Sabtu, Oktober 31, 2026
Bewarajabar.com
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda
No Result
View All Result
Bewarajabar.com
No Result
View All Result
Home Berita Terkini

Bab 3: Tepung Lawung nu Aheng

Sunta Atmaja by Sunta Atmaja
15 November 2020
in Berita Terkini
0
Bab 3: Tepung Lawung nu Aheng
Share on FacebookShare on Twitter

Jam satengah genep Holmes balik deui. Manehna gumbira.

“Hasil, Watson,” ceuk Holmes, waktu kuring ngasongkeun cienteh.

REKOMENDASI

Dishub Provinsi Jabar Siapkan Skema Arus Mudik dan Balik Lebaran 2026

Dishub Provinsi Jabar Siapkan Skema Arus Mudik dan Balik Lebaran 2026

9 Maret 2026
Pelantikan PGRI Cabang Simpenan Berjalan Khidmat

Pelantikan PGRI Cabang Simpenan Berjalan Khidmat

24 Januari 2026
Peringatan Hakordia 2025 Panas, Desak Kejati Usut Korupsi di Jawa Barat, Tak Tebang Pilih

Peringatan Hakordia 2025 Panas, Desak Kejati Usut Korupsi di Jawa Barat, Tak Tebang Pilih

9 Desember 2025
Laporan Polisi Disebut Tak Sesuai Fakta! Dua Pelajar Patah Tulang Malah Ditulis ‘Luka Ringan’ di Laka Pulau Geronggang

Laporan Polisi Disebut Tak Sesuai Fakta! Dua Pelajar Patah Tulang Malah Ditulis ‘Luka Ringan’ di Laka Pulau Geronggang

4 Desember 2025

“Naon, Holmes? Geus kaungkab misteri teh?” kuring nanya, kaget.

“Henteu. Tapi, kapanggih ku kuring aya nu matak kataji. Ceuk Nona Morstan, bapana boga sobat medok di India. Ngaranna Mayor Sholto.”

“Enya,” ceuk kuring. “Mayor Sholto geus pangsiun tina angkatan darat. Manehna tumetep di London basa Kapten Morstan ilang. Tapi manehna teu nyahoeun yen Morstan aya di Inggris.

“Yeuh,” ceuk Holmes. “Kuring tas ti kantor koran The Times. Kuring ngungkaban koran heubeul sarta kapanggih yen Mayor Sholto tilar dunya tanggal 28 April 1882.

“Mungkin kuring bodo, Holmes, tapi teu kaharti naon sababna eta papanggihan teh matak kataji.”

“Dengekeun,” ceuk Holmes. “Kapten Morstan ilang. Manehna boga sobat di London, Mayor Sholto. Tapi ceuk Mayor Sholto manehna teu nyaho yen Kapten Morstan aya di London.”

“Opat taun ti harita, 28 April 1882, Sholto tilar dunya. Sababaraha poe ti harita, 4 Mei 1882, anak Kapten Morstan maca iklan dina koran. Terus manehna narima hadiah berharga. Hadiah teh datang unggal taun. Naon sababna hadiah teh datang poe eta? Pasti aya naon-naon nu ngabalukarkeun tilar dunyana Mayor Sholto.”

Kuring masih can ngarti. “Tapi Sholto tilar dunya genep taun katukang,” ceuk kuring. “Naon sababna Nona Morstan narima surat ayeuna, genep taun ti harita? Eusi surat netelakeun rek ngungkab nu sabenerna. Naon maksudna?”

“Mudah-mudahan urang manggihan jawabanna peuting ieu, Watson,” ceuk Holmes daria. “Siap? Ayeuna jam genep. Nona Morstan geus datang.”

Nona Morstan asup ka rohangan. Manehna make mantel warna kolot jeung topi. Manehna teu katembong hariwang, tapi beungeutna nu geulis pias pisan.

Kuring nyokot topi jeung iteuk. Kuring nempo Holmes nyokot senjata api tina lacina, tuluy diasupkeun ka jero sakuna.

Kuring sarerea asup kana kareta kuda, tuluy maju ngajugjug Teater Lyceum. Di jero kareta kuda, Nona Morstan ngaluarkeun keretas tina tasna.

