngarti naon maksudna ieu catetan,” ceuk Holmes. “Tapi bisi penting, ku kuring rek disimpen.”
Manehna diuk deui dina kareta kuda. Kuring ngobrol jeung Nona Morstan lalauan. Tapi Holmes ngabetem. Kuring nyaho manehna keur mikir.
Poe beuki poek, jalma-jalma di jalan rurusuhan mulang ti pagawean. Kuring rada keueung. Kuring nebak-nebak jiga kumaha jalma nu ngajak tepung lawung di Teater Lyceum teh.
Loba jalma di luareun teater. Maranehna patepung jeung babaturanana tuluy asup ka gedong teater lalajo sandiwara. Surat nitah kuring sarerea nangtung di luar beulah kenca. Sarerea nungguan. Teu lila ujug-ujug aya nu datang, lalaki pendek leutik warna kulitna semu hideung.
“Ibu Nona Morstan sareng rerencangan?” eta jalma asing nanya.
“Muhun,” walon Nona Morstan.
“Ibu kedah jangji yen ieu nu pameget sanes polisi.” ceuk eta jalma.
“Aranjeunna sanes polisi,” walon Nona Morstan.
“Pami kitu mah tuturkeun abdi,” ceuk eta jalma.
Kuring sarerea nuturkeun manehna meuntas jalan ngajugjug kareta kuda sejenna. Manehna muka panto. Kuring sarerea asup. Eta jalma nutupkeun panto, tuluy asup ka tempat diuk kusir. Kuda lumpat tarik pisan.
Kareta kuda ngaliwatan sawatara jalan, nepi ka kuring keder. Kuring teu nyaho ka mana kareta kuda teh majuna. Kuring gugup, Nona Morstan katembong pias. Sherlock Holmes mah kalem weh. Kusir teu luak-lieuk sarta teu ngomong naon-naon. Nu kadenge ukur sora talapok kuda.
Ahirna kareta eureun. Kuring sarerea aya di hareupeun imah di jalan nu poek tur tiiseun. Ukur aya cahaya leutik nu kaluar ti jandela dapur. Euweuh cahaya lampu di imah-imah sejenna nu aya di eta jalan.
Panto imah diketrok. Teu lila panto dibuka ku pelayan bangsa India. Eta urang India make sorban warna koneng, make pakean sarwa bodas jeung beubeur warna koneng. Kacida anehna, nempo pakean nu warnana sarwa moncorong di jalan nu tiiseun kieu di London.
“Dunungan sim kuring ngantosan,” ceuk eta pelayan.
Kuring sarerea ngadenge sora lalaki nu asalna ti salah sahiji rohangan di eta imah.
“Bawa ka dieu tamu teh,” ceuk eta sora. “Bawa langsung ka kuring.”***(Lajengkeuneun)