“Pa Holmes, abdi hilap nembongkeun ieu. Ieu catetan kapendak dina koper pun bapa. Catetan aneh. Abdi   teu terang naon maksadna. Manawi teu pati penting, namung cobi tingalian.”

Peta Harta Karun

Holmes muka catetan kalawan ati-ati, tuluy catetan teh dibeberkeun dina tuurna. Manehna nyokot kaca suryakanta tina sakuna, tuluy naliti eta keretas.

“Catetan teh ditulis di India,” ceuk Holmes. “Coba taliti, Watson.”

Kuring nyokot eta catetan, tuluy naliti gemet naker. Keretasna ipis jeung heubeul. Aya gambaran dina eta keretas.

“Katempona jiga peta bangunan gede,” ceuk kuring. “Aya nu nyieun tanda nu nuduhkeun   tempat nu tangtu di jero bangunan. Tapi naon ieu  ngaran-ngaran di handap? Sarta naon maksudna ‘Tanda Opat’?”

“Kuring teu ngarti naon maksudna ieu catetan,” ceuk Holmes. “Tapi bisi penting, ku kuring rek disimpen.”

Manehna diuk deui dina kareta kuda. Kuring ngobrol jeung Nona Morstan lalauan. Tapi Holmes ngabetem. Kuring nyaho manehna keur mikir.

Poe beuki poek, jalma-jalma di jalan rurusuhan mulang ti pagawean. Kuring rada keueung. Kuring nebak-nebak jiga kumaha jalma nu ngajak tepung lawung di Teater Lyceum teh.

Loba jalma di luareun teater. Maranehna patepung jeung babaturanana tuluy asup ka gedong teater  lalajo sandiwara. Surat nitah kuring sarerea nangtung di luar beulah kenca. Sarerea nungguan. Teu lila ujug-ujug aya nu datang, lalaki pendek leutik warna kulitna semu hideung.

“Ibu Nona Morstan sareng rerencangan?” eta jalma asing nanya.

“Muhun,” walon Nona Morstan.

“Ibu kedah jangji yen ieu nu pameget sanes polisi.” ceuk eta jalma.

“Aranjeunna sanes polisi,” walon Nona Morstan.

“Pami kitu mah tuturkeun abdi,” ceuk eta jalma.

Kuring sarerea nuturkeun manehna meuntas jalan ngajugjug kareta kuda sejenna. Manehna muka panto. Kuring sarerea asup. Eta jalma nutupkeun panto, tuluy asup ka tempat diuk kusir. Kuda lumpat tarik pisan.

Kareta kuda ngaliwatan sawatara jalan,  nepi ka kuring keder. Kuring teu nyaho ka mana kareta kuda teh majuna. Kuring gugup, Nona Morstan katembong pias. Sherlock Holmes mah kalem weh. Kusir teu luak-lieuk sarta teu ngomong naon-naon. Nu kadenge ukur sora talapok kuda.

Ahirna kareta eureun. Kuring sarerea aya di hareupeun imah di jalan nu poek tur tiiseun. Ukur aya cahaya leutik nu kaluar ti jandela dapur. Euweuh cahaya lampu di imah-imah sejenna nu aya di eta jalan.

Panto imah diketrok. Teu lila panto dibuka ku pelayan bangsa India. Eta urang India make sorban warna koneng,  make pakean sarwa bodas jeung beubeur  warna koneng. Kacida anehna,  nempo pakean nu warnana sarwa moncorong di jalan nu tiiseun kieu di London.

“Dunungan sim kuring ngantosan,” ceuk eta pelayan.

Kuring sarerea ngadenge sora lalaki nu asalna ti salah sahiji rohangan di eta imah.

“Bawa ka dieu tamu teh,” ceuk eta sora. “Bawa langsung ka kuring.”***(Lajengkeuneun)

Sarerea naek kareta kuda
Tags: Bab 3: Tepung Lawung nu Ahengcarita basa sundaSherlock Holmes
SendShare196Tweet123
Previous Post

Cegah Covid-19, Unit Patroli Polsek Rancasari Lakukan Sosialiasi 3M dan 1T

Next Post

Polsek Antapani Gelar Ops Yustisi Sekaligus Himbauan Prokes Ke Pengguna Jalan

RelatedPosts

Vihara Sian Djin Kupoh
Warta Sunda

Vihara Sian Djin Kupoh

26 Januari 2021
Tarumanagara Jaman Purnawarman
Warta Sunda

Tarumanagara Jaman Purnawarman

26 Januari 2021
Raja Tarumanagara ti Magadha
Warta Sunda

Raja Tarumanagara ti Magadha

26 Januari 2021
Runtagna Karajaan Tarumanagara
Warta Sunda

Runtagna Karajaan Tarumanagara

26 Januari 2021
SDN Pisangsambo I Cagar Budaya Sakola di Tirtajaya
Warta Sunda

SDN Pisangsambo I Cagar Budaya Sakola di Tirtajaya

26 Januari 2021
Lembur Waru di Kecamatan Tegalwaru
Warta Sunda

Lembur Waru di Kecamatan Tegalwaru

26 Januari 2021
Poe Basa Indung Internasional Dipieling Unggal 21 Februari Ku Umat Sadunya
Warta Sunda

Poe Basa Indung Internasional Dipieling Unggal 21 Februari Ku Umat Sadunya

26 Januari 2021
Panineungan-10-Taun-Katukang-Sawala-Guru-Basa-Sunda-Sa-Jawa-Barat-di-Kampus-Unpad
Warta Sunda

Panineungan 10 Taun Katukang Sawala Guru Basa Sunda sa-Jawa Barat di Kampus Unpad

20 Januari 2021
Metode Pembelajaran Mangsa Covid-19 di SMPN 1 Ciampel
Warta Sunda

Metode Pembelajaran Mangsa Covid-19 di SMPN 1 Ciampel

20 Januari 2021
Next Post
Polsek Antapani Gelar Ops Yustisi Sekaligus Himbauan Prokes Ke Pengguna Jalan

Polsek Antapani Gelar Ops Yustisi Sekaligus Himbauan Prokes Ke Pengguna Jalan

Antisipasi Kepadatan Arulin Polsek Kiaracondong Kerahkan Personil Di Beberapa Titik

Antisipasi Kepadatan Arulin Polsek Kiaracondong Kerahkan Personil Di Beberapa Titik

Peduli Masyarakat, Polsek Rancasari Bagikan Masker dan Sosialisasi Prokes

Peduli Masyarakat, Polsek Rancasari Bagikan Masker dan Sosialisasi Prokes

Leave Comment

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

30 Oktober 2026

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026

Dian Kharisma Raih Miss Royale 2026, Perjalanan dari Panggung Kecantikan ke Aksi Sosial

17 Oktober 2026

Ketua PWI Jawa Barat Ingatkan Wartawan Utamakan Verifikasi

7 Oktober 2026
Prev Next
BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya
Regional

BAZNAS Jabar Resmikan Fasilitas Air Bersih di Tasikmalaya

by Admin 001
30 Oktober 2026
0

BAZNAS Jabar dan BAZNAS Tasikmalaya resmikan fasilitas air bersih di Karangnunggal melalui program sedekah dan pipanisasi bagi warga desa.

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

PWI Jabar Porwanas 2027, Komisi V DPRD Dukung Target Juara Umum

30 Oktober 2026
Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

Bandung Digital Safety Forum 2026, PWI Jabar Soroti Ancaman Kejahatan Berbasis AI

30 Oktober 2026
e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

e-Voting di 92 Desa Jadi Langkah Baru Transformasi Digital Sumedang

30 Oktober 2026
Prev Next
Bewarajabar.com

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.

  • Iklan
  • Karir
  • Kontak
  • Pedoman Media Siber
  • Redaksi
  • Tentang Kami

No Result
View All Result
  • Home
  • Bandung Raya
  • Bewara
    • BEWARA JABAR
    • BEWARA JATENG
    • BEWARA JATIM
  • Nasional
  • Regional
  • Peristiwa
  • Ekbis
  • Ragam
  • Infotainment
  • Pendidikan
  • Warta Sunda

Copyright © 2017. Bewarajabar.com All rights reserved.